Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |
Carpon Étti RS
Kang, wilujeng angkat. Hapunten abdi teu tiasa nohonan kapalay Akang, kapalay yén abdi kedah ngiring jajap ka bandara. Ku teungteuingeun ari Akang. Tuh nya, sanggem abdi gé pameget mah mung tapis ngolahkeun pikir, ari ngolahkeun rasa éstuning tuna. Leres kanggo Akang mah matak reugreug pami abdi dongkap téh, tur matak bagja dijajap ku panyawang tresna, dianteur ku paneuteup geugeut, digupay ku rasa
Duh ieu jajantung asa ditojosan jarum nalika Mayang ngadongéngkeun kaayaan di bandara. Saurna seueur nu jajap nya Kang. Salian ti kulawargi Akang sareng kulawargi tuang rai téh, para santri sareng ti pangaosan ibu-ibu gé ngiring jajap. Akang katingal gagah saurna téh, nganggo jean sareng sweater biru kolot. Kitu deui tuang rai, mani nyari nganggo jean sareng tunik bodas, kurudungna pulas bulao langit. Akang duaan teu weleh imut nalika pataréma réma sareng nu jarajap. Akang ngadeg ngaréndéng sareng tuang rai, digéndéng ku tuang ibu sareng tuang rama ti dua pihak. Raray tuang rai katingal langkung cahayaan, cénah. Eta téh ngébréhkeun kaayaan manahna nu nuju mangkak ku kembang asih tur meleber ku puspa trésna. Badé teu kitu kumaha, mun seug abdi nu janten tuang rai gé, komo raray abdi mah baris langkung ti cahayaan, hurung ngempur boa; teras deui abdi mah badé
Rumaos tebih tanah ka langit antawis abdi sareng tuang rai téh. Abdi mah seniman tulén, ari tuang rai urang pasantrén. Abdi mah saba panggung, ari tuang rai saba masjid agung. Karesep abdi ulin ka galéri, karesep tuang rai mah macangkrama sareng santri. Abdi purukul tukung, kapan tuang rai mah teu weléh ditiung. Kahartos pisan upami urang kedah paanggang téh, margi kaayaan abdi moal tiasa katampi ku sepuh Akang sakulawargi. Kang, wartoskeun atuh da abdi gé tiasa maca Qur’an, rajin saum nyenén ngemis, solat
Upami sadaya wanoja sapertos kitu, panginten urang moal kantos terang kumaha éndahna ibing Sunda klasik, urang moal wanoh kumaha dinamisna ibing jaipongan; moal apal kumaha motékarna para bajidor, boa urang gé moal kantos mireng galindeng tembang Cianjuran. Akang gé uninga seni nu islami téh seueur. Aya seni Nurhidayahan nu dialpukahan ku Kang Hidayat Suryalaga, seni tembang kalawan eusi rumpakana islami dicandak tina ayat-ayat Qur’an, nya éta tarjamahan Qur’an nu diserat dina wangun dangding. Tah, éta kasenian téh saéna mah diuningakeun ka tuang rama sareng tuang ibu, sareng uningakeun ogé yén seni nu islami téh sanés kasidahan wungkul. Kapan ayeuna mah aya nasyid sagala, nya kitu deui dina sinétron gé ayeuna mah seueur nu midangkeun carios islami. Tangtos sepuh-sepuh Akang gé aruningaeun kasenian buhun gé seueur nu jolna ti pasantrén, di antawisna tembangan, salawatan; malah wawacan mah cenah ngawitan sumebar di Tatar Sunda téh ngalangkungan pasantrén.
Ari carios dina wawacan apan umumna mah dongéng, sanés gembleng nyarioskeun ajaran kaislaman. Wijaksana pisan nya Kang, ulama baheula nyebarkeun agama Islam téh henteu togmol kana tauhid, tapi nyuguhkeun carios nu eusina ngonjoykeun kasaktén para tokoh nu ngagem agama Islam. Dina nganamian para tokohna gé dicampur, nami Sunda sareng nami urang Arab; sapertos Imam Suwangsa, Amir Hamzah, Umarmaya, Bagenda Ali, sareng Ogin Amarsakti.
Aéh,
“Perkawis séks mah teu kedah ‘didagangkeun’ dina buku, komo buku sastra mah apan nu diutamikeun téh kaéndahan, sanés kajorangan,” saur Akang.
