Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 08-12-2008 |


Ku APUNG S. WIRATMADJA

 

Ditilik tina wangunna (”bentuknya“, Ind.) rumpaka nu kapanggih dina seni Tembang Sunda, tur sok ditarembangkeun teh, aya opat rupa:

 

1. puisi/sajak anu “siga” meunang nyutat tina carita pantun atawa meunang ngahaja nyieun anu “sari-sari mantun” Kana puisi anu kieu saheulaanan, sakuringeun, nyebut teh puisi-pantun.

2. sisindiran (wawangsalan, paparikan jsb.)

3. dangding

4. sajak-bebas/puisi-modern

 

Ieu opat rupa wangun rumpaka teh kaasup basa-ugeran atawa “puisi” anu kauger ku rupa-rupa aturan. Aya nu aturanana eces, nembrak (saperti dina dangding), aya oge aturan anu teu pati eces. Nu tetela, nu kasebut basa-ugeran mah tangtu boga aturan sewang-sewangan. Puisi-pantun jeung sisindiran-anu saliwat mah siga teu boga aturan apan sidik unggal larik teh 8 engang jeung murwakanti.

Sakadar conto puisi-pantun:

 

- Sampiung ngapung ka manggung

    nya ngapak ka awang-awang

    burudul saalung baju

    barabay sawidak deupa

    ruk ku sambut rap ku lemah

    kadingdingan dingding peuting

    ………jst.

    (lagu Pangapungan)

 

- Nu ngembat jalan ka mana

    ka Pakuan Pajajaran

    jalan gede dibalabay diliwatan Sang Rahiang

    hayang uluk sampurasun

    hayang milu pulang-anting

    dirampes ku dedegungan

    ditunggu di papantunan

  

conto-conto dina wangun sisindiran, upamana :

- Batur mah dibaju hideung

  abdi mah kabaya bae

  batur mah dipikatineung

  abdi mah sangsara wae

(lagu Manyeuseup)

   

Rumpaka “Gunung Galunggung kapungkur” (lagu Papatet) jeung “Bangkong dikongkorong kujang” (lagu Tatalegongan) kaasup kana conto wangun sisindiran anu opat cangkang jeung opat jajar eusina.

Wawangsalan anu umumna sok dimimitian ku kecap “teu beunang” (Teu beunang di supa dulang, teu beunang dibebenjokeun), dina rumpaka tembang mah rajeun robah, upamana :

- Urang silih jampe hajat

  urang silih dudu’akeun

- Hese dirangkong kolongna

  hese dipikahayangna

   

Ngarugel-rugel kekecapan dina wawangsalan saperti kitu teu matak ngarobah ciri jeung eusi wawangsalan, malah nu aya luyu jeung kabutuh laguna.

Boh puisi-pantun boh sisindiran kaasup basa-ugeran cere Sunda.

Ari perkara wangun dangding dina rumpaka Tembang Sunda lamun ditetek mah tangtu baris panjang. Ongkoh pangreana rumpaka wangunan dangding dina tembang teh.

Sakadar teu matak pahili patuker harti urang ringkaskeun kieu:

- Dangding nya eta susunan guguritan nurutkeun patokan pupuh.

- Pupuh nya eta tujuh belas aturan pikeun ngadangding.

(M.A SAlmun)

 

- Dangding nya eta rakitan puisi (wangun ugeran) tradisional anu kauger ku rupa-rupa patokan, boh wangunna boh eusina. (Drs. Iskandarwassid, M.Pd.)

Pupuh anu (di Sunda) reana tujuhwelas teh lain banda cere Sunda, tapi asalna teh ti Jawa. Ti mana asalna keur tukang-tembang mah siga nu teu penting, da asa geus jadi bandana.

