Kategori: Saémbara Carpon | Diterbitkan pada: 25-05-2008 |

Karya Patandang, Nomor Naskah: 022

 

Séah angin peuting neumbag kana tatangkalan. Kadéngé daun-daun jeung kalakay tingkorosak maruragan kana kenténg. Sakapeung sorana ngahiuk, siga sora puteran kolécér nu teu reureuh-reureuh. Langit mimiti béngras kacaangan sinar bulan nu karék lugay sapasi. Teu kaciri reueuk-reueuk pihujaneun, padahal beurangna hujan ngagebrét. Ngan angin nu teu reureuh ngahéboskeun jangjangna ka unggal madhab.

Karasa angin peuting nyecep tiis. Tembus pisan kana sela-sela iga. Ngadalingdingkeun sora ruruhit jempling. Téhel-téhel lir és batu narojosan kana dampal suku.

Kuring murungkut bari nangkeup tuur di juru pangbérokan, ngan dibaturan lampu nu ngetét luhureun sirah. Beusi-beusi sagedé-gedé pigeulang leungeun ngajajar sapuluh siki. Siga tumbak nu tatan-tatan rék niruk pucuk jajantung. Di luar kapala Sipir teu reureuh ngontrol, bulak-balik leuleumpangan. Kumisna ngajedig siga hileud nahun, awakna sembada jeung katémbong sepirna nu matak pikagimireun. Bari mamawa popongkol, siga malakal maot nu rék nyabut nyawa.

Kodoprak! Kodoprak! Kodoprak !

Sora sapatuna teu reureuh siga tapal kuda. Kalan-kalan ngajauhan, kalan-kalan ngadeukeutan. Reg, eureun hareupeun pangbérokan kuring. Karasa tuur téh ngageter. Rey saawak-awak ngadégdég. Bulu punduk téh carengkat, teu pupuguh patingsariak. Haté jeung kawani mah teuing dimana. Ngan nu pasti mah pangacian téh mabur teuing kamana. Boa ayeuna rék dicabut nyawa téh?

Éta ku mencrongna nu matak muragkeun jajantung téh. Panonna seukeut pisan mencrong. Léos indit ka rohangan séjén, plong haté téh rada ngemplong deui. Ngarénghap panjang lalaunan bari meureumkeun panon. Rohangan panjara nu sakitu heureutna. Sorangan guling gasahan, teu disamakan-samakan acan. Bororaah maké bantal jeung simbut, sarung gé teu meunang dipaké. Éstu baju tahanan sarapet awak wungkul nu nyangsang.

 Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar, Lailaha Illalah hu Allah hu Akbar, Allahu Akbar wa Lillahilhamdu” kadéngé sora takbir hawar-hawar nagagalindeng, dipirig dag-dig-dugna sora bedug. Patémbalan ti masigit ka masigit. Sora budak sora kolot, awor jadi sora nu tingtrim dina mumunggang tineung.

Enya ayeuna téh malem takbiran, isukan lebaran Idul Fitri. Teu karasa wanci nyérélék gancang pisan. Asa teu mangpaat waktu téh. Ah, boa ngan keur kuring wungkul rarasaan kitu téh, nu saban waktu ngan lamokot ku dosa. Keur batur mah puguh dimangpaatkeun pikeun ibadah nyiar ladang amal kahadéan, teu cara kuring.

Karasa ayeuna mah diri téh hina batan anjing budug di jarian, geus ninggalkeun kawajiban ka Mantena. Ngan ukur bisa ngagugulung pidosaeun wungkul.

Sora takbir beuki raéng niiran lelembutan. Ngawirahma, ngagalindengkeun asma Anjeuna. Ngusak-ngasik lamping diri, nguwak-ngawik jurang wayah. Asa cikénéh takbir dina taun kamari, kiwari geus mapag deui. Nyampeur deui awak nu geus raca ku jarum wanci.

