Kategori: Seni Budaya | Diterbitkan pada: 31-03-2009 |


PANGANTEUR

 

Alhamdulillah “Gpaluh-Purba.Com parantos nampi béjér pangajén resmi ti Yayasan Rancagé, kalayan vérsi basa Indonésia. Ku kituna ieu béwara téh ditarjamahkeun kana basa Sunda ku redaksi “SB”. Sasarina “SB” sok ngamuat béjér-pangajén salengkep-lengkepna, sareng béjér-pangajén hadiah “Rancagé” Bali jeung Jawa.  Tapi kumargi jumlah kacana kawatesan, dina taun ieu mah “SB” mung ngamuat béjér-pangajén hadiah “Rancagé” di lingkungan basa Sunda jeung béjér-pangajén hadiah sastra “Samsoedi”. Sanaos kitu, béwara anu dihaturanan hadiah sastra “Rancagé” di wilayah basa Jawa jeung Bali tetep diserat sacara singget. Wilujeng ka nu kabiruyungan dilélér hadiah sastra “Rancagé” sareng “Samsoedi”. Mugia sing jadi pamecut tur panghudang sumanget ka para sastrawan sanésna enggoning ngagelar karya sastra dina basa indung nu langkung linuhung.***

 

HADIAH SASTRA RANCAGÉ 2009

Pamasrahan Hadiah Sastera “Rancagé” 2009 téh anu ka-21 kali dilélér ka para sasterawan anu nulis dina basa-basa indung. Anu munggaran dina taun 1989, dipasrahkeun ukur ka sasterawan anu nulis dina basa Sunda. Tapi ti taun 1994, para sasterawan anu nulis dina basa Jawa ogé meunang hadiah sastera “Rancagé”. Jeung ti taun 1997, para sasterawan anu nulis dina basa Bali ogé dilélér hadiah “Rancagé”.

            Dina taun munggaran, hadiah “Rancagé” ukur dipasrahkeun ka sasterawan anu medalkeun buku unggulan. Tapi ti taun kadua, hadiah pikeun karya téh dibarengan ku hadiah pikeun jasa, anu dipasrahkeun ka individu atawa lembaga anu dianggap gedé jasana dina miara sarta ngamekarkeun basa indung. Ku kituna, saban taun Yayasan Kabudayaan “Rancagé” ngaluarkeun 6 hadiah pikeun tilu basa indung, nyaéta Bali, Jawa jeung Sunda. Di sagédéngeun ti éta, aya kalana ngalélér Hadiah “Samsudi” pikeun pangarang anu medalkeun buku bacaan barudak unggulan dina basa Sunda.

            Alhamdulillah ku ridho Allah tur bantuan para dermawan anu sadar kana pentingna basa indung jeung sasterana dina kahirupan bangsa,  dina taun ieu ogé, Hadiah Sastera “Rancagé” baris dipasrahkeun ka para sasterawan anu nulis dina basa indung.

            Taun kamari, Hadiah Sastera “Rancagé” ogé dipasrahkeun ka sasterawan anu medalkeun buku dina basa Lampung. Manahoréng sakumaha anu dipikahariwang, tarékah pamedalan buku dina basa Lampung henteu lumangsung sacara kontinyu. Dina taun 2008, taya buku anu medal dina basa Lampung, anu antukna Hadiah Sastera “Rancagé” 2009, hadiah pikeun basa Lampung henteu bisa dipasrahkeun.

Kahariwang siga kitu téh kalintang wajar, lantaran pamedalan buku basa indung dina basa Sunda,  Jawa jeung Bali ogé– sanajan aya baé anu medal saban taun – lain usaha anu ngajangjikeun kasuksésan sacara bisnis. Ku kituna mangsa sawatara waktu kaliwat diiberan yén aya buku anu medal dina basa Madura, henteu gurunggusuh ngabagéakeun ku nyayagikeun Hadiah Sastera “Rancagé” pikeun pangarang dina basa Madura. Hariwang sieun kajadian deui siga anu tumiba dina basa Lampung. Di sagédéngeun ti éta, aya kasadaran yén leuwih nambah Hadiah “Rancagé”, mangka beban anu ditanggung ogé beuki beurat. Nepi ka kiwari ogé sakumaha anu kungsi ditétélakeun, masih “koréh-koréh cok”. Alhamdulillah nepi ka kiwari, saban taun aya baé dermawan anu sadar kana pentingna miara basa indung anu sabenerna mangrupa kabeungharan budaya bangsa urang, anu antukna Hadiah Sastera “Rancagé” masih bisa dipasrahkeun.        

