Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 02-06-2008 |

 

Teuteup hidep mawa nganjang mangsa katukang
Basa hidep masih ngancik na bali

 

Naha hidep ngadangu ceurik balilihan indung?

 

Naha anjeun nenjo sarwaning lalakon

 

Nu ngarumpak tetekon

 

 

Basa hidep gumelar, dipapag cimata

 

Dipirig jumerit

 

Nyeri, kanyenyerian

 

Ceurik hidep kasilep jumerit

 

Hidep kasaatan cimata

 

 

Kiwari…

 

Hidep ngadadak jadi eunteung

 

Peupeus pameungpeuk rasa

 

Aya carita lawas nu kayas

 

Ririakan ngarumeukan kaca

 

 

Teuteup hidep

 

Teuteup dulur hidep dina carita hidep…

 

 

Bandung, 1 Juni 2008

teuteup_burunuk.jpg