Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 25-02-2010 |
Da cinta nu saéstuna
Rongkah, rohaka tumerap na dadasar kalbu
Nu bisa ngarungkup gunung,
ngojayan jaladri, meuraykeun jaladra
Urang suaykeun rupaning lalangsé
Urang halingkeun aling-aling
Wilujeng milangkala, jungjunan…
Panjalu – Cibiru – Pulogebang, 1978-2010








punten…dupi jaladra sareng jaladri teh hartosna naon nya ? nuhun
Kitu rupina nya ari cinta sajati, teu weleh natrat na ati…
Wilujeng ah…