Enya, takbir taun kamari kuring diborogod ku pulisi. Keur gédég parah harita téh, kuring nyuuh dina méja judi nu pinuh ku botol ‘AO’ jeung ‘Intisari’. Kartu rémi jeung kuntung roko bacacar di luhurna. Duit mah teu nyésa sapérak-pérak acan da puguh ledis dipaké judi. Keur kitu, teu karasa leungeun duanana aya nu metot ka tukang, terus diborogod ku bangkol. Lalaunan cengkat –da buuk dijenggut satarikna- ngarérét ka gigir. Hulu péstol geus napel dina sirah. Teu bisa walakaya kuring dibawa kana mobil tahanan. Leumpang gé disusuntrung, ditajongan ku suku. Bororaah bisa ngalawan, nu aya mah ngan ukur sieun jeung soak. Katambah awak lieur jeung lalungsé.

Tilu bulan kuring jadi buronan, dikukuntit rasa hariwang jeung honcéwang. Ditundung lajuning waktu, disapa ngembatna mangsa. Kiwari kudu ngaringkuk di pangbérokan.

***

Ti saprak geus di-PHK ti tempat gawé, hirup téh asa euweuh kamaslahatan. nété seplék nincak semplak. Kitu salah kieu salah. Katambah pamajikan ngarungsing jeung galak timburu baé. Unggal isuk ngan natanyakeun duit jeung duit. Padahal mah kurang kumaha, satékah polah nyiar pagawéan ka ditu ka dieu, tapi teu manggih waé.

“Duh, meni raos! Unggal dinten téh ngan kulem wé jeung kulem. Gugah kari tuang. Euweuh gadag pisan lalaki téh. Dasar si nurus tunjung!” ceuk pamajikan, hiji waktu basa kuring keur ngareureuhkeun kacapé balas sapoé jeput néangan pagawéan.

“Kudu kuamaha deui atuh? Naha didinya teu ngararasakeun sakitu sapoé jeput nénéangan pagawéan? Sing sabar wé atuh, sugan isuk mah meunang.” témbal téh bari semu ngupahan.

“Sabar-sabar wé! Teu cukup ku sabar hirup mah deleu! Tuh tingali hutang ka warung sakitu raweuyna. Geus éra Aing mah ku tatangga, can ka nu lian. Ari ieu kalahkah cicing waé!”

“Cicing kumaha ari didinya? Naha teu ngarasakeun kuring unggal poé apruk-aprukan néangan gawé? Suku dijieun hulu, hulu dijieun suku téh keur mélaan hirup urang. Can diparengkeun wé meureun, sugan wé atuh isuk. Wayahna cing bisa narimakeun kaayaan, da geus kieu meureun urang mah, ngan bisa sumerah jeung pasrah.”

“Ah, alesan éta mah. Paribasa wé nyiar gawé, padahal mah aya nu dianjing caikeun. Pasti néangan nu ngora. Teu nalipak manéh hirup téh!” Pamajikan kalahkah nuding nu lain-lain.

Geus dilemesan angger waé. Kurang kumaha dilelemék diupahan, tapi pamajikan kalahkah beuki kereng. Omonganana beuki garihal. Karasa nyéak kana haté, ambekan mimiti nyedek. Komo sanggeus meupeus-meupeuskeun piring jeung ngabalang-balangkeun parabot mah.

“Naha sia téh kalahkah ngaruksak parabot? Geus teu suka mah ka aing, teu kudu kikituan. Isuk ku aing dianteurkeun ka kolot sia!” kuring teu kuat nahan napsu nu ngagugudag.

“Tah, mending kitu wé aing mah! Daripada kudu babarengan jeung lalaki nu euweuh kagadag.” Témbal pamajikan nu kalahkah beuki nyeuneu. ”Kaduhung aing mah baheula teu dikawin ku si Wawan, pagawé Pemda. Meureun aing ayeuna hirup senang. Teu kudu hirup balangsak siga ayeuna, babarengan jeung galandangan!”

Teg, haté téh asa diturih ku silét lebah mamarasna. Awak asa nyongkab kaduruk ku napsu nu teu kawadahan deui. Asa ditincak hulu téh ku pamajikan. Baréto keur mimiti kawin jeung keur digawé kénéh mah, karasa pisan kanyaahna. Teu weléh bakti ka salaki téh. Naha ari ayeuna sanggeus kuring di-PHK, bet nincak hulu téh bener-bener.

