Kategori: Obituari | Diterbitkan pada: 30-09-2007 |

Ku DHIPA GALUH PURBA

 

Minangka pangémut-ngémut ka Tati Saléh (almh), dina édisi édisi ieu seja ngaguar deui lalakon ieu sri panggung ti Tatar Galuh anu kakoncara. Sanaos Tati Saléh parantos ngantunkeun, nanging ari jenenganana mah moal dugi ka ngiring pupus. Pangna kitu, seueur pisan jasa anjeunna dina widang kasenian. Jenenganana baris terus nganteng tur dipiéling ku masarakat anu micinta kasenian.

*

 

BABARNA mah di Jakarta, ping 24 Juli 1944. Sanaos kitu, ari luluhurna mah ti Tatar Galuh, Ciamis. Apan Tati Saléh téh teureuh ménak Ciamis, putra Radén Abdullah Saléh sareng Tjarwita Djuariah. Jenengan Tati Saléh langkung kakoncara batan jenengan aslina, Radén Siti Hatijah Saléh. Bisa jadi ieu téh salah sahiji anu nuduhkeun yén dina kahirupan sapopoéna Tati henteu pati némbongkeun turunan ménak, tetebiheun kana adigung atanapi asa aing uyah kidul. Tétéla, henteu kitu Tati Saléh mah, da écés “merakyat” tur aub jeung tingkat masarakat kumaha baé sapanjang dina jalan bebeneran.

Tati Saléh nyuprih pangarti di SDN Ciamis (1952-1958); SMPN 1 Ciamis (1959-1961); Konservatori Karawitan (Kokar) Bandung (1961-1964). Janggélék jadi sri panggung nu kakoncara tur dipikalandep ku balaréa. Iwal ti juru kawih, juru tembang, penari pamaén film, mémang jenenganana henteu tiasa dipisahkeun sareng kalumangsungan tari jaipongan, babarengan sareng Gugum Gumbira. Karya monuméntal Tati Saléh dina widang jaipongan antarana ngaréka tari jaipongan anu katelah “Lindeuk Japati”, “Rinéka Sari”, sareng “Méga Sutra”.

Ti bubudak, kira yuswa 5 taun, Tati Saléh tos mikalandep kawih sareng tembang anu dihaleuangkeun ku juru kawih sareng juru tembang anu popilér taun 1950-an, saperti Upit Sarimanah, Titim Fatimah, sareng Nyi Mas Saodah.  Tangtos baé sanés saukur resep ngadangukeun wungkul, da Tati Saléh ogé satékah polah neuleuman élmuning ngawih atanapi nembang. Basa nuju SD mah diajarna téh ka ramana. Nincak SMP, diajar ka guruna. Atuh basa tos sakola di Kokar, Tati langkung laluasa kanggo guguru ka para seniman kakoncara, saperti Mang Koko, Mang Engkos, Apung, Bakang Abu Bakar, ssjb. Ari dina widang nari mah, Tati Saléh kantos guguru ka Cécé Somantri, Enoch Atmadibrata sareng Ono Lesmana.

Tati Saléh kantos ngabuktoskeun pangaweruhna dina widang tembang, basa dilélér gelar juara II Pasanggiri Tembang Sunda anu diayakeun ku DAMAS (Daya Mahasiswa Sunda). Tangtos baé sabada jadi pinunjul II nembang, Tati Saléh mindeng dilibetkeun kana pagelaran anu digelar ku rupaning pakumpulan seniman kakoncara, saperti “Sulanjana”, “Viatikara”, “Guriang”, “Jugala”, ssjb.

Nurutkeun Nano S, basa ngadadarkeun lalampahan sareng Tati Saléh di hiji radio swasta, kacida nineungna ka Tati Saléh téh. Pangpangna mah Nano S téh kantos sasarengan dina sawatara kagiatan kasenian. Sawatara lagu ciptaan Nano S kantos dihaleuangkeun ku Tati Saléh.  Malah Tati Saléh pisan anu munggaran ngadobrak dapur rékaman kalayan ngahaleuangkeun lagu karya Nano S, nyaéta “Sur-Ser”. Lagu-lagu ciptaaan Nano S séjénna anu dihaleuangkeun ku Tati Saléh aya anu dina wanda pop Sunda, kacapi keroncong atanapi degung. Dina pop Sunda, antarana lagu “Karnadi Bandar Bangkong” (SM Record, 1974), “Imut Nu Ngajalanan” (SM Record, 1974), “Percomah” (SM Record, 1975), “Colénak” (SM Record, 1975) “Sekar Tresna” (SM Record, 1976), jsté. Dina wanda kacapi keroncong, contona lagu “Anjeun” (SM Record, 1985), “Potrét Manéhna” (SM Record, 1987), jsté. Dina wanda degung, contona lagu “Balébat” (SP Record, 1979), “Naon Lepatna” (SP Record, 1979), “Kuring Titip Ieu Lagu” (SP Record, 1979), jsté.

