Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |
Carpon Déni Ahmad Fajar
SI Sipus ngoréjat tibuburanjat. Panonna ngeureuceum nyipitan, sérab katojo matapoé anu ucang anggé dina biwir jandéla kamarna. Manuk récét dina dahan dahan haténa. Geus beurang! Kurang ajar téh, kabeurangan deui waé. Tibra teuing dipépéndé impian!
Si Sipus ngarénghap nyeuseup hawa anu dikirim angin munggaran. Dadana kebek ku sumanget hirup. Geus waktuna digawé! Si Sipus luak- lieuk nitenan eusi kamarna. Acak acakan siga bangké kapal karam. Kasur pasiksak. Sepréna anu kuleuheu, nambru dina handapeun korsi deukeut meja belajar. Simbut ngagulung di juru pabeulit jeung bantal lépét. Aya seuseuheun ngahunyud, aya koran jeung majalah pabalatak. Aya asbak anu samutut ku kuntung roko. Aya cucunguk kekerejetan hayang kaluar tina gelas kotor anu dieusi gegedoh kopi.
Si Sipus masih niténan eusi kamarna. Si Sipus ngagebeg, napasna ngahégak. Asa aya nu leungit ti jero kamarna. Enya tétéla aya anu leungit. Si Sipus geumpeur. Késang ngadadak ngoprot. Si Sipus ngubrak ngabrik eusi kamar. Che Guevara dina poster anu napel dina témbok bangun anu ngagelenyu ngabandungan pola Si Sipus.
Batu leungit! Batu anu salawasna
Moal kitu aya anu maling mah. Tapi saha pijalmaeunana? Si Sipus teu percaya aya bangsat anu pirajeunan maling batu sasiki. Remen sotéh ngadéngé, bangsat anu malingan batu gunung atawa malingan batu sagédé gunung. Malah ku bangsat jaman ayeuna mah, gunungna pisan dipaling. Ku bangsat jaman kiwari mah, gunung-gunung diiwat taya nu kaliwat.
Si Sipus geumpeur. Batu karamat anu katelah Si Legénda téa, weléh teu kapanggih. Moal kitu diiwat matapoé, pédah si eta sasatna anu pangheulana ngahudangkeun tadi. Panon Si Sipus eunteup dina jandela. Hanjakal matapoé geus euweuh di dinya… teu aya tapak tapakna acan.
Matapoé ngiles bareng jeung ngolésédna waktu!
Si Sipus ngahuleng. Si Sipus baluweng!
“Hudang siah pangedulan!”
Aya anu ngagedoran panto haténa. Manuk manuk rabeng hiber kagebah tina dahan dahan haténa. Nu nyésa kari simpé.
“Hudang siah pangangguran!!!”
Si Sipus cengkat. Panon beureum balas kurang saré, digisik. Buuk anu panjang ruwag rewig disisiran ku ramona, sangeunahna teu paduli hasilna luwih acak acakan. Gap kana baju anu geus leuwih saminggu teu ngambeu cai. Rap dipaké, kajeun teuing sigana téh tibalik makéna ogé.
“Héy, deuk kamana, Sipus?!” aya anu ngagorowok. Si Sipus nahan léngkah.
“Deuk néangan batu!”
“Dasar jelema teu éling, kalah ngagugulung anu kitu patut!” kapireng sora anu ngagorowok deui, beuki tarik. “Lain nyiar gawé ka dituh!”
Si Sipus ngarandeg néangan anu boga sora. Anu tadi ngagorowok ngadedempés.
“Néangan batu ogé digawé deuleu!! Ceuk saha lain digawé!!?”
Taya anu ngajawab.
Si Sipus ngagelenyu asa meunang perang. Sukuna terus ngaléngkah. Si Sipus ngabéngbéos teu ngalieuk lieuk deui.
*
“Mang, manggihan batu?”
Tukang béca anu keur nungguan muatan
“Mang, manggihan batu henteu?” Si Sipus mindo.
“Sugan katingali aya ngulampreng kadieu.”
