Kategori: Ruang Publik | Diterbitkan pada: 25-05-2008 |
Garut, 11 Mei 2008
Kahatur :
Dewan Juri Anugerah Gubernur Jabar 2008
Keur Panulis Sunda
Assalamualaikum Wr.Wb.
Dibubukaan ku neda hapunten, wireh sim kuring seja ngedalkeun uneg-uneg ngeunaan hasil gawe Dewan Juri dina netepkeun panulis pinilih pikeun meunang Anugerah Gubernur Jabar 2008.
Diwuwuhan ku panuhun, pamugi ulah awon sangka, dumeh sim kuring henteu kelebet anu kapilih. Sok sanaos ceuk raraosan, aktivitas sim kuring minangka panulis Sunda, kantos tur sering ngahasilkeun tulisan-tulisan mangrupa essey, kritik, kolom, opini, di sagigireun nulis fiksi (carpon, sajak, jsb), kalayan mayeng tur produktip. Katingal buktina dina majalah “Mangle”, “Sunda Midang”, “Cupu Manik”, sareng SK “Galura”. Raraosan mah luyu sareng kriteria Dewan Juri point 1.
Uneg-uneg ieu mah teu aya patalina sareng kapilih atawa henteu. Da nulis dina basa Sunda teh sim kuring henteu diniatan hayang meunang hadiah atawa sumber kasab. Estuning ihlas pikeun ngamumule basa Sunda bae.
Ngan ngarasa hareneg, sabada nitenan hasil kaputusan Dewan Juri aya nu teu merenah pisan. Nyaeta ku kapilihna Dudi RS. Sim kuring perlu natanyakeun naon ukuran keur Dudi RS nepi ka kudu meunang Anugerah Gubernur 2008 keur panulis Sunda ? Naha dina danget ieu Dudi RS kaasup panulis Sunda nu mayeng tur produktip, sarta ngahasilkeun karya-karya nu unik mangrupa essey, kritik, kolom, opini ?
Alhamdulillah, sim kuring tara petot nitenan tulisan-tulisan basa Sunda dina “Mangle”, “Sunda Midang”, “Galura”, Cupu Manik”. Malah dia majalah-majalah Sunda nu dianggap internal, kayaning “Seni Budaya”, “Swara Cangkurileung”, “Bina Da’wah” jeung “Suara Daerah “ (rubrik basa Sunda). Sakapeung, sok ngahajakeun mere kritik atawa saran kana tulisan-tulisan nu dimuat di dinya, boh ka redakturna, boh ka pangarangna nu kabeneran wanoh.
Keur nu meunang Anugerah Gubernur 2008 sejenna (Asep Ruhimat, Hawe Setiawan, T.Bahtiar, Mamat B Sasmita), sim kuring moal ngamasalahkeun. Ngan ari kapanasaran mah tetep bae aya. Asep Ruhimat osok nulis kolom. Tapi asa teu produktip tur mayeng. Kalan-kalan wae. Hawe oge nyakitu. T.Bahtiar kalan-kalan, sanajan sakalina nulis, tema jeung bahasanana cukup unik (geografi). Mimindengna nulis dina basa Indonesia. Mamat B Sasmita leuwih dikenal minangka pustakawan jeung kolektor buku-buku Sunda. Nulis mah teu kaasup produktip.
Nya kasebut leuheung bae nu opatan mah, sabab aya tenjoeunana. Ari Dudi RS ? Mana karya-karya tulis basa Sundana nu nyumponan kriteria Dewan Juri point 1 unik, produktip, mayeng ?