“Maksad Akang, buku Asmaramurka-na Ahmad Bakri?”
“Ah, sadaya buku sastra wé nu eusina ngaharib-harib atanapi midangkeun hal nu porno, teu aya kaéndahanana.”
“Kapan séks ogé ngadongkapkeun rasa éndah, rasa nu sesah diébréhkeunana. Séks téh manusiawi, paparin ti Gusti. Séks téh ibarat vitamin, matak jagjag tur matak naékkeun vitalitas saur dr. Boyke gé,” sanggem abdi
“Leres pisan, sadaya kanimatan nu ku urang karaos téh anugrah Alloh, kalebet kanimatan séks. Éta sadayana karaos ku unggal jalmi, dalah ku sasatoan ogé. Ku kituna, ku urang teu kedah didramatisasi, teu kedah didadarkeun dina wangun seratan; da teu diserat gé tangtos karaoseun ku sakur mahluk nu nyawaan mah.”
“Saur saha teu kenging nyerat perkawis séks?
“Komo buku éta mah sumberna ge tina ajaran Hindu,” Akang teugeug.
“
“Sadérék panuju kana prostitusi nya?”
“Tah éta téh kacindekan nu teu calakan!” abdi nyeuneu.
“Kumaha ari kana Undang-Undang Anti Pornografi & Pornoaksi. Sadérék kalebet anu pro atanapi kontra?”
“Tacan tamat macana,” teugeug.
“Saéna mah énggal tamatkeun supados kagambar kumaha mangpaatna éta undang-undang kanggo ngajagi martabat wanoja,” Akang leuleuy.
“Satungtung éta martabat henteu matak nyengker kana karancagéan budaya mah, abdi panuju.”
Abdi reuwas waktos nampi sms munggaran ti Akang. Panyana téh Akang bendu, badé neraskeun diskusi dina simposium téa. Rumaos abdi sok neugtreug, alim éléh, malah sakapeung mah sok ngahaja hoyong nyigeung manah. Sihoréng méncog panyangka abdi téh, Akang mah nga-sms téh sanés bendu, nanging naroskeun alamat rorompok; Akang badé nambut buku-buku kabudayaan Sunda. Kantenan wé abdi téh bingah, aya urang pasantrén nu ngersakeun neuleuman budaya Sunda. Abdi bingah wiréh Akang tos katépaan virus budaya, abdi bagja wiréh Akang janten ‘mualaf’ budaya. Harita abdi gaduh kayakinan yén budaya baris langgeng saupami dalit sareng ajaran agama nu diagem ku urang, tangtos waé budaya nu napak sareng teu mengpar tina norma-norma agama. Sanggem abdi mah antawis budaya sareng agama téh kedah silihpikabutuh. Ngalangkungan cara-cara agamis, budaya tiasa tumuwuh tur teu ditebihan ku masarakat. Sawangsulna, budaya ogé mangrupi media nu stratégis pikeun nyebarkeun paham agama ka sadaya kalangan masarakat.
“Akang nembé terang yén kasangtukang urang Walanda nyusun kamus basa Sunda téh ngawitanana mah kanggo kaperyogian nyebarkeun agama,” saur Akang.
“Da sanés nyusun kamus basa Sunda wungkul, kamus basa Jawa sareng basa daérah sanésna ogé disusun. Numawi Injil mah diserat dina sababaraha basa. Panginten maksadna mah supados unggal bangsa gampil ngartoseun kana eusi kitab nu nganggo basa maranéhna mah,” abdi asa dijalanan.
“Boa Snouck Hurgronye gé neuleuman budaya Sunda sareng agama Islam téh politis nya?” Akang daria.
“Rupina kitu,” walon abdi.
Manawi téh Akang moal teras manjang nganjang ka rorompok. Manawi téh Akang badé héran waktos pun anak, si bungsu, ngagoloyoh kana lahunan abdi. Pan upami Akang sumping téh, biasana mung dibagéakeun ku pun biang da ari siang mah pun anak nuju sakola. Sihoréng Akang tos uninga yén abdi léléngohan dibaturan ku dua budak. Barudak gé janten apét ka Akang, da éta Akang mah ngawowoy unggal ka rorompok téh teu weléh cacandakan. Ka dieunakeun Akang wakca yén sami-sami nyorangan tur diréncangan ku dua sosoca.
