Kategori: Ruang Publik | Diterbitkan pada: 08-03-2008 |
Hatur nuhun kana kintunan seratna. Hapunten nembé tiasa ngawaler, patali sareng sawatara kaperyogian anu teu tiasa dikantunkeun, anu antukna kuring tacan manggih waktu nu rinéh pikeun nyieun
Patarosan Kang Yadi, nu leuwih merenah mah ditujukeunana ka juri Festival Drama Basa Sunda X (Pa Rahman Sabur, Kang Godi Suwarna, atawa Kang Ayi Kurnia). Tapi lantaran tumanya ka kuring, tangtu baé bakal dijawab ku kuring dumasar kana kacamata subyéktif kuring. Anggap baé ieu mah sakadar tukeur pendapat, anu mugia baé bisa hikmahna bisa ngaraketkeun tali duduluran. Sacara pribadi, kuring ngarasa bungah aya masarakat nu kritis kana kagiatan Festival Drama Basa Sunda. Hartina tingkat afresiasi masarakat kana téater Sunda beuki undak.
Hanjakal pisan Kang Yadi ukur nongton Téater Dongkrak Tasikmalaya, anu antukna moal aya pikeun bahan babandingan. Mangkaning jumlah patandang Festival Drama Basa Sunda X téh apan sakitu riabna,
Doni Muhamad Nur kungsi tumanya, naon hartina tulisan kuring ngeunaan Téater Dongkrak? Ceuk kuring, lalajo Téater Dongkrak téh kakara poé kalmia Féstival Drama Basa Sunda X. Hartina, dina poé kagenep, katujuh, jeung saterusna, gedé pisan kamungkinan ngalalajoanan deui pintonan nu leuwih hadé batan Téater Dongkrak. Kuring muji kana property ranté anu ngabakutet tilu tokoh (Sarwani, Burhan, jeung Dalka). Ku ayana éta ranté, jadi nimbulkeun ajén éstétika visual. Sajabana ti éta, ranté ogé sakaligus jadi musik nu kalintang ngarojongna kana suasana jeroning pangbérokan.
Tapi béda deui jeung pamadegan Arma Djunaédi mah. Ceuk Arma, kurang réalistis mun di pangbérokan jaman kiwari nepi ka diranté siga kitu. Asa dina abad VI venah. Pon kitu deui, Kang Godi Suwarna ogé kungsi ngedalkeun pamanggihna ngeunaan hal anu sarupa jeung Arma Djunaédi, Ceuk Kang Godi, siga dina jaman Romawi baé. Puguh baé kuring ngajénan pamadegan Arma jeung Kang Godi. Komo deui Kang Godi sasatna juri Féstival Drama Basa Sunda X, anu tangtu leuwih weruh kanyahona ngeunaan drama Sunda. Ari kuring mah tetep husnuzon tur yakin yén putusan juri henteu salah.
Kilang kitu, ari perkara pamadegan mah apan kaci béda. Ari pikeun kuring mah tetep wé tilu pamaén anu diranté téh réalistis. Sabab, tilu tokoh anu diranté téh mangrupa roh, lain jalma. Kuring nyawang ranté téh lain ranté alam dunya, tapi ranté di alam roh. Maranéhna diranté sangkan teu bisa turut campur deui kana urusan alam pawenangan.
Dina enyana deuih, nu geus maot mah apan teu bisa pipilueun deui (balik deui) ka alam dunya. Hartina, kuring mah nyawang ranté téh saukur simbul panyengker nu misahkeun éta tilu tokoh jeung alam dunya. Taya nu apal kalayan écés, siga kumaha jeung kumaha suasana kaayaan di alam roh. Ukur dikira-kira. Nu ngarangna ogé moal apaleun kalayan jinek kaayaan manusa di alam kalanggengan. Ku kituna, kuring mah tetep nganggap merenah ku ayana property ranté nu nyangreud éta tilu tokoh. Nyebut henteu réalistis ukur bisa ditarima ku kuring, lamun éta tilu tokoh téh mangrupa jengléngan jalma hirup siga tokoh sipir. Kangaranan roh mah rék diranté, rék digantung, rék ditiir ogé, sigana moal aya nu bisa nyalahkan, da puguh hésé ngabuktikeunana. “…Mangsa mendak jawabna: kuring taya dikieuna…” kitu ceuk rumpaka lagu bandungan “Sakaratul Maut” garapan Dasentra, anu rumpakana diserat ku Kang Ganjar Kurnia.
Kuring panuju kana putusan juri Féstival Drama Basa Sunda X. Sabab kuring yakin, sawangan juri leuwih seukeut batan kuring. Téater Dongkrak mémang mibanda kualitas nu punjul, tapi dina poé-poé satuluyna Féstival Drama Basa Sunda X, aya deui nu leuwih punjul tur pantes nyangking jawara Féstival Drama Basa Sunda X. Mémang ari hadena mah aya sabangsaning BÉJÉR PANGAJÉN DÉWAN JURI, anu ngabahas sapanjang pintonan sacara rinci, lebah mana kahéngkéran jeung kapunjulan saban grup téater, kaasup alesan pangna déwan juri mutuskeun TTM, Toneel, jeung Sketsa 18 mangrupa pinunjul kahiji, kadua, jeung katilu. Ku cara siga kitu, mangpaatna bakal kalintang réa pikeun masarakat. Sabab ari kuring mah ukur bisa nyebutkeun: RESEP jeung TEU RESEP dumasar kana pangaresep sorangan. Ari déwan juri mah apan teu bisa kitu, da kudu obyéktip dibarung ku élmuna, sarta nyieuhkeun hal-hal anu sipatna subyéktif.
Sakitu
Di hiji riungan wanoja, kuring kungsi disebut lalaki anu pangkasépna. Puguh baé éta pamadegan téh salah kacida, sabab dina éta riungan, lalakina ukur kuring hiji-hijina. Pantes wé kuring disebut kasép, da lalakina ukur kuring. Manéhna teu bogaeun bahan keur babandingan. Coba lamun dina éta riungan téh aya Agus Bebeng, Miftahul Malik, Dadan Sutisna, Pandu radea, Lugiena Dea, Djadjas Djasepudin, Toni Lesmana, Godi Suwarna, jeung sajabana… tangtu baé anu bakal disebut pangkasépna téh aya kamungkinan Miftahul Malik. Sabab Miftahul Malik mah tarangna lénang, nandakeun jalma nu weruh sadurung winarah. Kabuktian karesepna ogé masak jeung ngukut sarupaning kekembangan.
Hayang kénéh nulis
PusInfoKom, 8 Maret 2008
DHIPA GALUH PURBA







