Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 24-09-2007 |

 

Nyuprih pangartina mah dina widang pertanian. Palebah pangaresepna sanés baé tatanén, tapi midang dina panggung, ngahaleuang. Kalayan bekel sora nu halimpu tur matak gantung dangueun, ieu mojang anu nganjrekna di Jl. Stadion Sangkuriang No 98, Cimahi, makalangan nepi ka bisa disebut suksés ngadobrak dapur rékaman. Kumaha baé lalampahana? Hayu urang aos lalakon Yanti, anu diwawancara ku Nana Munajat, wartawan “SB”.

 *

SEUEUR jalan kanggo ngahontal kasuksésan. Dina mangsa ngagedurna persaingan anu beuki beurat, aya rupaning kontés anu digelar ku sawatara télévisi swasta. Éta kontés téh bisa jadi mangrupa salahsahiji jalan pikeun nyorang kasuksésan, saparti anu kabandungan dina KDI (Kontés Dangdut Indonésia), API (Audisi Pelawak Indonésia), Indonésian Idol, AFI (Akademi Fantasi Indonésia), jeung sajabana. Dina rupaning kontés anu digelar, patandang ti Jawa Barat teu weléh makalangan kalayan loba di antarana anu terus ngajaul tur kakoncara. Aya ogé anu gagal ti anggalna. Éstuning matak resep ngabandunganana.

Bras kana  acara “Cilapop” (Kontés pencipta, jeung penyanyi lagu pop) nu digelar ku salahsahiji televisi swasta nasional. Ieu ogé diwarnaan ku sawatara urang patandang ti Jawa Barat, malah nepi ka kapilih jadi nominasi pinunjul. Sebut baé jenenganana Yanti Widayanti, wanoja teureuh Cimahi, anu lahir 31 Januari 1983. Basa aya béwara kontés  di TV 7,  Yanti kataji hoyong ngiring tandang makalangan. Kaleresan Yanti gaduh réréncangan anu kréatif nyipta lagu, jenenganana Kang Firman. Atos kitu mah henteu miceunan waktos deui, Yanti nepangan Kang Firman.

Tangtos baé anu namina nyipta lagu  téh kaétang bangga. Utamina mah meryogikeun waktos anu henteu sakedap, komo dugi ka sapuluh lagu bari ninggang ka nu teu acan profésional. Tapi ku ngagedurna sumanget Yanti sareng Firman, sapuluh judul lagu téh tiasa diréngsékeun dina waktos dua sasih. Demi judul albumna nyaéta “Biarkanku”. Méh saban dinten, Yanti sareng Firman latihan kalawan daria.

Yanti mémang tos gaduh bekel élmu, ladang nyuprih pangarti  di sakola nyanyi Elvas Singger, boh téknik nyanyi, boh tina cara midangna. Atuh ana kitu mah,  kawilang ngabantos pisan kanggo ngawasa lagu katut cara mawakeunana.

Ieu mojang putra pasangan H. Oding A. Chaerudin sareng Hj. Ida Farida,  téh  ngalalampah basa munggaran audisi gelombang kahiji. Harita, jumlah patandang téh dugi ka 1000 pamilon. Tapi Alhamdulillah Yanti tiasa kasaring dugi ka lebet babak ka dua, kalayan kedah tarung ngalawan 20 patandang. “Kersaning Gusti Nu Maha suci, abdi kapilih lebet jadi nominasi 10 besar,” kitu saur Yanti dibarung imut ngagelenyu, némbnongkeun rasa kabingah anu taya papadana.

Kumaha sabada lebet 10 besar? Hanjakal pisan léngkahna kedah ngarandeg, kumargi  Yanti kaéléminasi. Mémang, anu nangtoskeun téh apan SMS (Short Messages Service) téa. Demi Yanti mah teu gaduh tim sukses. Teu anéh upama hasilna mung dugi ka midang tilu kali. Kilangkitu, lebet kana sapuluh besar téh apan minangka préstasi anu kawilang nyongcolang, da kedah ngéléhkeun rébuan patandang séjén.

Mungguhing sagala rupi ogé Anu Maha Nangtoskeun mah Gusti Alloh, sanajan gagal jadi pinunjul, tapi préstasi Yanti  tos ngabandang hiji pausahaan rékaman anu ahirna ngontrak Yanti. Yanti dipercaya nyanyi dina album kahiji, anu judulna Konfilasi.

Kiwari albumna nuju dipromosikeun, ngalangkungan radio, anu insya Alloh sakedap deui ogé ieu mahasiswi Fakultas Pertanian Unpad téh baris ngayakeun road show.

Yanti hanjelu teu jadi hjadi pinunjul dina Cilapop? Tangtos henteu, da numutkeun Yanti, seueur pisan pangalaman anu tiasa diraéh basa nuju ditungtun ku Uci Nurul. Yanti jadi langkung weruh kana lilinggeran nyanyi. Sanés éta baé, ku ayana gembléngan Adnar, Yanti jadi wanoh kana élmu téater. Atuh ku mindengna diwuruk élmu koreografi ku Yudi V.Plus, Yanti janten langkung paham kana cara nari, pon pilalagi ku leukeunna Chrismnayanti ngawirid Psyikologi, Yanti janten langkung percaya diri. Pokona mah henteu mubah ngiring audisi téh, malah kalintang seueur mangpaatna salami dikarantina. Apartemen Park Royal, di Jalan Gatot Subroto, Jakarta, jadi saksi nguniangna sumanget Yanti, pikeun neuleuman dunya nyanyi.

Yanti gaduh cita-cita hayang ngarilis album mandiri, sarta tékadna tos buleud pikeun ngojayaan kahirupan dunya nyanyi. Kawasna dunya éta pisan anu karaos cocok ku Yanti sarta tiasa ngabungahkeun manah tur ningtrimkeun ati. Apan ari padamelan téh kedah dibarengan duriat. Lebah dieu, duriat Yanti téh kana ngahaleuang.***

 

 

Majalah Seni Budaya edisi 171, Januari 2006