Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 27-03-2008 |

Karya Patandang, Nomor Naskah: 012

 

Basa tadi peuting kabeneran caang bulan kuring jeung nu sejen balik tadarusan teh ngawarangkong ngaler ngidul handapeun tangkal buah anu ngarumpuyuk. Mimitina mah ngabahas jurig anu sok nyiliwuri atawa setan anu mindah rupa ka mayit anu nembe dikurebkeun. Kunaonnya mun seug aya jalma maot anu teu wajar misalna bunuh diri sok diisukeun arwahna marakayangan? setan anu mangrupa mayit atawa kumaha eta teh ? tanya kuring

“Enya euy ceunah mah kitu, da matak jempling salembur datang peuting teh, ngaharephep we dienggon masing-masing da sieun dijungjurigan” sambung Pak Wawan

“Tah malihan di lembur kuring mah enya geus lila sih dua puluh tahun ka tukang tong boro anu maotna teu wajar anu wajar oge angger we dipikasieun” sambung kuring

 

“Eta teh kieu da ari jalma nu geus maot mah arwahna geus mulih kajati mulang kaasal atuh, moal bisa ngaganggu ngagilinggisik ka makhluk anu masih kumalendang dibumi alam, tah anu samodel kitu mah enya marakayangan ceunahmah, eta mah syetan anu mangrupa atawa jurig anau nyiliwuri kana nafsu kapanasaran jalma anu maot” tembal Pak Samjan.

 

“Atuda pak kukituna mah hawatos ka kulawargana janten fitnah” sambung kuring

“Mangkana tong dipikasieun kunu kitu mah, da eta mah syetan anu keur ngagoda urang ngarah kaimanan urang mengpar” tembal Pak Samjan

 

“Yeuh dulur sabenerna mah rasa kasieun eta mah datangna ti urang-urang keneh, sok geura mun seug urang rek ngaliwatan tempat geueuman atawa tempat angker lamun urang percaya pisan pasti muruding bulu punduk beuki sieun we, atawa moal daek-daek acan ngaliwatan eta patempatan. Tapi upama kayakinan urang panceg, Insya Allah moal aya nu ngaganggu  da ari syetan mah urang lewih sieun leuwih atoheun atuh, babacaan wae ngarah reugreug. sambung Pak Haji.

 

Wah kumaha Pak Haji mun seug teu mawa bacaeun ? tanya Kang Aris

Teu mawa bacaeun kumaha ?

Enya saumpamana teu mawa koran-koran acan

Hussssss…babacaan didieu teh lain maca nukaritu atuh, ieu mah maksudna ngadu’a ka Gusti Allah.

Ohh..sugan teh maca koran sina tarik ngarah teu sieun.

 

Aya anu aneh deui ieu teh, Pak Bangbang pernah teu bulan kamari misalna ngimpi teh, tuluy ayeuna impian eta teh karandapan na kahirupan nyata persis dina impian baheula eta kajadian teh.

 

Pernah euy enya..pernah. pas keur sare aya nu ngahudangkeun kurang leuwih jam 3 janari, “yeuh..yeuh geura hudang tuh Dadang maot…”

Korejat we kuring hudang tuluy ngareret kana jam anu ngadaplok na tembok, lah geuning karek jam 3 janari, goledag deui kuring sare, guher deui kerek. Naha euy aneh impian teh nyambung, didituna teh kuring teh indit we ka petir rek ngalayad pas hareupeun PGSD layon teh geus digogotong rek dikurebkeun. ”Rek dikurebkeun dimana euy..?” tanya kuring

“Di Cieunteung kang….” tembal si Jaka

Naha da karek oge mengkolkeun mobil maksud teh rek diparkirkeun, da nu ngagarotong layon teh baralik deui. “Har naha baralik deui, kunaon kitu?” tanya kuring

“Pinuh kang teu kabagean tempat” tembal nu ngagarotong

 

Bray we kuring beunta tuluy gigisik, ret kana jam beu geus subuh geuningan. Isukna kuring bebeja ka ibuna budak, yeuh Ibuna basa tadi peuting Bapak ngimpi  Dadang maot.

“Keun we Pa jigana rek panjang umurna” tembal ibuna budak.

“Amien..tapi Bu kapanan Dadang teh keur dirawat di Rumah Sakit.”

“Aeh..ari si Bapa..meureunan mun kapapatenan mah titatadi oge geus nelepun kadieu”

“Enya nya kapanan Bapa teh ngimpi nya Bu..” tembal kuring tuluy ngaleos bari ngarawel anduk.