“Naon Dén, ka Buahbatu? Mangga Dén. Mirah, mung
“Lain Buahbatu, Mang!” Si Sipus nyereng asa diheureuykeun. “Batu! Batu! Batu, Mang!… Manggihan henteu!!?”
“Kutan milarian batu. Batu ali atanapi batu asahan?” tukang béca nyéréngéh asa manggih kaulinan anyar.
“Enya batu, tapi lain batu asahan. Ieu mah batu asuhan. Batu anu sapopoé sok didodorong ku kuring!”
Tukang béca molohok teu ngarti.
Si Sipus garo-garo teu ateul. Baluweng mikiran batu.
“Ke, Adén… atuh leungit batu mah, milarian deui waé. Seueur ieuh di walungan ogé. Badé milih anu saageung naon?” tukang béca méré bongbolongan.
“Lain batu anu kitu patut atuh, Mang! Ieu mah batu istiméwa… lain batu samanéa. Ieu mah batu warisan karuhun anu kudu dipusti-pusti. Kari-kari ayeuna leungit. Wah tada teuing wé benduna para karuhun. Jeung deuih, lamun éta batu teu kapanggih, hirup kuring moal aya hartina… moal aya dangiangan!”
Tukang béca beuki molohok. Beuki teu ngarti.
Matapoé beuki luhur. Waktu terus élékésékéng teu ngeunah cicing. Si Sipus beuki hariwang, sieun udaganana teu bisa kacérék deui. Si Sipus diudag udag waktu. Si Sipus diudag udag tanggung jawab.
Soloyong aya béca nyampeurkeun. Tukang bécana anu begung, ngoprot késang, tas narik anu bayuhyuh taksiran. Atawa tas kabur nyingkahan petugas ketertiban. Dina kaos tukang béca anu anyar datang téa, dina kaos kucel anu rapet ku késang, aya gambar tangkorak dipapaésan tulisan: Generasi Métal Dukung Total Réformasi! Calanana jins, nya kuleuheu nya belél. Palebah tuurna, gudawang soéh awok awokan.
Béca téh eureun di gigireun Si Sipus.
“Aya naon, Méd?” cenah ka baturna anu keur guntreng jeung Si Sipus.
“Ieu Si Adén natanyakeun batu… leungit cenah!”
“Saha….?!!”
“Enya ieu Si Adén…” ceuk Si Éméd bari ngarérét ka Si Sipus.
Tukang béca anu anyar datang ngabarakatak.
Teuing pikeun anu kasabaraha kalina, Si Éméd molohok deui.
Si Sipus ngaléos.
“Sia mah Méd, nu kitu dilayanan!”
“Har, na saha kitu manéhna téh?”
“Jelema kurang saeundan!!”
*
WAKTU terus marudah. Ninggalkeun beurang. Ninggalkeun matapoé. Kebat muru peuting. Waktu jadi mongkléng. Kawasa nyimbutan alam dunya ku peteng.
Di hiji gedong sigrong. Di hiji kamar méwah anu pepek ku bonéka, cocooan, jeung pinuh ku parabot made in luar nagri, aya hiji awéwé kira umur tilu puluh lima taunan keur mépéndé anakna bari anteng ngadongéng.
Bubuhan awéwé jelema jegud jeung terpelajar, dongéng anu keur didongéngkeun ka anakna téa; dongéng made in luar nagri. Kajeun teuing anak teu apal ka saha sahana tokoh carita anu keur didongéngkeun. Si awéwé anu kulitna bodas mapakan lampu néon, terus ngagorolang ngadongéng hiji lalakon tina buku anu ti tatadi teu lepas tina leungeunna.
Kocap aya lalaki anu disupata satungtung umur kudu ngadodorong batu ka luhur pasir. Unggal waktu éta batu terus didodorong ditaékkeun ka luhur pasir. Geus anjog ka luhur… ka mumunggang pasir, éta batu ngagulutuk deui ka handap. Kitu jeung kitu, taya anggeusna. Taya tungtungna. Da lain gé disupata atuh ari aya kecap lekasan mah.