Gaplok! Gaplok! Pamajikan ditampiling.

Kuring kalepasan nepi ka kudu nyiksa pamajikan. Pamajikan ngalungsar bari teu reureuh merebeykeun cipanon. Pipina kaciri semu bareuh jeung juru biwirna rada getihan, nyuruwidil.  Kuring gé ngahelas ningali kitu mah. Tapi da lain sakali dua kali manéhna kitu peta téh.

Geus moal beunang diupahan ayeuna mah haté téh, meungpeung can rimbitan. Teu mikir panjang deui, isukna pamajikan dianteurkeun ka mitoha. Terus ngurus itu ieuna ka Lebé. Sanajan pada ngupahan ku mitoha jeung dulur-dulur kuring ogé, tetep kapeurih téh teu bisa diubaran. Pamajikan ogé kitu kahayangna. Malahan hareupeun kolotna mah asa beuki wani ngahina téh. Sanggeus bébérés surat talak, pamajikan diserahkeun.

Ti saprak kajadian éta hirup téh jadi leuwih awut-awutan. Mabok, lacur jeung judi geus jadi pagawéan nu matuh. Banda titinggal kolot ledis dipaké maksiat. Komo sanggeus ngadéngé pamajikan kawin deui, beuki maceuh kalakuan téh. Enya awéwé mah racun dunya. Keur kacukupan pangabutuhna, karasa pisan nyaahna. Tapi ari geus ngalaman kasusah mah béda pisan kalakuanana téh. Paingan ceuk lagu ‘Ada uang abang sayang, enggak ada uang abang ditendang’.

Malahan ayeuna mah, kuring sok ngilu babadog jeung rarampok. Hasilna, teu jauh dipaké mabok, lacur jeung judi.

Sanggeus béak naon-naon dipaké maksiat, nu panungtungan mah kuring ngahaja datang ka Kang Ajat, lanceuk téré kuring misah Indung. Sangkan tanah titinggal nu deukeut Désa dijual. Tapi manéhna tetep mugen, yén tanah nu éta mah moal dijual ka sasaha cenah. Sabab wasiat Bapa nu panungtungan. Tanah nu éta mah kudu dijieun tempat pikeun masigit.

“Ulah Mar, tanah nu éta mah ulah dijual. Cing inget wasiat Bapa. Tanah nu éta mah kudu dibangun keur masigit. Wayahna amanat kolot mah kudu digugu bisi katulah. Pan Amar apal, basa bapa jumeneng kénéh sakitu ngomat-ngomatkeun ka urang. Maenya urang salaku putrana teu nedunan kana kahayang anjeuna? Cing inget kana papatah kolot, yén sing saha anak nu teu nurut kana papatah kolot, akibatna bakal aya hal-hal nu teu hadé pikeun diri urang. Komo ieu wasiat nu kudu dilaksanakeun ku urang salaku ahli warisna.”

“Ah, éta mah baréto keur Bapa aya kénéh, ayeuna mah geus euweuh kumaha urang baé!” témbal kuring bari semu nyereng.

“Nyéta ku geus euwehuna nu matak jadi kawajiban keur urang pikeun ngalaksanakeunana téh. Lamun Bapa aya kénéh mah, meureun bisa badami.”

“Pokona mah, lamun teu dijual, ngandung harti Akang hayang ngadahar sorangan titinggal kolot. Dasar sarakah!”

“Astagfirullah, demi Allah, Mar. akang mah teu boga niat kitu. Pan titinggal Bapa mah geus dibagi-bagi ku urang. Iwal tanah nu éta, nu teu meunang diganggu gugat mah. Harita gé Amar nyatujuan lin? basa urang kabéh ngariung keur babagi titinggal Bapa.”

“Aing teu rumasa nyatujuan. Pokona mah lamun teu dijual, ulah samet kaniaya!” ceuk kuring bari ngagebrag méja, nu terus ngaléos ti imah Kang Ajat.

***

Saminggu ti harita, meneran tengah peuting. Sanggeus mabok jeung babaturan, kuring datang deui ka imah Kang Ajat. Rék nanyakeun soal tanah téa. Kang Ajat tetep teu mikeun, lamun tanah éta kudu dijual. Tapi kuring keukeuh maksa, bari ngancam: lamun keukeuh teu dijual kabéh kulawargana moal salamet!

