Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 02-11-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
Néng Élis anu geulis, mugi salira henteu janten nangis. Margi titis tulis téh geuningan mani sadis. Kumaha atuda Lis, Kang Ajis mah ukur jalmi nunggeulis. Icis dina loket ogé ipis.
Saur Néng Élis, Kang Ajis téh lalaki anu bengis sareng egois. Lalaki anu ngan saukur seueur kucuwas-kecewis. Dugi ka ngalantarankeun haté Élis lir diturihan ku hinis. Malah apan Élis ogé langsung milarian dukun anu wacis, kanggo mélét Kang Ajis. Untungna, dukun wacis ogé moal metu ngalawan jalmi anu ciriwis cara Kang Ajis.
Néng Élis anu geulis tur manis, Kang Ajis téh nuju ngarintis usaha kana ngukut kapinis. Apan sayang kapinis téh tiasa laris kana icis sareng wartosna mah rada awis. Kaleresan Kang Ajis téh gaduh tempat niis di lembur pasisian Ciamis. Sanaos kaayaan hawana kacida tiris, tapi Kang Ajis teu ngaraos gigis, demi ngudag anu namina bisnis.
Néng Élis anu geulis, Paniisisan téh ngawitanna mah iris. Teras ku Kang Ajis diroris. Horéng téh ukur miis. Jaba kapinis téh sok wiwis. Cenah mah wiwis kapinis téh rada najis. Sok ras emut ka Néng Élis, basa nuju wiwis dina kasur anu kenging mésér ti
Néng Élis anu geulis tur manis, basa urang nuju romantis, pikiran Kang Ajis mah ngalayang ka Néng Iis. Néng Iis anu geulis. Néng Iis anu manis. Sasaha ogé moal aya anu bireuk ka Néng Iis, margi anjeunna tos janten hiji artis anu laris. Anehna, Néng Iis ngalengis, hoyongeun nyabak kumis Kang Ajis
Néng Élis anu geulis, kiwari pangaboga Kang Ajis tos ledis. Mending kénéh nikah ka Cép Muhlis, urang Cimanggis. Najan dina rambutna seueur huis, tapi Manéhna ogé gaduheun kumis. Pakéanana teu weléh nécis. Jaba padamelanna jadi supir bis. Wartosna mah nyandak bis jurusan Prancis- Tumaritis. Raos, Lis. Upami Néng Élis badé ka Prancis, Néng Élis teu kedah mésér karcis. Néng Élis mah bakal gratis, margi janten istrina Cép Muhlis.
Sakitu bae serat ti Kang Ajis. Hapunten bilih aya kalepatan nulis. Sareng mugi katampi ku Néng Élis, dina ieu amplok ti kang Ajis, lebetna aya bugis sareng kempis kanggo wiwis Néng Élis. Pamungkasna hatur uninga ka Néng Élis, réhna calon-calon Jabar Satu sareng Jabar dua téh taya sanés Pangersa Bapa Danis, Bapa Uuis, Bapa Yanceis, Bapa Rudis, Bapa Agumis, Bapa Uceis, sareng Bapa Dhipais… aeh, henteu ketang nu panungtung mah. Wartosna mah Bapa Dhipais mah nuju marebutkeunis Jabar Satu ti pengkeris, kalayan saingananais Miftahul Malikis sareng Agus Bebengis.***
Citraloka, 2001
Dimuat di Rubrik Heureuy Bandung HU. Galamedia, Taun 2001 (Diropéa deui sasih November 2007)




Haturan salam kenal ka kang Galuh purba, abdi ngefan’s pisan ka kang Galuh purba.Kantenan ku serat anu tadi mani asa di angken ku kang Galuh,(GR….niyee..).Hatur nuhun ,abdi ngaraos ka hibur ku karya-karya Kang Galuh purba, sajak-sajakna oge,sadayana pokona mah.
Sami-sami nyanggakeun salam pangwanoh. Tangtos baé abdi ogé bingah nambihan wargi. Perkawis serat kanggo Néng Élis, mangga waé angken teu kedah asa-asa. Abdi ogé ngaraos kahibur kaanjangan ku salira.
DHIPA GALUH PURBA
top abissss
Nuhun Kang Dorissssss
DHIPA GALUH PURBA
abdi oge sami ngahaturkeun salam kenal khususna k kang galuh purba atuh umumna mah ka sadayana anu teras mantau, ti simkuring obaycuplissssssssssss. Tos aya deui carios nu enggal, anu teu kirang ngahibur.
Aduh punten yeuh undak usuk basana masih ngacabrul………………………………….