Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 24-12-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
Si Buruy dicarékan lak-lak dasar ku bapana, alatan nyebut ‘Korupsi’ ka Kuwu Unéd. Basa Jang Isud ogé nganjang ka imahna ogé, kasampak Bah Dinta keur nyoroscos kénéh, ngomong sorangan. Ari Si Buruy mah tatadi mula ogé, geus diungsikeun ku indungna, ka imah Hansip Baron.
“Nyarita maké basa Sunda mah, kudu pararuguh undak-usukna!” kitu ceuk Bah Dinta,
“Lamun kitu, uing mah mending ngomong maké basa Malayu baé, ngarah teu loba aturan, is okéy!” pokna Jang Isud.
“Lain kalah nyarita kitu silaing téh! Da kudu nyaho tatakrama,” Bah Dinta rada muncereng.
“Mémangna Si Buruy téh kudu nyarita kumaha? Sidik Kuwu Unéd téh geus nyéléwéngkeun duit kas desa,” ceuk Jang Isud.
“Enya ogé kitu, tapi silaing téh kudu nyaho basa lemesna korupsi keur sabangsaning ménak, saperti keur Juragan Kuwu Unéd,” kituna téh,
“Sok atuh béré conto ku abah. Kumaha ari nyebut korupsi ka Kuwu Unéd?” Jang Isud panasaran.
“Omat siah, ulah sakali-kali deui nyebut korupsi! Tapi Juragan Kuwu mah nuju kapoékan manah, anu ahirna ngabacarkeun artos kas désa, kanggo kaperyogian anu teu kaincer ti anggalna,” pokna Bah Dinta.
“Ah, sarua baé, Bah. Geus puguh ieuh korupsi. Ayeuna ogé dikerem di kantor hansip,” keukeuh Jang Isud mah kana pamadeganana.
“His, lain dikerem siah! Kumargi Juragan Kuwu Unéd kapoékan manah téa, ayeuna ngalih pangkuleman ka rohangan anu sakurilingna dipapaésan ku jaruji beusi,” kituna téh
“Bieu ogé dilongok ku Ibu Kuwu. Ari der téh, kalah paraséa di kantor hansip, nepi ka Ibu Kuwu mah balikna ogéna méwék sapanjang jalan,” Jang Isud, siga anu taya kakapok.
“Kadé ngomong téh, ulah pararadu, Isud! Mémang bener bieu téh Ibu kuwu linggih ka pangkuleman énggal Juragan Kuwu. Teras pabéntar paham sakedik, dugi ka Juragan Kuwu nyariosna rada tarik, awor sareng soanten Ibu Kuwu, anu sapertos nuju latihan téater. Ibu kuwu mulih
“Selanjutnya Ibu Kuwu menepungi Ustad Otong. Lalu bercerita tentang masa lalunya, ketika baru saja tiba di kantor hansip,” ceuk Jang Isud,
“Geuning kalah nyarita maké basa kitu?” Bah Dinta rada ngahuleng.
“Ngarah téréh, Bah. Ngomong ku basa Sunda mah sieun salah. Teu kaur salah ngalarapkeun, geuning Abah mah sok langsung nyégag,” témbal Jang Isud.
“Enya, da kudu puguh aturanana, Jang. Apan ieu téh mangrupa kabeungharan basa urang,” ceuk Bah Dinta,
“Kabeungharan ogé, ari barudak ngora geus wegaheun makéna mah, lila-lila bakal musnah, Bah,” témbal Jang Isud,
“Geus gandéng lah. Nu kitu mah urusan gegedén basa. Lain pikiraneun urang ieuh. Barina ogé, rék iraha majuna atuh urang Cigorowék téh, ari ngan hayoh baé nguruskeun anu kitu mah,” pokna Bah Dinta,
“Apan Abah anu ngamimitianana!” ceuk Si Among,
“Tamba kesel baé atuh, Jang.
“Enya puguh, Bah. Uing téh sabenerna mah boga pamaksudan, pangna datang ka dieu téh,” pokna.
“Sok, buru atuh! Geura…” teu kebat nyaritana, sabab kaburu ditémpas ku Jang Isud.
“Sabar, Bah. Apan uing ogé rék cacarita,” kitu ceuk Jang Isud.
“Lain geura cacarita, Sujang. Maksud Abah téh, geura kaluarkeun udud kérétékna. Geus dua bulan, Abah teu ngenyot udud ti warung,” antukna Bah Dinta balaka.
“Puguh uing téh, rék ngedalkeun karerepet, Bah. Na kalah ngénta udud?” Jang Isud rada ngaheruk.
