Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 07-12-2010 |
Sajak IWAN M. Ridwan
Bulan ukur jadi kalangkang dina peuting ngabangingik, jadi tumbal dina réwuan juta lampu nu moncorong. Beureum, konéng ngagindingan kota, sawaréh lalumpatan di jalan-jalan patakonan. Ting garerung bari ting sérépét meupeus lamunan. Langit beuki alum némbongkeun kaceuceub. Kuring beuki anteng ngelun-ngelunkeun haseup filter, sumarambah ngalimpudan jomantara. Nyéh, bulan seuri basa kuring ngajak sasalaman, ngajak ulin lulumpatan dina kecap-kecap nu ngawangun puisi…
Bandung, 19 Pébruari 2008
Dimuat dina Galura edisi Minggu ka I Agustus 2010








sajaknya dikit banget.. ga asik
Ka Cynthia : Atuh da rengsena sakitu…
nyeredet kanu hate
ih meni sae,,,,seredet kana hate teh,,,,,
Yah lumayan…bagus2..
meuni sae……opat jempol kangge kang iwan..!!
punten kang nyuhunken ijin bade d share, , ,
wios weh ath kanggo tugas meni sirik
izin kopas kang..