            Sabada salila 20 taun  pamasrahan Hadiah “Rancagé” sok meunang tempat dina pérs, tapi tara meunang panitén pamaréntah boh pusat pon pilalagi daérah, dina ahir taun 2008, Yayasan Kabudayaan “Rancagé” babarengan jeung sawatara seniman jeung organisasi kasenian séjén, meunang “panyecep” ti Gubernur Jawa Barat (Rp. 10 juta dipotong pajak 15%).

           

Hadiah Sastera “Rancagé” 2009 untuk sastera Sunda

Taun 2007 katompérnakeun, ngadadak katingali kasibukan anu tara-tara ti sasarina dina pamedalan buku basa Sunda. Pamedal jeung lain pamedal anu salawasna tara titén kana pamedalan buku basa Sunda, ngadadak naréangan naskah Sunda keur dipedalkeun. Para pangarang diudag-udag sangkan nyiapkeun naskah. Dina waktu singget, medal buku-buku bacaan, pangpangna pikeun barudak. Tapi pamedalanana luar biasa, lantaran karéréanana henteu dicitak dina jumlah anu wajar pikeun disebarkeun ka pasar ngaliwatan toko-toko buku. Lolobana anu dipedalkeun téh saukur sababaraha éksemplar sakadar keur dijieun conto pikeun proyék pembelian buku basa indung anu béjana jumlahna puluhan milyar. Lamun bukuna kapilih pikeun dipesen ku proyék, kakara baris dicitak sakumaha anu diperelukeun. Jadi tujuanana lain nyadiakeun buku bacaan dina basa Sunda pikeun masarakat, da saukur meunang bagéan tina dana proyék anu disayagikeun ku pamaréntah. Saterusna éta proyék téh béjana dibatalkeun, anu antukna pamedalan buku dina bahasa Sunda tiiseun deui.

            Upama dina taun 2007 medal 32 judul buku basa Sunda (di luar citak ulang), anu antukna aya 13 judul anu ditimbang-timbang pikeun dilélér Hadiah Sastera “Rancagé” 2008, nya dina taun 2008 ukur medal 10 judul buku anyar. Tapi henteu kabéhanana asup kana jenis buku anu dipertimbangkeun keur diajén Hadiah “Rancagé” siga The People’s Religion (penerbitan dwibahasa nyaéta dina basa Sunda jeung Inggris, mangrupa transkripsi tina da’wah-da’wah Ajengan A. F. Ghazali almarhum,  disusun ku Julian Mille). Pon kitu deui, Luang keur nu Ngarang anu disusun ku Hawé Setiawan jeung Dadan Sutisna pikeun sing saha nu boga minat hayang diajar ngarang.  Di sagédéngeun ti éta, aya citak ulang, nyaéta Nu kaul Lagu Kaléon karya RAF, Bayan Budiman karya M.K. Mangoendikaria,  Janté Arkidam karya Ajip Rosidi jeung Album Carpon Purnama di Karanghawu karya Aan Merdéka Permana. Aya ogé opat buku karya Ajip Rosidi, tilu di antarana mangrupa carita carangan wayang  Cirebon (Dorna  Ngabasmi Komunisme, Si Cépot Hayangeun Kawin jeung Bagal Buntung hayangeun Walagri) jeung hiji deui mangrupa kumpulan lelucon (Seuri Leutik). Saperti geus mindeng ditétélakeun yén buku citak ulang jeung karangan Ajip Rosidi henteu kaasup anu diajén pikeun dilélér Hadiah “Rancagé”.

            Jadi, buku basa Sunda anu taun ieu diajén pikeun dilélér Hadiah “Rancagé” 2009 ukur opat judul, nyatana Layung kumpulan carita pondok  Aam Amilia, Rusiah Kaopatwelas kumpulan carita pondok Darpan,  Élégi Patani kumpulan sajak Arie Suhanda jeung Serat Panineungan kumpulan sajak Étti RS.

            Dina Layung dimuat 10 carita pondok Aam anu ditulis dina taun 2004—2008. Sacara umum, éta sapuluh carita téh henteu mibanda plastisitas basa jeung spontanitas saperti dina carita-carita anu ditulis Aam mangsa awal karirna jadi pangarang. Ahir carita anu dimaksud jadi “surprise” henteu matak ngagebeg lantaran geus bisa kabadé ti mimiti.  

            Rusiah Kaopatwelas ngamuat lima belas carita pondok Darpan anu dibagi jadi dua kelompok. Anu kahiji “Si Iblis” ngamuat 8 carita pondok, demi kelompok kadua “Rusiah Kaopatwelas” ngamuat 7 carita pondok. Sakabéh carita anu dimuat dina “Si Iblis” mibanda kasangtukang kahirupan jalma-jalma di padésaan bagéan kalér Jawa barat, sabudeureun Karawang, saperti carita-carita anu dimuat dina kumpulan carita pondokna nu kahiji Nu Harayang Dihargaan anu dilélér Hadiah Sastera “Rancagé” 1999. Demi carita-carita anu dimuat dina kelompok “Rusiah nu Kaopatwelas”  nyaritakeun jalma-jalma anu hirup di kota, pangpangna di Bandung.

