Kategori: Kawih | Diterbitkan pada: 23-12-2007 |

Judul Kaset : Sundanese Traditional Music & Dance “Badaya”
Produksi : Gentra Madya
Leader : Nano. S
Side A
- Badaya
- Topeng
- Cikeruhan
Side B
- Merak
- Kandagan
- Kembang Topeng
- Senggot
CATETAN
Ka sugri sadaya, hapunten anu kasuhun wireh danget ayeuna simkuring henteu ngadistribusikeun deui kaset-kaset kawih. Anu janten marga lantaranna kumargi saparantos Pa Tatang Benyamin Koswara sareng Kang Nano S dipundut ku Nu Maha Suci, simkuring janten pareumeun obor. Sasarina simkuring sok nyandak kaset teh ka Pa Tatang sareng Kang Nano. Mantenna nu kalintang daria dina medalkeun kaset-kaset kawih. Saparantos duanana pupus, teu acan aya generasi saterasna nu neraskeun tapak lacak aranjeunna dina medalkeun kaset-kaset kawih.
Hatur nuhun
Baktosna
Dhipa Galuh Purba







