Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 04-09-2008 |
Sajak Usep Romli HM
Béja keur Dhipa Galuh Purba
1.
Sumuhun. Didugikeun deui abdi ka Ramadhan
Sanajan badan rambay ku barebedan
Dosa-dosa nu kapapay tacan kungsi katobatan
Diparengkeun deui ayeuna datang ka lawang kasucian
Sumuhun. Dipaparin deui abdi kasempetan
Sideku nyuuh dina amparan pupuhu bulan
Bari diri hanyir getih. Baloboran ku rupa-rupa doraka
Kanyaah Gusti, geuning sakitu pohara
Maha Kawasa Anjeun, ya Robbana
Nu nebihkeun malakalmaot ti umur abdi ayeuna
Abdi puasa kalayan direjekian sagemblengna
Abdi buka kalayan direjekian taya kirangna
Abdi ditangtayungan. Dijaga diraksa. Ditatap diusap
Maha Berehan Anjeun, ya Wahhab
Padahal abdi tan kendat maksiat
Padahal abdi taya lirenna hianat
Ngabur mangprung kanirca diumbar diabur
Maha Pangampura, Anjeun, ya Goffur
Mugi abdi dilebetkeun ka nu kenging rohmat
Sanaos ukur kekebul dina gorombyangan jagat
Allahumma inni as’aluka bi rohmtikal lati
Wasi’at kulla syai’in antaghfiro lii.
2.
Girimis langit. Girimis tangis
Jadi hinis. Nyebitan rereged diri
Nu teu euih-euih. Ngongkoyangan jiwa dareuda
Peurih liwat ti peurih. Bet teu euih-euih
Nalangsa tinggal nalangsa
3.
Wates lahan mulang geus ketembong
Kawas panonpoe moncorong
Nojo panon. Da ngan sahontaleun
Ngan napsu jeung rasa marakayangan
Ngaberung teu eureun-eureun
4.
Padahal aya nu ngajega megat
Malaikat. Malaikat. Malaikat
Ngintip-ngintip ku cameti
Rek lumpat, lumpat ka mana”
Pajaratan masih lega ukur keur hiji raga
Rek kabur samemena
Moal isuk moal jaga
Ancaman ajal datang tumiba
Ngadago panggero
Ka kalbu nu ayem tengtrem
Ngan naha bari jongjon bogoh sono
Ka buana poek peteng.
***
Satengahing Hujan Cimata
1 Ramadhan 1429








Subhanallah walhamdulillah….
mugia Allah SWT. nepangkeun urang sareng endahna sasih Ramadhan dina mangsa nu bakal datang. Amin ya Allah ya Rabbulalamin!