Kategori: Dangding | Diterbitkan pada: 21-09-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
Purnama di Panyileukan
Caang mabra pinuh asih
Sari-sari milu bagja
Mangsa tepung dua ati
Ngedalkeun hiji pasini
Sanajan
Ngaguar carita mangsa lawas
Ngait nepi ka kiwari
Asih téh horéng tos aya nu miboga
Rasa dosa nyaliara
Tapi asih nguwak-ngawik
Pabéntar rasa na dada
Asih pamohalan
Beurang peuting asih ngancik
Najan wiati kulawu
Najan purnama geus ilang
Asa hamo jalir jangji
Taya nu bakal megatkeun asih urang
Ranggon Panyileukan, 27 Désémber 2004
Dimuat di Majalah Seni Budaya edisi 159, Januari 2005




kataji ku seratan2 Dhipa Galuh Purba, simkuring hoyong wanoh sareng anjena, upami aya alamtna sareng nomor kontak di kintun ka email simkuring. hatur nuhun