            Sanajan henteu saweweg umumna carita anu dimuat dina Nu Harayang Dihargaan, carita-carita Darpan anu dimuat dina “Si Iblis” karasa leuwih hirup jeung ngamuat gambaran anu kajadian di tempat-tempat gersang saperti di basisir laut Jawa. Demi carita anu dimuat dina bagéan “Nu Kaopatwelas” loba nu mangrupa hasil imajinasi anu sering karasa henteu ngakar ka bumi nyata, saperti “Budak nu teu balik” jeung “Kota”.  Anu karasa ngganggu nyaéta réa ngagunakeun kecap “mun” jeung “lamun” anu kuduna “yén”. Éta perkara téh pangaruh tina basa Indonésia anu kadieunakeun réa ngagunakeun kecap “kalau”, “apabila” atawa “bila” anu sakuduna mah “bahwa”. Ieu pasualan tumiba ku lantaran réa urang Jawa anu dina ngagunakeun basa Indonésia henteu apal yén kecap “yén” dina basa Jawa, mibanda dua harti dina basa Indonésia, nyaéta “kalau” jeung bahwa”. Henteu apal téh dianggap minangka gaya anyar dina ngagunakeun basa, anu antukna réa diturutan lain baé ku urang Jawa, da para penulis dina basa  Sunda  ogé milu latah.

            Élégi Patani nyatana kumpulan sajak munggaran karya Arie Suhanda anu saméméhna sering ngagunakeun ngaran Érry Wisnu Asuhan upama ngumumkeun sajak atawa dangdingna dina majalah Manglé, Langensari, jsté. Tapi anu dimuat dina Élégi Patani kabéhanana sajak anyar anu ditulis taun 2003 – 2008.  Témanya écés réa ngritik kaayaan nagara jeung paripolah manusana, dikedalkeun ngagunakeun basa nu prosais teuing. Karasa pisan keur nulis sajakn, penyair henteu ngamangpaatkeun basa puisi saperti métafora, anu antukna taya nu mampuh nenggel kana mamaras rasa..

Serat Panineungan nyaéta kumpulan sajak Étti RS anu kalima sabada Jamparing  (1984), Gondéwa (1987), Maung Bayangan (1994) jeung Lagu Hujan Silantang (2003). Kakuatan Étti nyaéta dina ngagunakeun métafora anu dibarengan ku purwakanti anu siga dipulung kalayan babari tur wajar. Sanajan sajak-sajak anu dimuat dina Serat Panineungan henteu némbongkeun bobot leuwih jero dibandingkeun sajak-sajakna anu baheula, pangpangna anu dimuat dina Maung Bayangan, malah réa nu mangrupa kedal asmara remaja, tapi di antara sajak-sajak catetan lalakon anu dijieun di sawatara tempat anu dianjangan, masih cukup réa sajak jeung dangdingna anu suksés jadi puisi anu basajan tapi masagi, saperti “Titis Tulis”, “Hiji Sagara”, “Duriat Natrat ka Tanah Karamat”, “Leuwi”, “Surat keur Lemah Cai”, “Cipularang II”, “Angin”, “Nyukcruk Parung …” jeung “”Diajar Ludeung”. 

Ku lantaran kitu, anu kapilih minangka karya anu baris dilélér Hadah Sastera “Rancagé” 2009 pikeun karya dina basa Sunda nyaéta

                        Serat Panineungan

                        Kumpulan sajak Étti RS.

                        (pedalan Kiblat Buku Utama, Bandung)

Ku ayana kitu, Étti RS anu kadua kalina dilélér Hadiah Sastera “Rancagé” (anu kahiji taun 1995 pikeun kumpulan sajakna Maung Bayangan), mibanda hak narima Hadiah Sastera “Rancagé” 2009 mangrupa piagem jeung duit (Rp 5 juta). 

Demi anu kapilih pikeun meunang Hadiah Sastera “Rancagé” 2009 widang jasa lantaran gedé jasana dina miara jeung ngamekarkeun basa Sunda pangpangna ngaliwatan lagu-lagu karawitan ciptaanana,  nyaéta

                        Nano S.

