Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 18-05-2011 |

Carpon HILDA HIDAYATI

 

NU maturan kuring unggal peuting ngan ukur sora jangkrik jeung hujan leutik ngaririncik. Najan taya hujan ti langit, tapi tetep ngaririncik na langit haté. Geus tilu bulan Kang Deni teu balik, euweuh béja euweuh carita, geus baku salaki kuring mah teu balik téh.

Ké mun balik téh sarangah-séréngéh. Ditanya geus timana, paribasa geus ti leuweung néangah peti nu eusina duit. Teuing duit nanahaon teu ngalalarti, da ngaran-ngaranana ogé araranéh. Ari datang téh sok ngadongéngkeun lalakon ngalalana. Didéngékeun mah asa teu kaudag ku akal. Matak, kuring mah lamun manéhna balik tara sugan tatanya, karep kuma dinya da pasti ngadongéngna éta deui-éta deui.

            Teu siga biasana, kuring sok haré kang Deni lamun teu balik gé. Teuing aya naon haté téh mani ngahéab jeung aya nu ngajurung na jero ati pikeun nyusul salaki. Aya naon atuh ieu téh? Asa ku araranéh.

            Aya kana samingguna éta pananya téh ku kuring teu dipikiran. Tapi hiji peuting kuring ngimpi mani asa enya jeung nyata. Kuring nénjo Kang Deni teu dibaju, ukur disasarung wé, ménta tulung ka kuring, tapi kuring tonggoy leumpang jeung barudak. Éta mah langsung lilir, késang luut-léét, lieuk ka barudak “Aya naon kang Déni? Gusti Nu Maha Agung, ieu téh aya kila-kila naon?” tanya kuring dina jeroning haté. Galécok sorangan.

            Éni, budak nu panggedéna, anu sok jadi batur pakumaha jeung kuring. lamun kuring ambek atawa keuheul ka bapana, sok nyarita ka manéhna. Sanajan budak kénéh, tapi da budak kuring nu hiji ieu mah béda pikiranna téh, déwasa pisan, matak asa aya batur ngobrol jeung manéhna. Kuring nyaritakeun ngimpi anu peuting.

            “ Ni, peuting ema téh ngimpi si bapa, totondén goréng ceuk ema mah,” dicaritakeun wé ku kuring lalakon dina impian téh.

            “Kila-kila naon atuh nya ma eta the? Tapi… keun wé urang nga du’a, mugia apa salamet badé dimamana waé ogé” témbalna. Emh… mani daria. Ngadéngé budak ngomong kitu, kamelang téh rada ngurangan.

            Dua minggu sanggeus ngimpi éta, kuring masih inget kénéh. Komo basa éta impian téh geus datang deui. Beurangna, kuring indit ka lembur peuntas rék ka imah Kang Darman sobat salaki. Kabeneran harita kang Darman keur nyampak, kakara jol pisan ceuk pamajikanna mah.

            “Kaleresan pisan nembe jol kamari bapana budak téh, mangga kalebet,” kitu ceuk Ceu Éha.

            Kuring asa héran, naha ari kang Darman balik, tapi salaki kuring can datang-datang kénéh baé? Tapi, teu pok ari nanyakeun mah. Sup wé kuring ka imahna. Teu lila, Kang Darman mukakeun hordéng kamarna, da mémang kamarna téh henteu dipantoan, ukur ditutupan ku hordéng urut sepré.

            Barang Kang Darman ningali kuring, manéhna siga nu reuwas, beungeutna sepa. Puguh baé asa teu ngeunah haté. Aya naon atuh Kang Darman teu siga sasarina?

            “Geuning nyai?” pokna bari balabab-belebeb, bangun reuwas.

            “Muhun, Kang. Abdi kaleresan uih ti pasar, ah nyimpang heula wé kadieu, manawi aya akang. Allhamdullilah akang nyondong geuning…” cek kuring.

            “Muhun, kamari akang mulang. Nyi..nyi…! Pangnyieunkeun cai keur semah yeuh…” Cek kang Darman ka pamajikanana.

            “Muhun kang, maksad abdi kadieu téh bade naroskeun Kang Deni. Barudak tos nararoskeun waé, mani teu aya wartosna pisan. Manawi akang uninga?” tanya kuring.

Ti dinya katénjo pisan Kang Darman teu sasarina. Sikepna anéh, ngahuleng, beungeutna beuki pias, malah beuki lila sari-sari siga rék ceurik. Kuring bingung, naha kunaon ari Kang Darman.

Kalayan sora nu halon,  sobat salaki kuring téh antukna ngabéjé-béaskeun sagala rupana. Barang ngadéngé caritaan Kang Darman, kuring mani asa kabéntar gelap tengah poé éréng-éréngan. Dunya asa eundeur. Cangcaya… cangcaya… tapi da kitu pisan caritaan Kang Darman téh. Piraku teuing Kang Darman ngabobodo mah. Gusti Nu Maha Agung…

            Ceuk Kang Darman, salila ieu téh salaki kuring indit ti imah lain néangan gawé, tapi kawin deui jeung awéwé anu kungsi jadi kabogohna basa keur jaman sakola SMP di dayeuh.

            “Kang… Kang Darman, ulah heureuy…” antara cangcaya jeung hayang leuwih ngayakinkeun, .

            “Nyi.. Akang téh henteu bohong. Satadina mah moal dicaritakeun, tapi da akang teu téga ningali Nyai karalang-kuriling néangan salaki…”

            Geus puguh kitu mah, kuring henteu wasa nahan kapeurih. Cimata budal bareng jeung bedahna rasa tunggara. Duh… naha Kang Déni mani téga ngahianat ka kuring? Naha manéhna teu nénjo barudak anu sakitu nyaahna tur satia ngadu’a keun bapana?. Naon salah kuring nepi manéhna kawin deui? salila ieu, kuring teu loba paménta ka manéhna. Lamun aya duit, kuring dirésikoan. Lamun euweuh, kuring tara sugan méménta. Tara loba omong komo ngaborongkeun. Da kuring narimakeun milikna ukur sakieu.

            Tapi… naha Kang Déni ngahianat ka kuring? Ti mimiti kawin nepi ka ayeuna, kuring satia ka manéhna. Tapi… kunaon? Naha naon atuh salah kuring téh?

            Salaki kawin deui. Tunggara nu taya papadana. Budak teu kaperhatikeun. Cul jeun. Kuring asa jadi jalma gélo. Teu sanggup mikiran perkara séjén kajaba hianatna Kang Déni. Kacida nyerina. Kacida peurihna. Salaki anu salila ieu dipikareueus, dipikacinta sagemblengna.

“Keur naon Neng ngajentul sosorangan di dieu?”

Gebeg! Ngaranjug kabina-bina bari ngan sakilat malikeun awak. Breh… Darma keur ngabedega bari neuteup seukeut lir hayang nembus kana ieu jajantung, lir nu keur ngobet eusining hate. Ret, ka sakuriling. Taya sasaha deui di jambatan teh. hawar-hawar kadenge sora kareta api. Ret ka handap, rel kareta api ngembat ti handapeun jambatan manjang nepi ka leungit dina wangunan-wangunan gedong nu hayang ngajul langit. Ret deui ka Dharma. Naha Dharma bet aya didieu? Naha Dharma teh rek nagih balesan suratna, anu teu kungsi diwalonan? Surat Dharma anu katarima… basa kuring keur SMA, anu memang teu kungsi boga niat ngawalonan.***

 

Dimuat dina Majalah Seni Budaya