Kategori: Info | Diterbitkan pada: 27-09-2008 |
KURING narima e-mail ti Kang Usman Supéndi, anu ngiberan yén iber ngeunaan Mang Yaya, seniman tarawangsa urang Sumedang anu teu walakaya téa, geus aya nu ngaréspon. Éta warta téh disebarkeun ku Kang Usman Supéndi, wartawan KSM Galura. Diantarana dimuat di http://galuh-purba.com, http://daluang.com, jeung website séjénna.
Nurutkeun Kang Usman, ayeuna téh geus aya Rp 2,5 juta, mangrupa sumbangan ti baraya KUSNET (Komunitas Urang Sunda di internét).
Mugia baé kasaéan warga KUSNET diganjar ku Alloh SWT, amiin. Atuh Kang Yaya ogé sing énggal dipaparin kaséhatan sakumaha sabihara-sabihari deui. Taya deui nu pangéndah-éndahna hirup di dunya, iwal ti silih tulungan, silih simbeuhan ku kahadéan di antara papada urang.***
DHIPA GALUH PURBA












