Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |
Sajak Rosyid É. Abby
Geus dicatet na tetelar mangsa. Dicatet dina méga-méga di langit. Di bumi; wéker,
jam dinding, jam tangan… jarumna muter
detik
demi
detik…
Senén pasosoré. Enya, geus dicatet na sajarah kiwari. Senén pasosoré; laut basisir
Kidul Pulo Jawa
nagih jangji pasini nu geus diguratkeun dina catetan ilahi
lambaran
demi
lambaran hirup
Geus disoéhkeun ku rupa-rupa kajadian
Bugang-bugang nu patulayah, ruruntuk nu pasoléngkrah
nambahan deui catetan rumeuk pabukon kiwari. Pabukon
nu salambar demi salambar
catetanana geus boléas kaléléd mangsa;
Basisir Kidul Pulo Jawa, Bapa
mungguh burakrakan
duh
burakrakan
Dimuat dina koran Galura Minggu IV/Juli 2006

