 Ahirna, kuring jeung Kang Ajat galungan dirohangan imahna. Teu diengkékeun deui, abong keur kausap sétan. Kang Ajat nepi ka hanteuna ditelasan ku kuring. Awak jeung sirahna lamokot ku getih, raca tapak bedog nu sababaraha kali di hembatkeun ku kuring.

Anak pamajikanana ukur bisa ngajerit di lawang kamar. Teu cukup ku kitu, kuring geus kagok borontok kapalang belang. Napsu jeung amarah nu beuki ngaléntab, jeung mata bedog nu geus teu bisa deui dikanalikeun. Ahirna anakna nu karék umur tujuh taun jeung pamajikanana ngalungsar jadi babatang, balas ditigas ku bedog nu masih kénéh nangtung dina leungeun kuring.

Ti dinya kuring kabur ti lembur. Jadi buron. Apruk-aprukan nuturkeun indung suku, lumampah sakaparan-paran dibarengan ku rasa hariwang jeung honcéwang. Kalangkang Kang Ajat jeung anak pamajikanana terus ngukuntit unggal léngkah jeung rénghap. Mangjuta karumasa teu reureuh ngulambuan ringkang.

Sawatara jalma geus apaleun yén kuring téh ‘Pembunuh’. Dina télévisi jeung surat kabar geus disebarkeun warta, yén sing saha nu manggihan kuring boh hirup boh paéh, kudu buru-buru laporan ka nu berwajib. Intél jeung pulisi geus sumebar di mana-mana. Ahirna, malem takbiran taun kamari kuring diborogod di hiji Café. Nu antukna kuring ngaringkuk di rohangan panjara ieu.

Sanggeus diprosés di pangadilan, kuring sah jadi terdakwa kalawan divonis ‘Hukuman Mati’ jeung nglaman hukuman kurungan panjara salila sataun. Enya saminggu deui ti ayeuna éta poé panungtungan téh bakal kasorang. Tali gantungan asa geus pageuh nyangreud dina beuheung. Nyangreud impian, implengan, sawangan, kahayang, harepan jeung sagala nu jadi udagan. Nu lawas tilem digulung umpalan késang lalakon.

***

Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar, Lailaha Illalah hu Allah hu Akbar, Allahu Akbar wa Lillahilhamdu!” sora takbir beuki raéng, silih tébal ti masigit ka masigit. Sora bedug beuki handaruan ngageterkeun puseur sukma. Beuki mongkléng titingalian téh, ukur bisa ngalempréh kawas nu geus nyorang tanjakan nu netek jeung rumpil. Jeung raga asa roroésan dina jurang nu longkéwang. Teu karasa cimata téh ngaléméréh mapayan sela-sela pipi. Hawa peuting beuki langgeng ngégélan kulit jeung iga. Di dieu sagala lalakon hirup téh anggeusna. Di dieu sagala harepan nungtutan sirna dicébor kacidra jeung rumasa.

Bréh, kalangkang Ema, Bapa, Kang Ajat jeung anak pamajikanana nu teus ngagupayan. Karasa awak téh patingsariak. Jeung kalangkang anjeun Déwi -urut pamajikan- nu keur genah nyeungseurikeun jeung mupuas ningali kaayaan kuring kiwari.

Ti rénghap ka rénghap beuki sesek karasana. Duh…kakara ayeuna mah karasa sagala dosa nu lamokot téh. Ayeuna sarébu pananya jeung rumasa tingserebeng: rék mawa naon paéh téh?

Ayeuna meureun takbir panungtungan nu unggal waktu kapopohokeun. Rohangan panjara téh beuki simpé, siga nu milu mileuleuyankeun. Ngan sora takbir nu kadéngé beuki ngageuri mapag ajal tina kurungan.

Allahu Akbar, Allahu Akbar, Allahu Akbar, Lailaha Illalah hu Allah hu Akbar, Allahu Akbar wa Lillahilhamdu.Kuring takbir dina jero haté dipirig jajantung nu milu tatalu.***