Kategori: Info | Diterbitkan pada: 18-10-2010 |
PIKEUN anu katilu kalina, Yayasan Kabudayaan Rancagé ngalélér pangajén ka guru basa Sunda anu euyeub préstasi. Sajabana ti ngalélér Hadiah “Hardjapamekas”, digelar ogé seminar pendidikan nu jejerna “Etnopedagogik dan Pengembangan Budaya Sunda”, kalayan panyatur Ajip Rosidi, Prof. Dr. Ir. H. Ganjar Kurnia, DEA (Réktor UNPAD), Prof. Dr. H. Sunaryo Kartadinata, M.Pd (Réktor UPI Bandung), jeung Prof. Dr. Soz Gumilar Rusliwa Somantri (Réktor Universitas Indonésia). Ieu acara lumangsung di Gedong JICA, Kampus UPI, Jl. Dr. Setiabudi, Bandung (23/09/10).
Pangajén pikeun guru basa Sunda téh dingaranan “Hardjapamekas”, anu ngacu ka ngaran salahsahiji tokoh pendidikan Jawa Barat, nyaéta almarhum R.S. Hardjapamekas (1913-2005). R.S. Hardjapamekas, ti keur ngora nepi ka tungtung umur, museurkeun panitén kana widang pendidikan, minangka guru anu saterusna jadi dosén IKIP Bandung (ayeuna UPI), aktif nulis buku-buku pangajaran, hususna pangajaran basa Jérman.
Déwan Juri anu matotoskeun saha-sahana nu katimbang merenah dilélér Hadiah Hardjapamekas taun ieu, diwengku ku Prof. Dr. Iskandarwassid, Drs. H. Elin Syamsuri, jeung Dr. Safrina Noorman. Dina enggoning ngajén para calon pinunjul Hadiah Hardjapamekas, Déwan Juri teu leupas tina cecekelan pangajén. Teu béda jeung taun saméméhna, nu jadi tatapakan téh nyindekel kana tilu kritéria poko:
Kahiji, kritéria paédagogis. Ieu kritéria téh neueul kana kaparigel guru basa Sunda enggoning ngalaksanakeun tugas édukatifna di sakola. Dina harti parigel ngararancang, ngalaksanakeun, jeung ngamekarkeun pangajaranana di sakola. Kadua, kritéria kompeténsi pribadi. Nu ieu mah tujulna guru nu sanés waé parigel nepikeun pangajaranana di sakola, saluyu sareng kurikulum, nanging ogé motékar enggoning ngahiap murid-muridna sangkan dalit kana basa Sunda. Boh nu lisanna boh nu tinulisna. Sagédéngeun éta, ogé karasa ku masarakat ayana guru basa Sunda. Dina harti sasieureun sabeunyeureun bisa aub dina kagiatan masarakat nu aya patalina jeung kamekaran basa Sunda. Katilu, kritéria kompeténsi profésional. Dina harti guru nu kaselir téh nu katimbang weruh kana bagbagan ngajar jeung tabah kana padikana ngajar, utamana jeung pangajaran basa di sakola.
Di antara guru-guru anu kadata ti Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Basa Sunda sa-Jawa Barat, nu ngawengku 27 Kabupatén/ Kota téh, ukur bisa ngajaring 21 ngaran guru Basa Sunda ti 13 Kabupatén/ Kota. Wincikanana, 5 guru SD, 10 guru SMP, jeung 6 guru SMA. Sabada diayak, kajaring tilu ngaran guru basa Sunda tina unggal katégori. Jumlah kabéhanana 9 ngaran. Dumasar kana Kaputusan Rapat Déwan Juri Hadiah Hardjapamekas 2009, di Bandung, 6 Séptémber 2010, guru basa Sunda nu kasinugrahaan Hadiah Hardjapamekas 2009 téh nyaéta: Sunta Atmaja (Guru Basa Sunda SDN Mulyasari I UPTD TK, Kacamatan Ciampel, Kabupatén Karawang), Daningsih Kurniasari (Guru Basa Sunda SMPN 1 Depok, Kota Depok), jeung Rayudin, M.Pd. (Guru Basa Sunda SMKN 4 Sukabumi, Kota Sukabumi). Tilu guru nu kapilih téh dilélér Hadiah Hardjapamekas mangrupa trofi, piagem, jeung duit nu gedéna masing-masing Rp. 5.000.000,-
Nurutkeun Hawé Setiawan, salahsaurang pangurus Yayasan Rancagé, dina rakprakanana ngajurian tacan bisa ngayakeun observasi langsung ka unggal sakola, ku alatan pasualan waragad. Ceuk Hawé, panitia tacan boga jaringan nu kuat ka para donatur, sponsor, jeung pamaréntah. Donatur dina kagiatan “Hardjamekas” masih didominasi ku kulawarga Hardjapamekas, diantarana Erry Riyana Hardjapamekas, anu kiwari nyangking kalungguhan minangka pupuhu Yayasan Rancagé. Ti pihak pamaréntah ogé tacan aya perhatian kana ieu kagiatan, kaasup kana kagiatan Rancagé séjénna. Kilang kitu, Yayasan Rancagé mémang henteu gumantung ka pamaréntah. Ngajén pangarang, tokoh kabudayaan, jeung guru basa Sunda insyaAllah baris terus lumangsung. Kitu ceuk Hawé Setiawan.