Sakaterang, Dudi RS kungsi nulis dina basa Sunda mangrupa sajak jeung laporan jurnalistik dina “Mangle” jeung “Galura” ahir taun 1990-an. Saprak jadi wartawan SK “Priangan” di Tasikmalaya taun 2004-an, malah ayeuna jadi Redaktur, pet pisan tara nulis dina basa Sunda. Perlu kauninga, SK “Priangan” teh suratkabar basa Indonesia. Aya rubrik basa Sunda sakapeung-kapeungeun, tapi tara mendakan tulisan Dudi RS. Sim kuring ngalanggan SK “Priangan” ti jaman medal mingguan, tilu kali saminggu, nepi ka ayeuna jadi harian. Hartina, aktivitas Dudi RS katuturkeun.
Naha nu diajen ku Dewan Juri, karya-karya Dudi RS opat lima taun ka tukang ? Nu cek pamanggih sim kuring mah lain karya nu luyu jeung ugeran Dewan Juri.
Lamun tea mah rek milih jurnalis Sunda, rea pisan nu karya-karya jurnalistikna mayeng tur nyumponan sarat jurnalisme. Upamana bae Enca Wiarna, Asep GP,Andy Gumilang (Mangle), Miftahul Malik, Rameli Agam, Nanang S., Usman Supendi, Undang Sunaryo, Aan Merdeka Permana, Abdulah Mustappa (Galura), Supriatna (Cupumanik). Tacan para wartawan daerah nu jadi koresponden Majalah “Sunda Midang”, atawa nu nyarieun laporan kagiatan pikeun majalah “Bina Da’wah”, “Swara Cangkurileung”, “Seni Budaya”, jeung “Suara Daerah”. Rata-rata mibanda ajen jurnalistik nu bisa dipikareueus.
Nurutkeun katerangan Panitia dina “PR” (Jumaah, 9 Mei), nu dinominasikeun piliheun Dewan Juri teh 40 (opat puluh) urang. Upama nu opat (Asep, Hawe, Titi, Mamat) geus final nyumponan sarat, naha tina sesa 36 urang bet aya nu leuwih pinunjul ti batan Dudi RS ? Boh karyana, boh dedikasina ?
Sim kuring boga sangkaan, Dewan Juri geus ngalakukeun “human error”. Kasalahan gawe lantaran ku rupa-rupa hal. Kurang informasi, teu nuturkeun kamekaran panulisan Sunda mutaakhir. Nu akhirna milih sosok “kadaluwarsa” nu teu jelas karya, dedikasi jeung professionalismena dina panulisan basa Sunda. Sacara wartawan suratkabar, Dudi RS memang professional. Tapi sacara panulis Sunda, lantaran teu katembong karya-karyana nu anyar, mayeng, produktip jeung unik, kurang bisa diandelkeun. Atawa Dewan Juri boga kriteria nyamuni satukangeun kriteria nu dibewarakeun ka balarea.
Mun kitu, sim kuring nganggap Dewan Juri Anugerah Gubernur 2008 teu professional. Hasil gawena henteu nyumponan sarat nu sajalan jeung sapamadegan jeung niat nu mere atawa nu ngusahakeun eta anugrah. Nyaeta ngamajukeun kapanulisan Sunda. Tapi ku Dewan Juri nu milih Dudi RS sacara teu langsung geus mundurkeun – mun teu disebut maehan – kapanulisan Sunda. Netepkeun nu meunang hadiah, lain panulis Sunda.
Memang aya konvensi kaputusan Dewan Juri teu bisa diganggugugat. Ngan naha lamun kasalahan fatal samodel kitu, nu nguciwakeun jalma-jalma nu haat nitenan tur ancrub ilubiung ngamajukeun panulisan Sunda, kudu diantep ?
Dewan Juri Anugrah Gubernur Jabar 2008 kudu mere pertanggungjawaban husus di luareun pertanggungjawaban gawe kajurian. Sangkan publik panulis Sunda henteu kuciwa.