Minangka babaturan sakelas, Tati Saléh sareng Nano S mindeng diajar babarengan, tug dugi ka ngayakeun rupaning eksperimen dina ngaracik lagu. “Tati Saléh mah kacida disiplin upama latihan téh. Anjeunna mindeng ngagagalkeun acara, upama jadwalna mareng atanapi béntrok sareng latihan…” kitu saur Nano S. Teu pati béda jeung anu ditulis ku Tati Saléh dina buku “Sang Komponis” (Pustaka Jaya, 2004).Tati ngadadarkeun yén anjeunna mindeng masihan ideu ka Nano S, salajengna ku Nano S diréka,anu ahirna dipulangkeun deui ka Tati Saléh pikeun dihaleuangkeun. Saperti lalakon lagu “Tunggara”. Apan éta téh éstuning pangalaman nyata Tati Saléh, basa diraheutan manah ku hiji lalaki. Kapeurih Tati Saléh dicaritakeun ka Nano S, anu ahirna ngajanggélék jadi hiji lagu anu judulna “Tunggara”.

Pait-peuheurna lalampahan Tati Saléh dina nyorang dunya kasenian, jadi catetan anu moal kapopohokeun. Saperti dina taun 1980-an, Tati Saléh kantos dicaram manggung ku salahsahiji inohong Jawa Barat. Pangna kitu, tari jaipongan dianggap vulgar sareng henteu sopan. Éta pangalaman pribadi Tati Saléh téh diréka ku Yoséph Iskandar, kalayan ngajanggélék jadi hiji naskah drama anu judulna “Juragan Toéd”. Éta naskah téh dipagelarkeun kalayan disutradaraan ku Bambang Arayana, sareng racikan musikna ku Nano S.

Tati Saléh mémang kaitung weruh dina widang ékting. Apan Tati Saléh ogé kantos janten pamaén dina film “Nyi Ronggéng”, “Biang Kérok I”, “Biang Kérok II”, “Gadis Maraton, “Bukan Sandiwara”, “Bandung Lautan Api”, “Panggilan Ka’bah”, “Si Kabayan”, “Si Buta dari Goa Hantu”, jsté. Iwal ti midang dina film, ieu seniwati nu kantos dilélér Kharisma Kartini Indonésia 1997, kantos maén dina sawatara sinétron anu diproduksi ku Karno’s Film.

*

 

KEMIS, 9 Pébuari 2006, bada asar, Tati Saléh mulih ka jati, mulang ka asal, dipundut ku Nu Maha Agung. Dinten éta, layon Tati Saléh dicandak ti Rumah Sakit Imanuél ka bumina, Jln. Saléndro Timur Raya 6, Bandung. Sawatara seniman tur artis ibu kota ngagimbung, seja neuteup layon Tati Saléh anu pamungkas. Di antarana aya Nano S, Arthur S Nalan, Éddy D Iskandar, Tatang Benyamin, Ida Rosida, Aom Kusman, Euis Komariah, Tién Rostini Asikin, Léni Marlina, Nani Wijaya, Ida Kusumah, Asép Sunandar, Ibing, Rachmat Hidayat, jsté.

Layon Tati Saléh salajengna dicandak ka Ciamis, dinten Jumaah (10/02/06), kalayan dijajap ku welasan mobil nu ngaleut meupeus simpé Tatar Galuh. Layon Tati saléh ogé disolatkeun heula di Masjid Agung Ciamis, lajeng dijajap ka pangreureuhanana anu pamungkas, pamakaman kulawarga di wewengkon Kota Kulon, Ciamis,sisi walungan Cileueur. Dina acara ngurebkeun Tati Saléh, diluuhan ku carogéna, Maman Sulaéman,  teu kantun para pajabat Ciamis, saperti Engkon Komara, Bupati Ciamis, ogé para seniman sareng artis kakoncara.

Iwal ti ngantunkeun ingkang carogé, Tati Saléh ogé ngantunkeun tilu urang putra anu kacida dipikadeudeuh. Taya sanés; Mutia Purnawati, Budi Laksana, sareng Lia Muliawati Agustini.***

 

 Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 172, Februari 2006