“Rupina tos Kersa Alloh urang ditepangkeun dina kaayaan nasib nu sami. Pupujan ati urang sami-sami mulih ka Pangkonan Anjeunna. Urang sami-sami katitipan dua sosoca pikeun dijaga dugi ka sawawa,” saur Akang
Abdi gé bingah Akang sering sumping ka rorompok téh. Abdi janten gaduh batur diskusi, boh perkawis budaya boh agama. Teu munafik, lami-lami dina diri abdi bet aya geter nu bénten upami nuju pacaket sareng Akang téh. Nya kitu deui, tina sorot soca Akang gé karaos aya jamparing nu teu ngajirim nembus kana jajantung. Harita urang sami-sami rikip nyumputkeun gumuruh kalbu, sami-sami lantip mindingan gilisir asih. Sabuni-bunina nyumputkeun rasa, geuning ku nu sanés mah tetep katingalieun. Malah Mayang mah kantos nga-sms kieu:
mulung manggu jeung campedak,
hanjakal loba giungna;
malem Minggu néang budak,
padahal néang indungna…
Duh, mun émut kana waktos harita haté abdi sok lelenyapan. Matak nineung mun émut nuju di perpustakaan, pami Akang nuju pogot maca téh mani alim diganggu, ditaros gé
Saprak sok jalan-jalan sareng Akang, abdi janten terang ka pasantrén Al-Zaitun, Arafah, Cipasung, Suryalaya, Pabélan, sareng Gontor. Tos kantenan ka Darut Tauhid mah unggal minggu
*
Waktos di bandara, saur Mayang téh cenah Akang api-api mésér roko
Abdi teu tiasa ngabadé kumaha kaayaan manah Akang nalika nampi ieu serat,
Abdi tos terang ti anggalna yén Akang sareng tuang rai badé angkat umroh. Kapan éta pisan nu ku Akang sering didugikeun ka abdi tur tos kapicangcam ti anggalna. Abdi émut kénéh waktos di Pusdai sabada urang nyaksian akad nikah putra Pa Abdullah, Akang kantos kedal ucap seja umroh sasarengan. Malah Akang gé kedal jangji yén urang baris jatukrami di Tanah Suci; ngajak nikah di palataran Ka’bah. Ayeuna kapalay Akang tinekanan sanaos abdi teu nyarengan. Nu penting kanggo Akang mah laksana ka tanah Mekah, sareng saha-sahana teu masalah, asal nu nyarengan téh pi indungeun para tuang putra nu saroléh.
Kang, ieu haté asa dijejewet nalika Mayang nyebatkeun yén Akang sareng tuang rai téh sanés badé umroh wungkul, nanging
Saurna hawa di Mekah ayeuna nuju panas pisan, tangtos baris nyongkab nya Kang? Upami Akang ngaraos nyongkab, tah nyongkabna haté abdi ayeuna téh langkung panas ti hawa Mekah. Tangtos nyongkabna hawa Mekah kanggo Akang mah moal patos karaos margi baris kageberan ku angin tingtrim, kapépéndé ku hawa oléng pangantén. Sawangsulna, nyongkabna haté abdi asa hamo kapépés sanaos dibanjuran ku hujan és, asa hamo tengtrem sanaos disiram ku cai zamzam.
Kang, émut kénéh teu kana sms ti abdi kieu:
rasa asih ulah robih janten peurih, sanaos teu sapagodos, asih mah urang pupusti dugi ka muguran ku jaman.
Rupina ayeuna pisan tresna urang ngawitan muguran, sanés ku jaman, nanging laas ku hawa panas nu ngaléntab galak nyaksrak saawak-awak. Abdi teu sanggem mupusti margi moal kiat nandangan sangsara ati. Sawios disébat jejerih ti batan digitik ku kapeurih peurah asih.
Kang, wilujeng angkat nya. Wilujeng ngarecah bulan gumawang. •
Dimuat dina majalah Manglé No. 2067








rupina tidieu heula ngawitanana, dugika terasna salira nyerat “Serat Asih Ti Arafah”…???
duh,ampir sami pisan sareng nu kaalaman ku simkuring…