“Ah, Abah mah teu hayang nyaho. Rék karerepet atawa rék pikabungaheun, nu penting mah konvénsional wéh. Unggal anu tatamba ka Abah, kudu méré udud jeung ngeupeulan amplop,” kituna téh, Bah Dinta
“Apan ayeuna mah jaman oréf, Bah?”
“Naon oréf téh?”
“Sumuhun, ordeu réformasi,”
“Ah, da euweuh patula-patalina antara jangjawokan jeung oréf mah. Lamun jangjawokan jeung Pérsib, pasti aya,” témbalna.
“Kumaha tah?” Jang Isud kalah tumanya.
“Tanyakeun baé langsung ka Taufik Faturohman. Pasti manéhna mah leuwih apal. Malah sagala rupa anu aya di ieu dunya ogé, nurutkeun manéhna mah, pasti aya patula-patalina jeung Persib,” kituna téh, Bah Dinta
“Geuning kamari mah, aya pamaén asing Pérsib, anu rék galungan di lapang?” geus teu ngajalur deui baé wangkongan téh.
“Da lain salah pamaén éta mah. Sidik pisan salah wartawan,” puguh baé Bah Dinta némbalan, ari kana urusan maén bal mah.
“Salah wartawan kumaha?” Jang Among panasaran.
“Enya, abah ogé méh-méhan ngajorag ka Stadion. Atuda maké jeung nuliskeun berita: Persib ‘dipukul’ PSMS. Komo dina berita kamari mah: Persib ‘tersungkur’. Sok geura, saha nu teu nafsu atuh? Saha nu wawanianan memukul Persib? Abah wani maju panghareupna!” Bah Dinta némbongkeun batu alina.
“Atuh éta mah métafor, Bah,” Jang Isud nyéréngéh.
“Teu paduli Si Métamor keur Abah mah…!”
“Métafor mah
“Naon bédana jeung paradoksal?” Bah Dinta rada kerung.
“Tah, kurang leuwih adi-lanceuk mereunan, Bah,” témbalna Jang Isud.
“Geus ah, tong jig-jigan kana métafor jeung paradoks sagala rupa. Da silaing mah lain panyajak ieuh, lin. Sok ayeuna mah geura balaka, aya naon pangna ngahajakeun nepungan abah?” kituna téh,
“Kieu Bah, uing téh ngarasa watir ningali sobat uing, Si Among téa,” pokna.
“Baruk? Na kumaha kitu? Gelut deui jeung hayam?”
“Sanés, Bah. Anjeunna téh tos aya kana dua sasihna, teras-terasan ngangluh alum. Sapertos anu taya tangan pangawasa deui, kanggo mayunan ieu kahirupan. Unggal wengi, padamelanana ukur nyambat nami Néng Lina. Nya, kasimpulanna mah anjeunna téh ticengklak manah…” rada ngalimba Jang Isud téh.
“Tuh, silaing mah ari ka Si Samong mani dilemes-lemeskeun. Ka nu kitu patut mah teu kudu maké basa lemes. Cukup baé sebutkeun Si Samong ditampik sapajodogan ku Néng Lina nepi ka kanyenyerian. Tuluy ayeuna keur kagégéloan! Teu kudu diganti ku ticengklak manah atawa tigejrét haté,”
“Apan bilih lepat larapna, Bah,”
“Ah, da Si Samong mah lain gegedén ieuh. Pilakadar budak tukang kukulintingan. Mun sotéh Si Samong téh Camat atawa goréng-goréngna walikota, kakara maké basa nu lemes. Ngarti?” ceuk Bah Dinta,
“Ngartos, Bah,” témbal Jang Isud.
“Di mana ayeuna mangkelukna?” tanya Bah Dinta.
“Nuju ngajoprak di Cipadung, Bah,” pokna.
“Gampil atuh ari kitu mah. Ayeuna kénéh silaing indit ka Jatayu, papagkeun Néng Lina. Tuluy bawa ka Cipadung. Geus kitu, papagkeun Lurah Ukar, ulem baé Mang Lebé. Pruk, kawinkeun harita kénéh! Bérés, pan,” kituna téh
“Gampil ari nyarios mah, Bah. Tapi prak-prakanana anu hésé téh,” ceuk Jang Isud.
“Jeun teuing, ah. Da ayeuna mah keur ngetrénd ieuh, ukur nyarios téh. Keur usum loba ngawangkong jeung loba ngawadul ayeuna mah…” ceuk Bah Dinta kalem naker. Teu anéh deui, ari kurang panyocok mah, da sok kitu nyaritana Bah Dinta téh. ***




Dasar Bah dinta!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!
hehehehehehehhhhhhhhhhhhhh……………..
Nuhun ahh kang Dhipa
ini juga sae kang !