Ceuk balaréa, éta pagawéan lalaki anu disupata téa, euweuh mangpaatna. Ngadon méakeun waktu satungtung umur, kitu ceuk biwir sadunya. Tapi kitu sotéh ceuk biwir batur. Da jinisna mah, enya anu disupata téa, pohara pisan semanget jeung daria ngalakonanana. Supata ditarima ku kasabaran. Ahirna jelema anu disupata téh kawentar saalam dunya. Eta anu disupata téh ngaranna…
Si awéwé umur tilu puluh lima taunan anu keur ngadongéng téa, ngarandeg heula. Nyelang ngarérét ka anakna. Budak lalaki umur opat taunan anu didongéngan geus ngageubra tibra, ngimpi ulin jeung Si Kabayan.
Ngadon ngala tutut, ngala nangka, atawa ngadon ngadeupaan lincar. Anu ngadongéng imut. Celengok nyium tarang anakna bangun deudeuh jeung geugeut.
Rét deui kana buku dongéng. Buku dongéng siga gugupay kawas hayang ditamatkeun.
“Kumaha terusna ieu dongéng téh…” awéwé umur tilu puluh lima taunan anu dikurung gedong sigrong, ngagerentes. Manéhna rumasa ngadongéng téh can kungsi tamat. Da macana ogé dapon baé. Teu kaur, sok kapegat ku budak anu kaburu saré.
Atawa mimindengna mah sok dikiceupan salakina… ngangajak waé saré.
Alhamdulillah, awéwé anu kulitna bodas kawas lampu néon, anu peuting harita maké kimono pulas kayas, ngucap sukur. Peuting harita mah diparengkeun tamat maca dongéngna téh. Mulus taya gangguan naon naon. Bubuhan sakadang carogé anu nyangking jabatan penting di hiji departemen, nuju tugas ka luar nagri. Atawa boa nuju pakanci ka luar nagri bari raos raos ngeukeupan anu anom.
Rengsé maca, huleng waé salila lila. Geuning dongéng téh matak muringkak bulu punduk. Ku teu nyangka deuk pikitueun pungkasanana. Karunya teuing, lalaki anu disupata téh leungiteun batu kameumeutna.
Padahal pikeun lalaki anu disupata, batu téh, ngan hiji hijina harta jeung baturna di alam dunya.
Tungtuna si lalaki ngumbara aprak aprakan ngadon natanyakeun batu. Umurna béak keur nyusud batu. Awakna beuki kuru. Tapi batu weléh teu kapanggih. Harepan jeung sumangetna anu salawasna ngagedur, musna basa manéhna dianggap gélo ku balaréa.
Ngarasa teu boga deui ajen hirup, lalaki anu disupata téh milih pati.
Maéhan impianana sorangan. Nu ngadongéng nutup buku. Ngarénghap bangun anu capé kacida. Panonna anu beueus neuteup ka anakna anu ngageubra.
“Untung baé can kungsi tamat didongéngkeun ka hidep kasép…”
Waktu geus nepi ka mumunggang peuting. Beuki mongkléng. Beuki simpé.
*
WAKTU beuki marudah. Terus ngagugusur umur.
Carita lalaki anu disupata, carita anu lengiteun batu kameumeut, carita anu nelasan impianana sorangan, geus jadi milik balaréa. Kabéh taya nu bireuk deui. Kabéh yakin carita geus tamat nepi ka lebah dinya, taya terusna. Tungtungna carita samodél kitu, nasibna kapopohokeun atawa ngahaja dipopohokeun.
Tapi jauh di hiji tempat…
Aya hiji wanoja, satia nunggu waktu anu geus pasini bakal datang. Dina haté si wanoja aya batu dipendem. Batu anu salawasna dipusti pusti. Batu saha?
Ngan si wanoja anu apal.
“Engke bakal datang anu nyokot ieu batu,” kapireng deui haréwos waktu, harita basa mimiti panggih.
“Tapi iraha?” gerentes haté si wanoja.
“Engké, lamun geus tepi kana pasti, Na!”
Dimuat dina Lembar Budaya “Khazanah” Pikiran Rakyat 2007








keren pisan….simbol2na..araredun..pooolll