 

Tiharita geus we impian eta teh kukuring geus teu dipikiran, biasa we kuring indit ka sakola, naha da baraya, pas jam tilu sore aya nungabejaan enya Dadang maot. Innalillahi Wainalillahirojiun..ras kuring inget kana impian tadi peuting, beg kuring ngagebeg…beu enyaan geuning impian teh gerentes kuring.

Tah kitu pangalaman ngimpi anu aya kaitana jeung kanyataan teh.

 

“Sakabeh jalma oge Insya Allah ngarandapan impian anu nembongkeun kajadian-kajadian anu bakal karandapan, ngan urang mah kadangkala teu apal, malahan poho-poho acan kana impian eta, apal-apal geus karandapan teh tuluy ngahuleng..ke ieu teh asa pernah kaalaman, kapanan singhoreng na impian.” sambung Pak Samjan. 

 

Punten pak sakedap rada OOT yeuh..celengkeung Pa Aris

Naon kitu OOT teh Pa Aris ?” tanya Mas Gusmin

Out Of Topic meureunnya Pa Aris, cekeng

Enyalah jiga kitu..tembal pa Aris

 

Baheula nya saya keur di Surabaya, kan aya proyek anu keur ditenderkeun

Proyek naon kitu ? tanya Mas Gusmin

Eta proyek masang trotoar, kapanan saya teh kamamana indit teh tiluan jeung babaturan, sarua babaturan oge sok ngaborong pagawean. Tah kacaritakeun aya nu mere alamat, ceunah mun hayang proyekna gul cobaan tatanya ka ajengan tuh di jalan anu.

 

Kocapkeun kuring tiluan arindit we ka eta ajengan, barang anjog ka patempatan eta anjrit euy eta mama ajengan kumis jeung janggotna beureum bawaan halisna oge panjang beureum.

Ari kitu beureum kumaha ? tanya kuring

Enya ieu mah lain beureum nang milok atawa nang ngecet…asli ieu mah

 

Urang tuluykeun nya, tah babaturan nu kahiji asup tiheula, tuluy ngadugiken pamaksudana ka mama ajengan eta. “Maaf saudara pernah minum-minunam keras ya, berjudi, juga suka maen perempuan ya..?”

“iy..ya….kok pak Ajengan tahu sih?” tembal babaturan bari semu euceuy, era jigana katohyan kalakuana baheula.

“Ya sudahlah sekarang saudara bertobat aja, tidak boleh terulang lagi ya”

Iya..pak tembal babaturan bari ngeluk tungkul

Nah sekarang saya kasih bekal, ini tolong amalkan istighfar sebanyak 5000 kali tiap-tiap setelah Sholat Subuh dan Maghrib. saur pak Ajengan bari ngasongkeun kertas.

5000 kali Pak Ajengan ?  apa gak salah tulis ? tembal babaturan bangun nu cangcaya.

“Iya 5000 kali, mau sukses tidak..?” jawab Pak Ajengan bari mulir-mulir kumis beureumna.

Iya..iya..Pak ajengan…tembal babaturan semu sieun.

 

Giliran babaturan nu hiji deui..kitu deui sarua ngan nu ieu mah wiridna rada ringan mung 3.500 kali

Tah giliran kuring mah ngan ukur 1.500 kali. Pas kaluar ti imah Ajengan babaturan keur guntreng ngamasalahkeun jumlah wirid.

 

Ris..kamu jumlah wiridnya dikasih berapa ? tanya babaturan kuring nu meunang giliran wirid 5000 kali.

“Sama saya juga banyak euy..1.500.” tembal kuring

“Haaaaaaaahh apa kamu bilang..1.500?” tanya babaturan kuring nu duaan meh bareng.

“Iya..kok gak percaya..nih kertasnya..” tembal kuring bari nembongkeun catetan wirid ti Pa Ajengan.

 

Wah…gak bener nih, masa kita sama-sama, kemana-mana bareng kok wiridnya gak sama, malahan aku yang paling banyak..gak beres nih Ris. cek babaturan bari muncereng.

“Mas saya juga ga tahu atuh, kan yang ngasih catetannya bukan aku” tembal kuring

Si Mas ngabetem we…da eta tilu poe ka kuring teu nanya-nanya euy, gara-gara jumlah wiridna panglobana.

 

Panglobana wiridna teh jigana pang beuratna nya. sambung Pak Wawan mairan.

Heueuh enya jigana kitu…….

 

Hayu ah..urang loba istighfar…………..

 

Kulantaran aya acara Wayang Golek na TPI urang balubar we ka bumi masing-masing….mangga kasadayana Assalamu’alaikum……..