Kategori: Obituari | Diterbitkan pada: 30-09-2007 |

Ku DHIPA GALUH PURBA

 

UPAMA nyebat jenenganna téh raosna nganggo “Kang”. Jadi, Kang Ramadhan. Seueur ogé anu sok nyebat “Atun” ka Ramadhan KH téh, da mémang nénéhna “Atun”. Balaka baé, munggaran terang “Atun” téh sabada maca sawatara surat-surat Ajip Rosidi anu ditujukeun ka Ramadhan KH. Saperti dina buku “Ayang-Ayang Gung” (Kiblat Buku Utama, Bandung, 2004), aya genep surat Ajip Rosidi keur Ramadhan KH, anu sadayana ogé ngabasakeunna “Atun”. Sakali mangsa, kuring ogé kabawakeun nyebat “Kang Atun” basa pareng jadi panata acara “Satengah Abad Empat Ajip”. Ari sadidinten mah, upama nuju ngobrolkeun karya-karyana jeung babaturan, tetep baé nyebat “Kang Ramadhan”.

Teu kurang, teu leuwih, ukur dua kali patepung lawung paamprok jonghok sareng Kang Ramadhan téh. Kahiji, basa nganjang ka bumina, di Jakarta. Kadua, taya sanés basa acara “Satengah Abad Empat-Ajip” di Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK), Jln. Naripan, Bandung. Kilang kitu, ari mikawanoh kana jenenganana mah tos rada lawas, da puguh aya sawatara karya-karyana anu dipikalandep ku kuring. Sebat baé, kuring mah ukur anu mikagum kana karya-karyana sakaligus tangtungan jeung sikepna.

Buku anu pangdipikalandepna ku kuring taya lian “Kuantar ke Gerbang” (Pustaka Sinar Harapan, Jakarta, 1981), anu eusina nyaritakeun “Kisah Cinta Inggit dengan Sukarno” kalayan ngasongkeun perspektif Ibu Inggit Ginarsih. Basana matak kataji, pikaresepeun, tur henteu pikaboseneun. Pantes ana kituna mah, da Kang Ramadhan mah tos legok tapak genténg kadék dina widang tulas-tulis. Mantenna kantos jadi redaktur Gelanggang/Siasat, redaktur “Persada” Majalah Kisah, Wartawan LKBN Antara, sareng redaktur  Budaja Djaja.

Buku-buku karya Kang Ramadhan, antarana kumpulan puisi “Priangan Si Jelita” (1958) anu dilélér Hadiah Sastra BMKN. Numutkeun Sapardi Djoko Damono, sastrawan, ieu buku téh minangka puncak préstasi Kang Ramadhan, karya pangpunjulna di Indonésia. Aya deui roman “Royan Révolusi” (1970) jeung “Keluarga Permana” (1978), anu kapilih jadi pinunjul sayémbara ngarang Ikapi/UNESCO jeung sayémbara ngarang roman Déwan Kasenian Jakarta; “Bola Keranjang” (1952); “Kemelut Hidup” (1976); Romansa Kaum Gitana” (1976); “Kawilarang Untuk Sang Mérah Putih” (1988); “Bang Ali; Demi Jakarta 1967-1977”  (1922), jeung sajabana. Iwal ti produktip, mémang karya-karyana mibanda ajén anu luhung. Teu anéh upama Kang Ramadhan ogé kantos dilélér pangajén SEA-Write Award dina taun 1993, basa nyerat “Ladang Perminus”.

Kang Ramadhan anu dipikawanoh ku kuring minangka jurnalis jeung sastrawan anu daréhdéh, tétéla ka saréréa ogé mémag teu weléh daréhdéh. Tangtos baé seueur para sastrawan tur masarakat anu ngarasa kaleungitan ku Kang Ramadhan. Kaasup pengamat sastra ti Jerman, Dr. Berthold Damshauser, anu nétélakeun yén Kang Ramadhan téh duta sastra Indonesia pikeun Jerman anu ageung jasana.

Kang Ramadhan  Kartahadimadja lahir di Bandung, 16 Maret 1927, putra katujuh ti sapuluh sadulur. Ramana Rd. Edjeh Kartahadimadja, kapoto minangka hiji patih dina mangsa kakawasaan Hindia Belanda. Demi ibuna taya sanés Saidah.

Kang Ramadhan nikah ka Pruistin Atmadjasaputra. Nanging istrina mayunan ngantunkeun, alatan kaserang panyawat kanker, taun 1990. Tina rarabi sareng Pruistin (almh), Kang Ramadhan dipaparin dua urang putra, nyatana Gumilang Ramadhan sareng Gilang Ramadhan (musisi kakoncara). Lajeng Kang Ramadhan nikah deui ka Salfrida Nasution, taun 1993. Kiran taun 2003, Kang Ramadhan ngiring ka istrina, Salfrida Nasution ka Cape Town, Afrika Selatan, margi istrina mancén jadi Konsul Jenderal. Kirang langkung ahir taun 2005, Ramadhan KH kaserang panyawat kanker prostat. Lajeng dirawat di hiji rumah sakit anu perenahna di Cape Town.

Inna lillahi waina ilaihi raji’un,  ahirna mah Kang Ramadhan, sastrawan angkatan ’66  téh dipundut ku Nu Maha Kagungan, écésna dinten Kemis 16 Maret 2006, jam 2.30 waktu Cape Town, Afrika Selatan atanapi jam 13.30 WIB. Ku ayana kitu, Kang Ramadhan pupus dina mangsa dinten milangkala anu ka-79.

Mugia arwah almarhum ditampi iman islamna, dihapunten dosana, kalayan diperenahkeun di tempat mulya mungguhing Alloh SWT, Amiin yaa Robbal ‘alamiin.***

 

Ranggon Panyileukan, 17 Maret 2006

 

Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 173, Maret 2006