Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 11-12-2008 |
Carpon Dadang H. Padmadiredja
“Nepangkeun, abdi wasta pun Karta,” ceuk éta lalaki ngora, nyebutkeun ngaranna
“Shérin Vivian Annisa,” témbal wanoja,
Lamun lain ku lantaran nulungan
Ngan ku lantaran sieun disebut jalma teu boga étika, teu boga cedo lantaran tos ditulungan teu nganuhunkeun ka nu geus nulunganana, sangeuk teuing kudu turun tina mobil, jaba bararécék deuih.
“Hatur nuhun, Bang Karta, parantos nulungan abdi,” pokna Shérin
“Sami-sami bu, éh, Néng Shérin,” témbal Karta
Shérin gugurutu, nempo kalakuan jalma nu nulunganana.
“Huh, balaga amat éta jelema, kadar ogé nulungan sakitu, mani embung dibayar saratus rébu,” ceuk haténa
Sapapanjang jalan ka kampusna, Karta ngaheruk. Dirina nulungan téh éstuning ihlas, clik putih clak hérang lain lantaran duit atawa nempo nu naék mobilna geulis.
“Dasar jelema beunghar, nguji téh ku duit,” gerentesna. Teu lila geus tepi ka nu dijugjug, motorna gancang diparkirkeun di sela-sela motor mahasiswa séjénna. Di antara motor nu ngabaris rapih, ukur motor Karta nu pangantikna, teuing kaluaran taun sabaraha. Cétna belang, lampuna ogé ditalian ku tali rapia padu napel, jokna geus loba tambalan. Mun kahujanan caina nyerep, atuh mun didiukan matak baseuh kana bujur. Boro-boro dikonci setang kawas motor batur, da koncina ogé nogél waé. Jigana mun digolérkeun di Jambatan Mérah salila-lila ogé moal aya nu daékkeun mulung, bakating ku butut jeung geus teu puguh rupana.
Sok sanajan ukur sajorélat, kajadian tadi beurang tétéla ngaganggu pikiran Shérin. Manéhna gulinggasahan, teu daékeun saré. Napel kénéh dina ingetanana, basa Karta gelut jeung sababaraha pamuda anu ngahaja ngahalangan mobilna. Aya opatan anu nyampeurkeun manéhna
“Buka kaca jeung serahkeun barang-barang anjeun!” ceuk hiji pamuda garihal pisan. Beungeutna teu pati jelas da make kénéh helm. Shérin pias, ngan pangacianana kumpul kénéh, manéhna geuwat ngonci sakabéh panto mobilna, teu kanyahoan ti mana datangna, nu rék ngarogahala manéhna téh ujug-ujug ting jarungkel. Tétéla aya hiji pamuda anu nulungan manéhna, nyaéta Karta.
“Karta, kunaon ngaranna make Karta,
“Astagfirullah,… aing ngalamun, nyaho gé henteu saha si Karta, urang mana boa, pastina ogé urang kampung lah,” gerentesna
Sora nu rada samara-samar ngélingan sangkan mariksa panto jeung jandéla, bisi can dikoncian. Jempling minuhan langit Kota Bogor mépénde nu keur sararé.
Lantaran saréna peuting teuing Shérin hudangna kabeurangan. Atuh dina méja paragi dahar ogé ukur aya
Mukena jeung sajadahna teu pernah robah, angger rapih dina tempatna. Padahal indung bapana omat-omatan ulah nepi ka ninggalkeun anu
“Bibi,..Bi Yati..” manéhna gegeroan ti jero kamarna.
“Kaaah..” torojol awéwé tengah tuwuh nyampeurkeun, pembantuna jigana mah.
“Mamah jeung papah titip duit teu keur Shérin?”
“Aeh..bibi hilap néng, ké dibantun heula,” témbal Bi Yati
Shérin imut, tuluy ngaluarkeun salambar
“Tong nyarios ka Mamah, mun Shérin teu sarapan nya…” pokna
Sédan beureum BMW geus nyemprung di jalan tol, tuluy méngkol mapay jalan sisi, bras ka lampus.
Karta anu harita keur aya di pos ménwa jeung batur-baturna, nyérangkeun BMW beureum asup ka kampusna.
“Tuh Ta, mun rék digebér mah, geulis, beunghar jeung pinter deuih,” ceuk Anwar, batur kuliahna anu harita kaparengan keur jaga di pos ménwa.