Pupuh teh boga aturan-aturan anu nembrak nya eta :

- reana padalisan unggal pada

- reana engang unggal padalisan (guru wilangan)

- sora panungtung unggal padalisan (guru-lagu)

- watek pupuh (di Sunda geus pohara ngiserna)

 

Ieu aturan-aturan anu nembrak, anu kudu dieumponan lamun rek ngadangding. Nyelang heula :

“Boga incu, kakara kelas tilu SD. Ku guruna dititah diajar “lagu” Jurudemung. Nanyakeun ka kuring, kumaha ari nembangkeun pupuh juru demung teh. Puguh sorangan ge teu apal, atuh katatang-koteteng neangan heula. (Make boga rasa era!). nya manggih tina kaset 17 pupuh. Lain dongeng, ieu mah kajadian inya.

Waleh, kuring bisa nembangkeun Jurudemung teh tina kaset, anu saterusna ditepakeun ka incu tea.

 

Ngalelekan lagu padalisan kahiji Jurudemung tea, bet ras inget kana jajar kahiji lagu panambah “Muntang Ngeumbing” meunang Bakang Abubakar. Mun teu disebut ceples oge, sarimbang mah pasti. Make boga curiga, boa-boa Bakang nyieun lagu Muntang Ngeumbing teh “kailhaman” (mun teu rek disebut nurutan) jajar kahiji “lagu” Jurudemung tea. Kitu deuih, saperti kuring boga sangka, jajar kahiji lagu Jemplangkarang karya Endoh Wiyadi teh sada lagu jajar kahiji pupuh Gambuh.

 

Kuring nganuhunkeun ka para guru SD anu leukeun ngajarkeun lalaguan pupuh jeung ka anu mayeng ngayakeun pasanggiri tembang pupuh, lantaran nya ti dinya pisan lengkah munggaran ngawanohkeun barudak kana lalaguan bebas wirahma teh.

Aturan anu pageuh dina pupuh teh nya eta :

Reana padalisan unggal pada, guru-lagu jeung guru-wilangan.

 

Pikeun nyumponan “kebutuhan” lagu reana padalisan rajeun nambahan, kitu deui guru-wilangan (metri-causa). Iwal guru-lagu anu kaitung pageuh pisan teh.

 

Mun tea mah aya nu “teu beuki” kana rumpaka wangun dangding, lantaran teu suka kana aturan-aturan pupuh-dumeh cenah guru-lagu jeung guru-wilangan teh ngabarogod atawa ngawatesanan kreativitas dina ngedalkeun ekspresi-atuh teu nanaon, sasat kuma karep nu boga pamadegan, sakadutna-sakadutna. Mun dipapandekeun kana dahareun mah rek beuki comro heg, rek beuki hamburger atuh mangga, kuma kabeuki masing-masing.

 

Ceuk anu resep kana dangding, ngedalkeun ekspresi jeung kreativitas ngaliwatan wangunan dangding teh teusingna ka barogod ku guru-lagu jeung guru-wilangan. Malah sabalikna, ayana aturan teh mantuan ngagurit dangding.

 

Kasugemaan batin ngadangding teh lain ngan lebah nyumponan atuan pupuh, tapi nyoko dina mamaras rasa. Ceuk nu beuki.

 

Atuh keur nyumponan kabutuh lagu dina gending karesmen upamana (anu kauger ku skrip jeung adegan), batan ngutak-ngatik lagu nu geus aya (bari kauger ku guru-lagu jeung guru-wilangan) mending nyieun lagu anyar anu teu ngahalangan kreativitas. Da moal dihukum ieuh nyieun lagu teh.

 

Kumaha karasana pupuh jeung ngadangding ku para ahlina, diantarana kieu cenah :

 

“…….Kitu deui lagu-lagu pupuh nu diajarkeun ku guru di sakola dasar (1941-1947) estu nyantel nepi ka kiwari…. Maca wawacan ku cara nembangkeun rupa-rupa pupuh-bari dibarandungan ku sakulawarga (1944-1946), mimitina mah asa dipaksa. Tatapina, lila-lila mah ngarasa ni’mat… bari carinakdak batin tapi ni’mat jeung ngemplong, sarta ngarasa bagja jadi urang Sunda, upama ngadangding bari ngahariring teh….; kitu diantarana “kesan” sastrawan Wahyu Wibisana dina bukuna “Riring-Riring Cawaking”. *** (hanca)

 

Dimuat di Majalah Manglé, No. 2129