Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 25-05-2008 |

Ku Godi Suwarna

 

Bet gumeter ramo-ramo haté kuring. Ngagupay-gupay

salira. Geus lawas teuing ku lawas, madu anggang ti

amisna. Nya ieu kuring maduna, bet piraku ilang sari

salawasna. Saban rénghap pirang-pirang binih kembang

ditebar salega sukma. Bari disiram kamelang, bising

garing pepetétan. Geus lawas teuing ku lawas. Geuning

salira teu rekah na amparan taman kuring. Duh, tangkal

nu ditilar kembang. Geuning daunna muguran. Tuluy kuring

ngarangrangan. Salawasna

 

(tina Blues Kere Lauk, Geger Sunten)