Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 24-09-2007 |

tania.jpgKu DHIPA GALUH PURBA

 

JENENGAN aslina mah Tania Fatmawati. Duka kumaha sasakalana dugi ka jadi Tania Désta. Tapi ngagentos jenengan atanapi nambihan jenengan téh, apan tos jadi hiji perkara anu henteu ahéng deui pikeun para seniman atanapi seniwati mah. Tangtosna ogé kanggo nambihan pangirut atanapi tiasa janten, kénging itang-itung jalmi linuhung. Kumaha bari Tania? Saha téa ari Tania téh? Hayu urang aos paguneman Tania sareng Maruta Bayu, wartawan “SB”.

*

 

UPAMA aya nu resep nongton longsér atanapi acara sisindirin di layar télévisi atanapi dina panggung kasenian, tangtos bakal kawénéhan ningali Tania. Apan ieu mojang Cimahi téh aktip tur mikalandep rupaning kasenian Sunda. Komo deui saprak ngagabung sareng Carakasundanologi, pingpinan Adang. S, Tania langkung aktip ngiring rupaning garapan kasenian Sunda.

Kumaha perkawis jenenganana? Naha bet digentos? Leres kénging utang-itung jalmi linuhung? “Ah, henteu, mung resep baé nganggo nami éta, asa nyurup. Jadi dianggo baé…” kitu saur Tania Désta basa ditepungan di wewengkon Bojongkonci, Pameungpeuk, Kabupatén Bandung. Har, naha nuju naon di Pameungpeuk? His, teu kénging lepat sangki. Tania sanés nuju ameng teu puguh. Harita téh nuju ngarojong hiji sinétron garapan TVRI Jabar & Banten. Jadi, Tania ogé kapeto minangka pamaén sinétron. Harita, dina sinétron anu judulna “Bila Nurani Bicara”, Tania merankeun tokoh Nining, minangka peran utamana. Ieu mojang anu lahir tanggal 27 Agustus 1980 téh mémang kaitung parigel dina widang ékting payuneun kaméra.

Ti bubudak, Tania tos resep kana kasenian Sunda. Basa nuju nyuprih pangarti di SD Rancabelut I, Tania mikalandep tari jaipongan. Tapi upama sakalieun manggung ogé, ukur di lingkungan sabudeureunana wungkul. Teu acan aya kasempetan manggung di gedong kasenian atawa di layar kaca. Nincak ka SMPN 1 Cimahi, Tania mimiti resep tur kataji ku dunya ékting. Tania sok ngiringan kabarét atanapi pintonan drama sanésna. Nya, mangsa nyuprih pangarti di SMA 1 Cimahi, Tania langkung daria neuleuman dunya ékting.

Ngeunaan pangaresepna, Tania kénging pangrojong  ti ibu ramana, Ibu Siti Fatmawati sareng Bapa Téténg Witarsa. Iwal ti mibanda bakat sareng sumanget anu ngagedur, ditambih ku pangrojong tangtungan Tania anu mémang kaétung proporsional, jangkung 168 cm, beurat 60 Kg. Upama sakali midang, matak ngirut anu nongton.

Ka dieunakeun, Tania ogé kantos diajar ékting di Laskar Panggung Panggung. Tangtos baé pangalaman ékting jadi mingkin nambihan. Sajabana ti maén dina “Bila Nurani Bicara”, Tania kantos midang dina sawatara garapan MQ TV. Anu panganyarna, Tania ngiring ngarojong deui sinétron garapan TVRI Jabar & Banten, anu judulna “Di Pintumu Aku Mengetuk”. Ieu garapan sinétron t[h kanggo dipidangkeun di TVRI Pusat.

Dugi ka kiwari, sumanget ieu putra kahiji ti tilu sadulur téh masih kénéh ngabebela. Tania tos mibanda tékad kanggo neuleuman dunya ékting langkung daria.***

 

Majalah Seni Budaya edisi 171, Januari 2006