                        (lahir di Garut, 4 April 1944)

Nano S. tamatan Konsérvatori Karawitan Sunda jeung Akadémi Senitari (ASTI), ngajar di SMKI Bandung, aktif dina widang karawitan Sunda tradisional, boh salaku pencipta lagu, pelaksana pagelaran, pon kitu deui pingpinan grup, jsté. Nano geus nyiptakeun ratusan  lagu karawitan, réa di antarana anu satuluyna dijieun lagu pop Sunda anu populér  lantaran dipikaresep lain baé ku urang Sunda saperti  “Kalangkang”. Tapi Nano ogé nyiptakeun karya-karya daria saperti “Sang Kuriang” jeung “Warna”. Hiji-hijina seniman Sunda (Indonésia?) yang anu asup kana “World Music Library” anu diproduksi ku Seven Seas kalayan pruduser Hoshikawa Kyoji, album CD-na dijudulan “Nano S., the Great Master of Sunda Music” (1994). Lagu-lagu ciptaanna ogé diproduksi di Amérika Serikat babarengan jeung pencipta lagu ti nagri-nagri séjén saperti India, Nubia, Mongol, Jepang, jsté. (1995). Kapopuléran lagu-laguna anu rumpakana ditulis dina basa Sunda, milu miara jeung nyebarkeun basa Sunda di kalangan generasi ngora. Nano ogé réa nulis sajak, carita pondok jeung artikel dina basa Sunda. Carita-carita pondokna dipedalkeun kalayan dijudulan Nu Baralik Manggung (2003). Dina widang kaahlianana Nano nulis Haleuang Tandang (1976) jeung Pengetahuan Karawitan Sunda (1983). Nano sering diondang ka luar nagri boh pikeun mingpin pagelaran kasenian Sunda pon kitu deui minangka artist in residence. Nano kungsi meunang Anugrah Akadémi Jakarta (2004).

Ka Nano S. Baris dihaturanan Hadiah Sastera “Rancagé” 2009 pikeun widang jasa dina sastera Sunda mangrupa piagem jeung duit (Rp. 5 juta).

 

Hadiah “Samsudi” 2009 pikeun buku bacaan barudak dina basa Sunda

Taun kamari, Hadiah “Samsudi” dihaturkeun ka pangarang buku Catetan Poéan Réré, nyaéta Ai Koraliati. Manahoréng pamasrahan éta hadiah téh jadi geunjleung, lantaran buku Catetan Poéan Réré tacan medal jadi buku, euweuh di toko-toko buku. Buku anu dibikeun ka Yayasan “Rancagé” ku pangarangna nyaéta conto anu dijieun ku penerbit dina jumlah terbatas pikeun Panitia Proyék Pembelian buku. Dina taun 2007 mémang aya rencana pamaréntah pikeun meuli buku-buku basa Sunda dina jumlah anu réa. Dana anu disayagikeun béjana nepi ka Rp. 80 milyar. Ku kituna para penerbit jeung lain penerbit paboro-boro medalkeun buku bacaan basa Sunda pangpangna pikeun buku bacaan barudak. Tapi kanyataanna pembelian rongkah téh henteu jadi, ku kituna réa conto buku anu geus dijieun téh henteun jadi dipedalkeun. Penerbit-penerbit anu nyieun conto buku siga kitu téh maksudna nyadiakeun bacaan dina basa indung, taya lian rék milu nyokot bagéan dina “pembagian kué” ku cara “pat-pat-gulipat’ jeung panitiana.

            Taun 2008 katompérnakeun, Yayasan Rancagé narima sawatara judul buku ti saurang pangarang. Buku-buku éta nurutkeun titimangsana mah pedalan taun 2008, tapi sabada dipaluruh, mana horéng henteu berédar di toko-toko buku. Ku kituna jelas éta buku-buku téh sakadar conto pikeun “proyék” siga buku Catetan Poéan Réré. Ku ayana kitu, éta buku-buku téh disisihkeun tina ajéneun keur dihaturanan Hadiah “Samsudi” 2009. Perelu diécéskeun yén Yayasan “Rancagé” ukur meunteun buku-buku anu dijual di toko-toko buku, boh pikeun Hadiah “Rancagé” pon pilalagi pikeun Hadiah “Samsudi”.

            Dina taun 2008, aya sawatara buku bacaan barudak basa Sunda anu medal, tapi karéréanana citak ulang. Buku anyar anu diaanggap cukup hadé dilélér Hadiah “Samsudi” nyaéta

                        Sasakala Bojongemas

                        Karya Aan Merdéka Permana   

                        (wedalan Ujung Galuh, Bandung)

            Ka Aan Permana Merdéka baris dihaturkeun Hadiah “Samsudi” 2009 mangrupa piagem jeung duit (Rp. 2.500.000).

 

                                                            *

 

Upacara pamasrahan Hadiah Sastera “Rancagé’ jeung Hadiah “Samsudi” 2009 baris dilaksanakeun dina upacara husus anu baris digelar di Jakarta.

 

Pabélan, 31 Januari, 2009

Yayasan Kebudayaan “Rancagé”

 

 

Ajip Rosidi

Ketua Déwan Pembina