Si…!

Ku DHIPA GALUH PURBA

 

Teu pati resep ngadéngé sora anjing téh. Boh anu ngagogog, sumawona anu babaung. Sajabana ti sieun digégél, katambah bulu punduk ogé sok rada carengkat. Mangkaning ceuk kolot ogé, lamun aya sora anjing tengah peuting téh, mangrupa hiji totondén anu kurang hadé. Lamun taya patula-patalina jeung urusan ririwa, moal pati jauh hubunganana jeung jalma jahat. Tapi aya ku édasna jalma téh, bet ku aya waé anu pirajeunan ngukutna. Padahal naon araheunana atuh. Keur kuring sorangan mah, da euweuh anu dipikatineung tina sato anu ngaranana anjing téh. Dagingna teu beuki. Rupana geuleuh-geuleuh acan. Pon kitu deui kana sorana mah teu kudu dicaturkeun deui.

Anjing Sarkowi anu pikasebeleun pisan mah. Enya maksud téh, anjing kukutan Mang Sarkowi. Keur goréng dodongésna téh, katambah tukang ngagogog lain wayah, lain mangsa. Kurang-kurangna mah matak ngarawingkeun daun ceuli. Leuheung éta téh mun sok dicangcang. Da ieu mah carék ning dikencarkeun téh, da mani sangeunahna pisan atuh. Poé mangkukna ogé, Si Among diudag-udag nepi ka méhméhan rék digégél, geus sagewewek-gewewekeun. Lamun teu kaburu diténggor ku Jang Iyus mah, teuing kumaha tah nasib Si Among téh.

Moal béda jeung anjing RT pikasebeleunna mah. Sangkilang boga dunungan kasebutna RT. Tapi kana pulang-paling téh geus jadi pagawéanna sapopoé. Geus karuhan ari kana dahareun mah, teu kudu dicaritakeun deui. Ieu mah nurustunjungna téh nepi ka sendal kulit Mang Lurah ogé, da digodod atuh. Teuing dihakan, teuing dikumahakeun ku anjing RT téh. Piraku sugan ari digadékeun mah. Karunya pisan Mang Lurah, nepi ka kokotéténgan néangan sendal. Hanas geus riweuh ngaduduh Si Buruy. Bubuhan di lembur Cigorowék mah geus rada katelah, euweuh deui tukang nyumputkeun sendal mah kajaba Si Buruy. Malah béjana sok tuluy diarah tur dijualan. Kitu atuda ari geus sakali nyieun codéka téh. Sanajan Si Buruy geus pangsiun tina pagawéan nyumputkeun sendal, tapi palebah aya kajadian anu sarupa mah, angger baé moal teu kasabit deui. Cacakan lamun Si Ukro teu manggihan anjing RT keur ngagigiwing sendal mah, moal henteu Si Buruy bakal keuna ku fitnah. Apan geus pidorakaeun wungkul éta téh. Anjing RT.

Rajeun aya anjing anu tara pati ngagogog, hanjakal pisan kalakuanna mah ku angger matak ngajangarkeun uteuk.  Pangpangna mah keur anu kabeneran boga kebon. Atuda kalakuan anjing Nundut mah, geus katelah tukang ngaranjah kebon batur. Nepi ka Haji Suha mah susumpahan sagala, nepi ka rup ku padung, rap ku lemah ogé, moal weléh panasaran satungtung can ngabanting anjing Nundut. Puguh baé ninggang ka Si Nundut anu jalmana teu kaopan, geus matak pipaséaeun deui baé. Tungtungna mah Bi Haji Suha paséa rongkah jeung Bi Iwah.  Apan cukang lantaranna mah anjing Nundut-anjing Nundut kénéh. Bi Haji Suha ngontrog imah Mang Nundut, basa kebon suukna digaley ku anjing Nundut. Kasampak di imahna téh, Bi Iwah, pamajikanna Mang Nundut téa,  keur mirun seuneu di hawu. Puguh baé Bi Haji téh nasteung ka Bi Iwah. Der baé paséa, paréa-réa omong. Pokona mah lembur Cigorowék téh kasebut rada geunjleung.

 “Kang, aya nu keketrok…” Nyi Iseu ngaharéwos. Biwirna méh antel kana daun ceuli. Puguh baé ngaranjugna mah. Engapan ogé rada ditahan heula. Hayang leuwih ngécéskeun kana sora di luar. Anjing beuki ragég.  Ku kira-kira jumlah anjing téh aya kana sapuluhna. Nu apal kana sorana téh diantarana  anjing RT, anjing Sarkowi, anjing Ojo, jeung anjing Unéd. Teu pati wawuh kana sora anjing séjénna mah. Komo deui anjing anu babaung mah, asa anjing anyar sigana téh.

 “Kang…” sora Nyi Iseu rada ngeleper. Katara paromanna mani pias konéas. Gedug jajantungna ogé, karasa ngagancangan, bubuhan tatadi mula ogé awakna rapet pisan jeung kuring. Késang badag, késang lembut mani rarenung maseuhan sakujur awakna.

 “Buka anjing…!” enyaan. Lain keketrok deui éta mah, sidik pisan anu gegedor kana panto. Nyi Iseu beuki ngeleper. Leungeunna ngarongkong simbut anu patulayah na tunjangeun, dipaké nutupan awakna anu bulucun. Satuluyna Nyi Iseu ngahéphép na ranjang beulah juru.

 “Anjing, buka…!” sora anu hohoak téh lain teu kadéngé. Tapi mémang geus asa tungkeb bumi alam. Poék. Teu hayang mikiran, sabab geus moal kapikiran. Teu manggih pipataeun, pikeun nyanghareupanana. Pangpangna mah kacida wanohna kana éta sora anu hohoak téh. Si Kardun. Enya, moal salah, Si Kardun. Tapi anu matak teu kaharti téh, apan écés pisan basa kamari Si Kardun indit nyaba ka kota. Sasarina paling sakeudeung ogé mulangna téh saminggu sakali. Apal pisan. Da puguh lain sakali dua kali…

 “Wang dobrak baé ku saréréa!” geuning lain Si Kardun wungkul di luar téh. Sora jalma mani kacida sahéngna. Aya sora Mang RT, sora Mang Nundut, sora Mang Sarkowi, jeung sora-sora séjénna. Teu pamohalan, upama jalma di luareun imah téh sakabéh pangeusi Cigorowék.

 “Hayu atuh, wang dobrak! Tuman anjing téh!”

 “Entong! Duruk baé sakalian imahna. Sina malodar wéh sakalian! Anjing téh!”

 “Nyaah, Mang.”

 “Nyaah nanahaon. Ceuk aing duruk, duruk! Imah, imah aing ieuh!”

Nyi Iseu geus ngalempréh kapaéhan. Seuneu beuki ngabebela. Sora anjing beuki ragég. Sora jalma tingceuleuweung patémbalan. Anu hohoak mah beuki ngalaunan. Kaganti ku hiji sora lalaki anu ceurik ngagukguk. Aya ogé anu kadéngéna ngabeberah. Tapi lila-lila mah kabéhanana ogé kasilep ku sora anu ngocéak matak pikaketireun. Deukeut pisan jeung ceuli kuring.

 “Ampun Gusti…na kawas sato baé!” najan hawar-hawar. Tapi masih kénéh kareungeu ku dua ceuli kuring. Sora Mama Haji Iking.***


Cipadung, 2002

 

Leave a Comment

You may use these HTML tags and attributes: <a href="" title=""> <abbr title=""> <acronym title=""> <b> <blockquote cite=""> <cite> <code> <del datetime=""> <em> <i> <q cite=""> <s> <strike> <strong>