Kapaksa di dieu sim kuring menta kasadaran ka sakabeh pihak, naha Dewan Juri, naha panitia penyelenggara, sangkan nyaliksik diri ngariksa awak. Sakira henteu kabadanan mah tong maksakeun. Kudu ngukur ka umur, kakuatan tanaga, kalaluasaan waktu jeung tangtu bae kamampuh nyegerkeun wawasan kalawan holistik. Dunya kapanulisan Sunda teh henteu lega. Jadi sakalina aya dina kasalahan, gampang katohyan. Ku kituna, wawasan kana kamekaran kapanulisan Sunda kudu tetep aktual jeung kontekstual. Ulah kajadian jalma nu sok nulis opat-lima taun ka tukang, terus pet eureun kadieunakeun, masih keneh dianggap aktip, kreatip jeung produktip. Ari nu bener-bener aktip, kreatip, jeung produktip poe ieu, teu kapalire.
Geus meujeuhna, para juri kagiatan sastra, budaya atawa panulisan Sunda diserenkeun ka nu ngarora. Ka pantar Dian Hendrayana, Cecep Burdansyah, Dadan Sutisna, Dhipa Galuh Purba, Rosyid E Abby, jrrd., nu masih keneh jagjag waringkas, nu masih keneh sumanget, getol keneh maca jeung loba nuturkeun referensi mutaakahir. Nu geus manjing 50-60 taun ka luhur mah, wayahna ngarumasakeun maneh. Geus moal kabadanan. Mun kaputusan beureum-hideungna dunya kapanulisan Sunda masih keneh diserenkeun ka para kolot tokroh-tokroh, rek iraha aya regenerasi ? Sedengkeun tangtangan pikeun dunya kapanulisan Sunda geus sakieu beuratna. Kudu disanghareupan ku tanaga jugala, uteuk mencrang jeung pangaweruh nu terus nambahan.
Nu geus karolot mah, keun sina jadi “guru bangsa”. Sina “minandita”. Mun daekeun tur kadugaeun, sina jadi tukang mere saran jeung kritik. Lain tukang ngajen nganiley pagawean rohaka nu patula-patali jeung kalungguhan luhur (Gubernur) jeung jumlah duit (rahayat) nu kawilang rea. Hampura, lain nyisikudi. Mukakeun lawang introspeksi sangkan daek nyaliksik diri mariksa awak ieu mah.
Sabab lamun maksakeun, bakal kajadian kawas ayeuna. Salah milih jalma nu teu pantes jadi jawara.
Tapi lamun seug Dewan Juri mampuh nuduhkeun, yen bener-bener aya karya tulis basa Sunda ti Dudi RS, yen Dudi RS mayeng, produktip nulis essey, kolom, opini, jeung karya jurnalistik Sunda, nu merenah nyumponan kriteria, sim kuring baris tumarima. Sapanjang Dewan Juri tacan nembongkeun bukti ngeunaan hal eta, sim kuring – boa para panulis sejen oge – bakal terus natanyakeun.
Hasil gawe Dewan Juri ulah nepi ka patukangtonggong jeung karep nu mere anugerah, jeung cape gawe panitia katut jalma-jalma nu milu ngusahakeun ayana ieu kagiatan nu positip keur kamekaran kapanulisan Sunda.***
Wassalam Wr.Wb.
H.Usep Romli HM
Tembusan :
1.Panitia Penyelenggara Anugrah Gubernur Jabar 2008
2.Sdrk.Karno Kartadibrata (Mangle)
3.Sdrk.H.Dudi Santosa (Sunda Midang)
4.Sdrk. Dadan Sutisna (Cupumanik)
5.Sdrk.Dhipa Galuh Purba (Seni Budaya)
6.Sdrk.Rosyid E Abby (Galura)
7.Sdrk.Asep Syamsul R (Bina Da’wah)








Kepada YTH Bapak/Ibu yg terkait
Assalaam
Saya pernah membaca article bagus Bapak Nanang S.
mengenai Cipta Gelar. Bisakah Saya menghubungi Bapak Nanang ?
Noriko M
Tokyo Japan