Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 03-07-2008 |
Karya Patandang Nomor Naskah: 037
Heorna sora angin matak paur. Hateup saung rangsak lebah sisi, sesana nyampak rabig ngahalangan jandela nu surem ku cai hujan. Ku gede-gede angin, saung ranggon nu dipake ngiuhan ngarieg lir nu rek runtuh. Hujan the mohaka tug tepi ka wanci Isa.
Ari rek maksakeun nuluykeun lalampahan asa wegah kudu jibrug, ari keukeuh ngadagoan rek tepi ka iraha rootna hujan teh. Ari keueung mah nataku komo kaayaan
Hujan teu eureun kalah beuki rongkah, ku rasa kesel rumahuh mah geus teu kaitung, heueuh nya dalah dikumahakeun atuh da geus kuduna teu bisa diembung-embung, lamun nyao pihijaneun mah moal meureun indit ngamen, ari teu kitu da boga pangabutuh, najan hirup nyorangan oge ari dahar mah kudu, nyasat atuh.
Hate ngadadak atoh, barang nempo aya cahaya senter nuju ka tempat kuring. Beuki dieu beuki atra katempona. Sihoreng nu datang teh lain saurang, aya kana opatana eta jalma teh. Tingaredig moro saung, geus paamprok mah pok bae nu kumisan tumanya ka kuring.
“ Jang rek tumanya yeuh !
Susuganan ninggali awewe, ngora keneh,
ngaliwat ka lebah dieu !?,” Ceuk kecapna.
“ Henteu, teu ninggal Kang !.. malihan abdi tisonten keneh didieu the teu acan ninggal nu ngalangkung ! “ Jelas kuring ka manehna.
Sakedapan katembong maranehna ting aruleng, lir nu ngalelebah pikiran sewang-sewangan.
“ Beuu.! Kamana leosna jalma teh ! …
Mana geus peuting deuih!…abong jalma teu hideng ! mana geus peuting deuih ! “ Ceuk kecapna deui lir nu keur kasorangan.
“ Na,ari Ujang timana asal ?…
Jeung mantas timana ?… “ Omong baturna nu awakna bedegul naya ka kuring,
“ Biasa, we Kang ! mantas ngamen ti Sukapura.
Ari matuh mah! Caket dipalih dinya! Dikontrakan
Haji Mahmud! “ Tembal kuring ngajelaskeun.
“ Gening, atuh deukeut ! pagedeng-gedeng jeung
Kampung kuring ari kitu mah!.” Ceuk kecap nu make dudukuy mauran.
“ Na kunaon Kang ! eta awewe teh diteangan ?
Kabur Kang! “ Tanya Kuring hayang apal.
“ Heueuh,! Anak kuring eta teh, hariwang rada
Gering ingetan, geus digembok oge kamarna!
Ihh, bisa we kaluar, jalan jandela ! “ Omong nu kumisan ngajelaskeun. Kituna teh katembong keureut beungeutna semu keuheul.
Ari ku uplek mah ngobrol, teu karasa waktu teh. Hujan diluar katembong orot. Teu lila manehna sasadu rek nuluykeun lalampahan, pikeun maluruh deui eta awewe ka Kampung Leuwi Lamping. Sugan manggih laratan cenah.
Samantasna maranehna arindit tuluy memeres saung jeung mareuman ruhay, sarua kuring oge rek balik. Sabot kitu, satukangeun saung kadenge aya nu ngagorobay diselang ku sora nungagorowok lir nu reuwas kadengena sora awewe. Ngadenge nu sarupa kitu, jeung inget kana talatah lalaki tadi. Rerencepan kuring ngalengkahkeun suku pikeun nganyatakeun ka satukangeun saung. Breh, aya awewe keur kokosehan dina susukan, manehna teu bisaeun hanjat. Tuluy ku kuring disangkeh na lelemah. Dibawa ka jero saung. Geus rineh mah jeung ngaduruk deui pangpung karak kuring tumanya kamanehna nu sederng nyempod di juru, bangun nu sieun.
“ Tong sieun Nyai! Akang mah moal kukumaha ieuh !…ngan arek tumanya ! kunaon bet aya di ieu tempat ?
Ninggali kana dedegan jeung papakean najan katembong jibrug jeung ledrek oge kuring geus bisa mastikeun yen ieu awewe teh Nyi Emi nu keur ditareangn ku urang seah tea. Pikeun ngayakinkeun tuluy kuring tumanya deui,
“ Nyai Emi! geus lila nyumput ditukang teh ? atawa karak jol ?..sabab tadi bapa nyai, jeung baturna nareangan ka dieu ! “ Jelas kuring ka manehna. Ngadenge carita kuring, manehna curinghak, tuluy diukna rada ngised ka lebah kuring. Katembong sirahna culang cileung bangun nu sieun. Pok manehna cumarita.
“ Tuluy Bapa kuring rek ka mana cenah Kang ?..kadieu deui moal nya Kang ? abdi sieun Kang tulungan ! “ Ngomongna
“ Moal sigana mah Nyai ?…
Jeung sieun teh!….sieun ku naon Nyai teh !..
Sok
“ Ar caritana mah pankang Akang ! eta oge, duka kiat duka henteu abdi pikeun ngaguarna. Mun inget kalebah dinya ieu hate asa rajet, komo raga mah geus euweuh ajeneun nana. Mugi-mugi ku dipendakeun sareng Akang sing aya hikmahna. Malah mandar bisa dijadikeun pamuntangan pikeun abdi.
Samantasna indung maot sagalana meh robah, sabenerna Kang lalaki nu ngaku anak ka dbdi teh nya eta bapa tere nu geus nyokot kahormatan abdi kujalan paksa, abdi tos asa kasiksa tiap waktu kudu ngalayanan nafsu satona








Emh deudeuh teuing…
Ih….mani karunya Nyi Emi disangka gelo…..padahal bapak terena leuwih ti gelo…….!