Kategori: Galery Foto | Diterbitkan pada: 29-07-2008 |

 

Méga Citrawati alias “Itik” di Pura Tirta Empul

Pura Tirta Empul téh perenahna henteu jauh jeung Istanana Présidén Soekarno. Minangka salahsahiji pura anu badag di Bali. Di ieu Pura aya mata cai anu dipercaya minangka cai suci ku urang Bali. Upama asup ka ieu Pura, lalaki atawa awéwé kudu maké kaén Bali. Dina éta cai,  réa anu mandi, nginum, atawa saukur tamas. Lantaran caina dianggap suci, mangka réa urang Bali anu datang ka Pura Tirta Empul téh tujuanna pikeun nyucikeun diri. Aya deui sabangsaning mitos, upama tamas ku ieu cai suci téh bakal awét ngora tur dipikaresep.