Sunta Atmaja
Ieu guru basa sunda téh lahir di Karawang, 13 November 1965. Kiwari matuh di Dusun I Kampung Kedungwaru, RT. 02/ RW. 03, Désa Kutapohaci, Kacamatan Ciampel, Kabupatén Karawang. Ngaréngsékeun Program Diploma II Universitas Terbuka UPBJJ Bandung, Jurusan Pendidikan Guru Sekolah Dasar (PGSD), taun 2001. Kungsi ogé nyuprih pangarti di DIII Universitas Terbuka UPBJJ Bandung, Jurusan Inggris Penerjemahan, tapi henteu diréngsékeun. Kiwari, Sunta keur ngaréngsékeun S1 di Universitas Terbuka UPBJJ Bandung, jurusan Pendidikan Guru Sekolah Dasar (PGSD).
Sunta Atmaja mimiti jadi guru di SDN Mulyasari I UPTD TK Karawang taun 1986. saterusna taun 1992-2004, kungsi ngajar di SMPN 1 Ciampel, minangka guru tidak tetap. Sajabana ti ngajar, ti taun 1998 nepi ka kiwari aktif di Koran Sunda Giwangkara salaku koréspondén wilayah Karawang, kalayan hasil tulisannna geus ratusan. Antara taun 1998-2008, Sunta ogé kungsi nulis di Gapura Winaya, majalah pendidikan Kabupaten Karawang, tug nepi ka jadi redaktur. Salaku guru basa Sunda, Sunta aktif nulis nu patali jeung kamus. Hasilna geus aya tilu naskah kamus nu kari medalkeun, diantarana Kamus Sunda-Indonesia; Kamus Basa Sunda Wewengkon Karawang; Kamus 4 Bahasa: Jawa Karawang-Sunda-Indonesia-Inggris.
Daningsih Kurniasari
Ieu guru basa Sunda téh lahir di Tasikmalaya, 13 Maret 1965. Kiwari matuhna di Ratu Jaya, RT. 02/ RW. 05 No. 8, Depok. Ngaréngsékeun atikanna di Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda, Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan (IKIP) Bandung, taun 1993. Dina taun 2006, Daningsih ogé nuntaskeun atikan di program magister kalayan bidang studi manajemen pendidikan di Universitas Pakuan (Unpak) Bogor. Rayudin dilélér anugrah Satya Lencana Panca Warsa widang Pramuka tingkat Propinsi Jawa Barat ku Kwarda Propinsi Jawa Barat.
Sabada ngaréngsékeun DII Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda, dina taun 1986 Daningsih mimiti jadi guru di dua sakola di Bandung. Dina taun 1987, Daningsih ogé kungsi ngajar di SMPN 2 Ciawi, Tasikmalaya, sarta taun 1992 mimiti ngajar di SMPN 1 Depok. Daningsih ogé ngajar basa Sunda di PGRI 1 Depok (2001), PGRI Depok Jaya (2002), jeung SD al-Azhar Cibinong, Bogor (2009). Minangka penulis, sajabana ti nulis makalah jeung karya ilmiah, Daningsih kungsi nulis buku pelajaran basa Sunda, diantarana Rineka Basa SMP (2003), Sari Basa Sunda kelas 1 (2006), Sari Basa Sunda kelas 2 (2006), jeung Resep Diajar Basa Sunda (2006). Saméméh dilélér hadiah Hardjapamekas, Daningsih kungsi meunang anugrah Walikota Depok minangka Guru Teladan taun 2003.
Rayudin, M.Pd.
Ieu guru basa Sunda téh lahir di Majalengka, 27 Novémber 1971. Kiwari matuhna di Perumahan Sindang Palay Asri Blok B Kav. 46-47, Kelurahan Sindang Palay, Kacamatan Cibeureum, Kota Sukabumi. Ngaréngsékeun atikan di Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan (IKIP) Bandung, taun 1995. Saterusna dina taun 2006, Rayudin lulus ti program magister, jurusan pengembangan kurikulum di Universitas Pendidikan Indonesia (UPI) Bandung.
Ti taun 1997, Rayudin ngamimitian jadi guru minangka guru basa Sunda di SMPN 1 Maja Kabupaten Lebak (1997-2000), SMPN 15 Sukabumi (2000-2009), Kelas Akselerasi SMPN 1 Sukabumi (2001-2003), sarta ngajar di SMKN 4 Sukabumi ti taun 2009. Di sakolana, Rayudin aktif ngaping murid-muridna pikeun jadi patandang rupaning lomba. Diantarana jadi pangaping Lomba Pembelajaran Berbasis Portofruolio “Kami Bangsa Indonesia” Tingkat Propinsi Jawa Barat (2003), Lomba Motivasi Belajar Mandiri (Lomojari) pikeun SMP Terbuka Tingkat Jawa Barat (2004-2005). Dina taun 2009, SMKN 4 Sukabumi jadi Juara III Lomba Biantara Putra dina Lomba Apresiasi Basa Sastra jeung Aksara Sunda tingkat Propinsi Jawa Barat.
Rayudin ogé aktif nyusun buku pangajaran basa Sunda jeung buku penunjang pangajaran di sakola. Diantarana buku Sagara Basa (2004), Pedoman Model Penuntasan Wajar Dikdas 9 Tahun di Kota Sukabumi (2005), jeung Materi Bahan Ajar Pendidikan Keselamatan Berlalu-lintas untuk TK, SD, SMP, SMA/SMK (2005). Di luareun sakola, Rayudin ogé kungsi jadi penyunting bahan ajar basa Sunda, diantarana Pangajaran Basa Sunda pikeun SLTP (1996) pedalan Humaniora Utama Press (HUP).***(Maruta Bayu/”SB”)
Dimuat dina Majalah Seni Budaya, Edisi Oktober 2010








wahh guruku ituuuu………