“Saha euy, budak mana?” Karta panasaran. “Si Shérin budak ékonomi kakara semester 5, wah pokona di Fékon mah béntangna, euy. Loba anu ngadeukeutan. Ngan édas sakapeung lindeuk japati, sakapeung mah mun keur ngadat jiga maung ngamuk,” ceuk Anwar.
“Ah.., silaing mah padu waé ari ngomong téh. Pédah we cintana ditolak, alias bertepuk sebelah tangan, teu boga leungeun sabeulah,” ceuk Adit budak Sastra, batur kuliah AQnwar. Karta ngarasa reuwas basa nempo wanoja anu turun tina BMW beureum téh, asa-asa wawuh. Bener wé, si Shérin anu basa ditulungan rék muruhan saratus rébu.
“Haah, sudi éuy, awéwé éta mah sombong pisan,” ceuk Karta
“Kamana Kar, ka Ekonomi?” Adit ngagorowok ngaheureuyan nempo Karta ngagidig kaluar ti pos téh.
“Balik ah, rék menerkeun motor,” témbal Karta
Di kantin, Shérin, hariweusweus ka Asih, yén manéhna inget waé ka jajaka anu nulungan manéhna kamari.
“Kasép, kasépna mah, Sih, ngan édas ngaranna jiga urang kampung, Karta, mani teu nyeni pisan ngaranna téh,” ceuk Shérin.
“Karta,? Anu gondrong, kasép sok kana motor butut?”
“Enya, geuning Asih apal,” Shérin kagét.
“Budak Fakultas Hukum éta téh, mahasiswa pangpinterna, kuliahna ogé ukur tilu taun. Kapiadi éta téh, Rin. Rada nyéntrik jeung sederhana pisan, padahal…..” Asih teu kebat neruskeun.
“Padahal naon, Sih?”
“Heunteu ah. Tah basona datang,”Asih nyalenggorkeun omonganana.
Sok sanajan diperekpek, Asih keukeuh bungkem téu daék mukakeun rasiah saha sabenerna Karta anu cenah dulurna téa.
“Embung ah sieun diambek,” témbal Asih
Pikeun Shérin ngaran Karta anu ceunah mahasiswa Fakultas Hukum ngondang kapanasaran anu luar biasa. Karta?? Saha sabenerna Karta téh, maenya aya mahasiswa jaman kiwari aya nu make ngaran Karta. Na indung bapana teu pernah nongton tipi atawa maca koran,make méré ngaran Karta ka anakna.
Ngaran Karta mah pantesna dipaké ku aki-aki, Aki Karta atawa Bah Karta, pangorana Mang Karta. Pantesna cicing di pasar jadi Bandar cau atawa hui boléd. Komo mun jadi Bandar jengkol mah cocok pisan. Mun lain ngaranna Karta mah tangtuna geus dipaluruh tah nu kasép téh ka fakultasna.
Ngan ku lantaran ngaranna Karta, éngké heula, turun géngsi atuh. Shérin jeung Karta, asa teu pantes, teu patut jeung génjlong, ceuk haténa ampir unggal peuting. Karta….. Karta na manéh téh bet katetempokeun waé atuh!!! Seurina, jakét kulitna anu geus sararoék jeung motorna anu butut. Na kunaon aing jadi kieu, ieu kitu anu disebut cinta téh. Bogoh dina teteupan munggaran?
Sok sanajan mugen Shérin ku indung bapana, Shérin ahirna daékkeun ogé, basa dicaritakeun yén Mang Marno supirna, teu asup lantaran gering.
“Sing karunya ka papih atuh Rin, éra papih mun teu datang ka imah dunungan papih. Pan panon papih mah geus kurang waras, komo kudu nyupiran ti peuting mah,” bapana ngalengis.
“Tapi tong lami-lami nya, pih, Shérin keur seueur tugas kuliah,” ceuk Shérin basa diajakan ka imah dunungan bapana.
“Moal atuh Rin, tabuh sapuluh ogé acarana bérés. Teu raos, dunungan papih pan némbé mulih ti luar nagri. Tadi nelepon aya acara ngaresmikeun panti asuha anu aya di gigireun bumina,” bapana Shérin leuleuy.
Sok sanajan ngan ukur ngaresmikeun panti asuhan, tétéla loba pisan tamuna. Malah Bupati jeung Walikota ogé datang. Bubuhan dunungan pa Chéppy, bapana Shérin, Pa Erlan téh salian ti salah saurang pangusaha suksés pituin urang Bogor ogé remen pisan ngayakeun kagiatan sosial, kayaning santunan ka barudak yatim piatu, panti jompo jeung séjénna. Duitna meunang nyisihkeun tina zakat mal pausahanana.
