Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 24-09-2007 |

Ku MARUTA BAYU

 

KANGARANAN artis, komo deui kasebutna artis Kota Kembang, Syilfi kudu siap merankeun tokoh naon waé dumasar kana tungtutan skenario jeung khayang sutradara. Saperti anu anyar kénéh dilakonan ku Syilfi dina sinétron Mistéri Ronggéng Béntang, karya Dhipa Galuh Purba, kalayan disutradaraan ku PS. Rahardjo.  Syilfi ditangtang pikeun neuleuman karakter ronggéng, kaasup diajar ngibing ala ronggéng. Kumaha hasilna? Éta mah tangtuna ogé masarakat nu lalajo, nu bakal meunteunna. Kamari ieu, Ahmad Éfféndi (wartawan SB) ngahajakeun nepungan Syilfi pikeun diajakan ngawangkong ngeunaan lalampahanana dina dunya ékting.

*

 

TEPUNG jeung Syilfi téh di lokasi shoting Ronggéng Béntang, anu perenahna di wewengkon Pekayon, Bekasi, Jawa Barat. Pangpangna mah duméh meunang pancén ti rumpaka pikeun ngawawancara anjeunna, patali sareng kaayaan basa Sunda di Bekasi. Nya antukna mah jauh dijugjug, anggang ditéang. Tapi da henteu pati hésé maluruhna ogé. Barang ngawitan tepung téh, kabeneran Syilfi keur ngangin, ngareureuhkeun kacapé, balas digeder shoting. Kilang kitu, Syilfi henteu nampik, basa diajakan ngawangkong ku SB.

Ngaran aslina mah sanés Syilfi Damayanti, tapi Mélani Purnamasari. Teu anéh deui, ari artis mah mémang sok loba nu maké sandiasma. Teu pati écés, naon alesanana Syilfi ngagunakeun sandiasma. Nu penting mah, ku ayana Syilfi maké sandiasma, Syilfi geus bisa némbongkeun kamahiranana dina dunya ékting. Karirna kaitung hadé. Nurutkeun pangakuanana, karir artis kiwari bisa dihontal téh, ladang tina pajoanganana anu dirintis saprak masih kénéh sakola di kelas 1 SMU.

Karirna mimiti enyay-enyayan, basa Syilfi maén munggaran di ESA Production, dina sinétron anu judulna Déwi Sekar Arum. Henteu kapalang, Syilfi kapilih pikeun merankeun tokoh Déwi Sekar Arum. “Harita téh, abdi nuju sakola kelas 2 di SMU 25 Bandung,” kitu pokna. Enya wéh, Syilfi ogé biasa ngagunakeun basa Sunda. Ieu mojang anu lahir di Bandung, 21 Méi 1980, sababaraha kali jadi pamaén utama sinétron-sinétron produksi ESA, saperti Jénglot, Boboko, jeung sajabana. Malah ka béh dieunakeun, Syilfi mimiti incah ka luar ti Bandung. Syilfi ogé jadi pa,aén dina sinétron Si Kabayan, Memburu Bayang-Bayang, Géng Hijau, jeung réa-réa deui.

Syilfi Damayanti, putra kahiji ti opat sadulur, kiwari masih kénéh neuleuman élmu di UNLA (Universitas Langlang Buana) Bandung. Najan di tempat kuliahna taya mata kuliah diajar ékting, tapi Syilfi soson-soson diajar kalawan otodidak. Ceuk Syilfi, hirup di dunya sinétron aya pait peuheurna, aya ogé suka bungahna. Unggal shoting, pasti sok mendakan perkara anyar, pikeun pibeukeuleun ka hareupna. Saperti merankeun tokoh Ronggéng, pinasti Syilfi manggih pangalaman anyar.

Syilfi Damayanti, putra pasangan Pa Agus sareng Ibu Sinta téh ngakuna mah masih “lagas” kénéh. Na kunaon? Piraku teu aya nu kersaeun mah? “Ah, teu acan aya nu cocok wé,” kitu cenah. Nya bisi aya nu panasaran hoyong wawanohan sareng Syilfi mah, kantun tepangan waé di Jl. Bahagia III, No. 8, Ciwastra, Bandung. SB teu kebat neruskeun wangkongan, margi Syilfi tos waktosna kedah ékting deui. Waktu geus ngagayuh ka wanci janari leutik, Syilfi masih kénéh kudu hareupan jeung kaméra. Mangkaning mimitina der-na téh cenah mah ti wanci haneut moyan mula. Mana horéng, beurat kabina-bina pagawéan artis téh. Batur mah geus talibra. Ieu masih kénéh kudu ngapalkeun naskah, neuleuman peran, nyanghareupan kaméra.***

 

Majalah Seni Budaya edisi 150, April 2004