Kategori: Seni Budaya | Diterbitkan pada: 31-03-2009 |
ku MARUTA BAYU
MIÉLING poé basa indung internasional, Disparbud Jabar gawé bareng jeung Hima Pensatrada UPI Bandung ngayakeun pasanggiri maca sajak Sunda sa-Jawa Barat (19/02). Patandang anu miluan ieu pasanggiri umurna diwatesan antara 18 nepi ka 25 taun. Diiluan ku para siswa SMA jeung mahasiswa, kalayan jumlah patandang anu daftar aya 100 urang. Diwengku ku para pamilon ti kota jeung kabupatén Bandung, Kabupatén Bandung Barat, Cianjur, Subang, Ciamis, jsté.
Ieu acara pasanggiri anu digelar di Balai Pertemuan UPI Bandung téh dibuka sacara resmi ku Réktor UPI, Prof. Dr. Sunaryo Kartadinata. Diluuhan ogé ku Kasubdin Kebudayaan Disparbud Jabar, Wiana Sundari, jeung sawatara tokoh kota Bandung. Demi anu jadi jurina Godi Suwarna, Soni Farid Maulana, jeung Dhipa Galuh Purba.
Saban patandang diwajibkeun maca dua sajak anu geus ditangtukeun ku panitia. Sajudul sajak wajib “Tanah Sunda” karya Ajip Rosidi, jeung sajudul deui sajak pilihan. Ari sajak pilihan anu disayagikeun ku panitia téh diantarana “Keur Juru Kawih Angklung” karya Yus Rusyana, “Gerem” karya Ganjar Kurnia, “Walungan Cipalebuh” karya Ano Karsana, “Lagu Hirup” karya Eddy D. Iskandar, “Peuting di Kampus” karya Yus Rusamsi, “Péngkolan ka Isola” karya Chye Retty Isnendes, “Cibaréngkok, Bandung 1979-1980” karya Asép Ganda Sadikin, “Lamun Peuting Simpé” karya Yous Hamdan, “Lemah Cai” karya Ayat Rohaédi, “Tutugan Gunung Gedé” karya Arief Budiman, “Pangsujudan” karya Ari Ardiansyah, “Cikapundung Tong Pundung” karya A. Syarif Hidayatulloh, “Sapeupeuting Nyulam Bulan” karya Rizal Sabda, “Bongan Kitu” karya Juniarso Ridwan, “Boa-boa” karya Ganjar Kurnia, “Lir Cahya Nyorot Eunteung” karya Karna Yudibrata, jeung “Waruganing Walungan” karya Ano Karsana.

Sélly Désmiarti, Pinunjul 1 Maca sajak Sunda Disparbud Jabar
Tina 100 peserta anu daftar, dina émprona mah ukur 67 peserta anu hadir téh. Sésana ngundurkeun diri. Nurutkeun déwan juri, umumna para patandang téh masih héngkér dina neuleuman eusining sajak. Aya ogé anu macana lir maca basa Malayu, anu antukna rasa Sundana henteu karasa. Lian ti éta, réa diantara patandang anu salah maca kecap, pangpangna masih réa nu bingung ngabédakeun cara maca “e”, “é”, jeung “eu”.
Kilang kitu, anu nyongcolang ogé aya. Sabada guntreng rapat déwan juri, ahirna Séli Desmiarti, wawakil Kota Bandung, kapilih minangka pinunjul 1. Dina taun 2008, Séli kapilih jadi pinunjul 2 pasanggiri maca sajak anu sarua digelar ku Disparbud Jabar dina miéling poé basa indung 2008. Harita, dina taun 2008, anu jadi déwan jurina Dhipa Galuh Purba, Yuseph Muldiyana, jeung Dian Hendrayana. Nya dina taun ieu ogé, Séli tetep kaitung anu pangnyongcolangna dina maca sajak sunda. Karasa nyundana, bisa neuleuman eusining sajak, anu antukna sajak téh kajiwaan.
Minangka pinunjul kadua, déwan juri mutuskeun Ayu Berliani, wawakil ti kabupatén Ciamis. Juara katiluna, anu kapilih téh Iwan M. Ridwan, wawakil ti Cianjur. Déwan juri ogé milih pinunjul harepan 1, 2, jeung 3, anu ahirna dihaturkeun ka M. Iqbal, wawakil ti Subang, Rangga RD, wawakil ti Bandung Barat, jeung Resti D, wawakil ti Cianjur.
Nurutkeun Wiana Sundari, ieu acara pasanggiri maca sajak téh satékah-polah rék terus dipertahankeun. Dina harti rék digelar saban taun, dina momen miéling poé basa indung internasional.***








Assalamualaikum.
Sampurasun.
Alhamdulilah geuning aya nu merhatoskeun…
Haturnuhun sateuacanna ka saderek Maruta Bayu.
seratanna parantos diaos.
namung bilih aya permasalahan kapayuna, simkuring, Seli Desmiarti, hoyong konfirmasi.
Dina pasanggiri maca sajak sunda tahun 2009 ieu, abdi sanes wawakil ti kota Bandung, namung wakil ti kabupaten Purwakarta.
Alhamdulikah dina taun 2009, abdi dipercanten janten pinunjul 1, hatur nuhun ka Bupati Purwakarta, Kadishubbudparpostel Kab. Purwakarta, kang Deden Guntari (Kabid. Kebudayaan Kab. Purwakarta), Kang Rudy Ramdani (Ketua Sanggar Sastra Purwakata), Rizal Sabda, kanggo dukungan sareng kesempatan nu tos dipercantenkeun ka abdi kanggo ngawakilan purwakarta. Kang Gody, Kang Dhipa, Kang Sony Farid, salam sastra sunda.
hatur nuhun, mugia tiasa dimaklum, sareng diperhatoskeun.
wassalam.
Aduh sim kuring harita teu kapanggung nampa leleran hadiahna, jadi weh teu kapoto.
tapi sok sanaos kitu sim kuring ngaraos bingah pisan anu dina taun 2008 mung ukur janten 10 Finalis, taun 2009 gaduh posisi dina Pinunjul ka III.
sim kuring ngahaturkeun nuhun ka Kang Maruta Bayu anu parantos mublikasikeun. hatur nuhun oge ka para dewan juri anu parantos mercantenkeun sim kuring kengeng kalungguhan ieu.
wassalam.