Shérin rada kagét, basa Asih jadi panarima tamu.
”Geuning?” Shérin teu kebat kaburu Asih napelkeun curuk kana biwirna.
“Lumayan meunang order keur ngabaso,” témbalna
“Hatur nuhun Pa Chéppy kersa sumping,” ceuk Pa Erlan
“Emhh, pantes gagah dunungan bapa aing téh,” gerents Shérin dina haténa.
“Assalamualaikum, hapunten bapa-bapa sareng ibu-ibu ngaganggu sakedap,” ceuk panata acara. Teu lila, Pa Erlan naék ka panggung, biantara, eusina nganuhunkeun kana kadatangan tamu tamu.
“Hadirin sadayana wiréhna abdi ngulem téh teu aya sanés nyaéta ngalaksanakeun syukuran pun anak anu parantos lulus kuliah sareng panginten ti wangkid ayeuna pun anak anu badé nyepeng pausahaan téh,” ceuk Pa Erlan
“Nepangkeun pun anak Réynaldi Wiradikarta,” ceuk Pa Erlan
Komo deui basa Karta alias Réynaldi nyampeurkeun ka kulawargana dibarengan ku Pa Erlan anu tétéla dunungan bapana. Shérin beuki ngayekyek, nangtung asa teu napak..
“Nepangkeun abdi, Karta,” pokna ka Shérin
Tétéla Réynaldi Wiradikarta, leuwih reueus make ngaran Karta, tinimbang make Réynaldi, ceuk haténa.
“Nepangkeun, abdi wasta pun Karta,” Shérin ngamimitian ngetik dina komputerna. Karérét ku juru panonna Réynaldi, ehh, Karta keur saré mani ngageubra.
Sanggeus welasan taun rumah tangga jeung boga anak tilu kakara manéhna aya niat nyieun carpon deui, kabiasaanana basa keur rumaja. Da sanggeus rumah tangga mah teu kaur pisan, lian tin gurus budak kudu milu jeung salakina mun aya acara-acara jeung gegedén. Pan salakina téh Diréktur Utama, PT. Sampurna Jaya Perkasa, salah sahiji pausahaan percétakan nu panggedéna di Jawa Barat.
Teuing kunaon kabéhdieunakeun Shérin leuwih reueus disebut Ibu Karta tibatan Nyonya Réynaldi, karasa nyundana ceunah. Komo deui salakina mah, ngaranna sok disingget R.W. Karta, jiga jabatan kadua ti handap di masarakat. Ised saeutik tina RT.***
Margajaya, Mangsa Puasa Munggaran
Dimuat dina Majalah Sampurasun (medal di








reueus pisan maca carpon teh. picontoeun pikeun jalmi nu sok ngaheulakeun prasangka tibatan pikiran jernih.
Alhamdulilah masi aya carpon anu matak pijadieun panutan…… nuhun ah,,,
nepangkeun naami abdi yandi
Ke, ari pangarang carpon ieu teh aslina urang mana, nya? Urang Bogor? Mun kaleresan urang Bogor, sim kuring ’saluuut’ ah! Atuda sanaos Bogor jantungna Pajajaran ari rahayatna mah (ayeuna) basa Sundana teh geuning amburadul pisan. Punten sanes ngahina, da sim kuring ge lami nganjrek di Bogor teh.
Ke, ari pangarang carpon ieu teh aslina urang mana, nya? Urang Bogor? Mun kaleresan urang Bogor, sim kuring ’saluuut’ ah! Atuda sanaos Bogor jantungna Pajajaran ari rahayatna mah (ayeuna) basa Sundana teh geuning amburadul pisan. Punten sanes ngahina, da sim kuring ge lami nganjrek di Bogor teh.
Tapi ieu mah geuning basa sundana sae pisan. Asa kagagas puguh ge ku merelena bari cekas undak usukna. Teraskeun ah ngagarap carpon-carpon anu sanesna. Wilujeng.
Kang Dadan HP,
Tong nyumput bae, baturan Apa.
kang encep, kang Yandi, Kang Wanda : hatur nuhun
Apa, sanes nyumput pa, isin ah
Pernah kuring ge boga babaturan ngarana miskem budakna geulis ,ngan eta budak lalaki teh sok ngaheureyan wae…malahku guru mah tara disebut miskem…kadang nina atawa yati….karunya budak teh katingalna sok era…
dongeng nu alus ngan jalan caritana tereh pisan katebak ku numaca…cag
hatur teh Sarah
lucu euy….
^_^
nuhyn teh lilis !