Kategori: Jatukrami | Diterbitkan pada: 05-07-2008 |

Kemis, 3 Juli 2008, Witri Ermawati (Dais) laksana kapiduriat, unggah ka balé ngungcung sareng pameget anu dipikacintana, Tarlan. Acara pertilahan lumangsung di bumina Witri, Cirateun Peuntas No 4, RT. 01/14. Kecamatan Lembang, Kabupatén Bandung, 40391. Alhamdulillah ti kawit dugi ka réngsé acara lumangsung kalayan lungsur-langsar.
Lantaran malem Kemisna kuring siaran nepi ka jam 00.30 WIB, ditambah ku bagadang nepi ka Subuh, ahirna hudang ogé kabeurangan. Rencana rék isuk-isuk ngaluuhan acara pertikahan Witri-Tarlan téh ahirna diundur ka burit. Ari wanci burit, réa pisan urusan anu kudu diréngsékeun. Tungtungna mah kakara bisa mios ti rorompok téh jam 20.00 WIB. Alhamdulillah anjog ka Cirateun Peuntas, masih kénéh ramé, da nuju pangaosan kalayan anu ceramahna Hj. Mamah Gambréng ti Majalengka. Ari panganten mah memang geus salin jinis deui, teu kungsi nyaksian Witri jeung Tarlan make raksukan panganten. Antukna milu ngabandungan Mamah Gambréng bari sakalian ngemitan pangantén. Séréngéh, seuri sorangan, inget kana carpon lucu beunang Dadan Sutisna, anu nyaritakeun lalakon ngemitan pangantén. Nu gering sotéh atoheun dikemitan, da ari pangantén mah tangtu baé élékésékéng haying geura-geura ditaringgalkeun paduduaan, teu kudu dikumatan-kemitan sagala.Dina carpon beunang Dadan mah, babaturanna anu lalenger téh ngahaturkeun kado pangantén mangrupa dus anu kacida gedéna (sasarina mah abring-abringan, tapi basa mere kado mah ukur sorangan, teuing ka mana nu séjénna mah). Tapi éta dus téh teu meunang dibuka saméméh wanci Subuh, bisi kawalat cenah. Nurut deuih pangantén téh. Dus anu sakitu gedéna digarotong ka kamar pangantén, kalayan teu wani muka saméméh manjing wanci Subuh. Mémang matak panasaran, meni teu meunang dibuka saméméh Subuh. Kilang kitu, teu jadi pikiran ieuh, da leuwih konséntrasi kana oléng pangantén.
Barang geus manjing wanci Subuh, dus anu badag téh kakara dibongkar. Na atuh… ana jleng téh… dua urang sobatna laluncat ti jero dus bari tingcakakak. Puguh wé matak gemes. Kabayang tah dua sobatna sapeuting jeput jadi saksi malam pertama sapasang pangantén.
**
Sacara pribadi, boh ka Witri pon kitu deui ka Tarlan, duanana ogé wawuh tur kasebut sobat. Duanana lulusan Pensatrada UPI Bandung, tapi béda angkatan. Puguh baé Tarlan nu leuwih kolot. Tapi anu pangheulana wanoh mah ka Witri. Mimiti wanohna tina silih kirim e-mail, tukeur pikiran masalah carita pondok. Malah ceuk sawangan kuring, Witri aya bakat pikeun jadi pangarang Sunda. Witri Ermawati, lahir di Bandung, 4 Februari 1984. Tulisanna geus kaitung hadé jeung aya kadaék pikeun nulis. Sangkan leuwih tegep, kuring nyarankeun sangkan ngaran tukangna diganti ku sandiasma “Érmawar”. Jadi, tina “Witri Érmawati” jadi “Witri Érmawar”.
Ari wawuh jeung Tarlan mah kadieunakeun. Sabab manéhna kaiting aktip dina sawatara kagiatan kabudayaan Sunda. Malah di kampusna mah geus pada apal ka Tarlan mah. Tapi kuring kakara wawuh sabada Tarlan mimiti aktip di luar kampus. Ku kituna pikeun mahasiswa anus ok aktip di jero kampus, kudu dibiasakeun ogé aktip di luar kampus, ngarah bisa nambahan baraya jeung aktipis kampus séjénna.
Sanggeus wawuh jeung Tarlan mah satuluyna kuring leuwih akrab jeung Tarlan. Sabab ari Tarlan mah lalaki, jadi leuwih laluasa babarengan dina rupaning kagiatan. Komo deui sanggeus apal yén Tarlan adina Obin (Ogi) SOS. Itung-itung ré-generasi sosobatan. Baheula nyobat jeung Obin, dituluykeun jeung adina. Sabab Obin mah geus rada bangga haying panggih ogé, pangpangna sanggeus Obin suksés ngélébétkeun grup lawak SOS jadi juara API (Audisi Pelawak TPI). Kaharti ari kituna mah, da ayeuna Obin tangtuna ogé leuwih sibuk nyanghareupan pagawéanna. Tapi keun baé langka tepung ogé, nu penting mah hate tetep nganten, silih du’akeun.
Ka Witri Ermawati jeung Tarlan, kuring ngahaturkeun wilujeng tur milu bungah. Mugia sing bisa nyorang rumah tangga anu sakinah, mawadah, warohmah, amiiin. Lain baé kuring, tapi sobat-sobat nu séjén ogé, kayaning Dadan Sutisna, Miftahul Malik, Agus Bebeng Hadyana, Lugiena De, Atep Kurnia, jeung sajabana, sami-sami ngahaturkeun wilujeng tur sambung du’a.***
DHIPA GALUH PURBA














teh witri meni geulis