Kategori: Drama | Diterbitkan pada: 21-12-2010 |
Karya DHIPA GALUH PURBA
ADEGAN VIII
WANCI TENGAH PEUTING. MANG UJAY KEUR BÉBÉRÉS WARUNG RÉK TUTUP.
AJAG DIUK DINA KORSI ROMBÉNG BARI NEUTEUP KA LEBAH JANDÉLA KAMAR SÉKSA.
MANG UJAY
(BARI MELONG KA LEBAH JANDÉLA) Naha can aya nya? Sasarina mah wanci kieu ngajanteng dina jandélana téh…
AJAG
Rék didagoan nepi ka jam sabaraha waé ogé. Manéhna pasti bakal aya…
MANG UJAY
Geus tunduh emang mah. Rék saré heula, Jang.
AJAG
Mangga, Mang…
AJAG ANTENG NEUTEUP KA LEBAH JANDÉLA KAMAR IMAH SÉKSA. TEU LILA, SÉKSA DATANG TI PIPIREUN WARUNG MANG UJAY. SÉKSA MAKÉ BAJU SING SARWA BODAS, NYEPENG FIGURA POTO, LEUMPANG ANTARÉ NYAMPEURKEUN AJAG. SÉKSA LUNGGUH TIMPUH ANDALEMI.
AJAG
Séks…. Séks… naha bet kadieu? Apan biasana ogé di… di ditu…
SÉKSA
Mun teu salah titingalian, anjeun tatadi mula mencrong waé ka lebah jandéla. Saha ari anjeun? Jeung naha bet mencrong baé kana jandéla kamar kuring?
AJAG
Séks… naha manéh bet nanya kitu? Apan urang téh geus nyobat?
SÉKSA
Séksa ngarang kuring. Séksa Arina. Ari ngaran anjeun saha? Kuring kakara ayeuna panggih jeung anjeun.
AJAG
Séksa? Oh… ngaran manéh téh Séksa? Piraku manéh geus poho deui ka uing. Kakara ogé tadi beurang apan urang ngobrol di tepas imah manéh. Uing Ajag. Sobat manéh téa.
SÉKSA
Ajag? Asa kungsi kadéngé ngaran anjeun téh. Tapi… ah, poho. Geus lila pisan sigana mah. Tapi tina sikep jeung paroman anjeun, kuring yakin, anjeun lalaki nu bisa dipercaya. Anjeun katingalina bisa jadi sobat kuring…
AJAG
Puguh wé atuh, Séksa… apan uing téh geus jadi sobat anjeun.
SÉKSA
Ajag, muga anjeun jadi hiji lalaki langit. Lalaki nu daék ngajénan kaum wanoja. Lalaki anu hormat ka wanoja. Lalaki nu neuteup wanoja binarung kasucian.
AJAG
Maksud anjeun?
SÉKSA
(NÉMBONGKEUN FIGURA FOTO) Tingali ieu poto adi kuring, Ratna Saritem… nu ahirna ngemasing pati dina umur ngora… alatan tigebrus kana pergaulan nu ngumbar kabébasan séks. Adi kuring mémang salah, tapi kuring nu leuwih salah….
AJAG
Lebah mana salah anjeun téh, Séksa?
SÉKSA
(CEURIK) Kuring leuir teuing mépélingan adi. Kuring leuir teuing… kuring nu salah…. kuring nu tara daék ngadéngékeun adi, lamun mangsana adi ngajak diskusi perkara séks… kuring harita bet embung miroséa. Padahal… lamun kuring daék ngabandungan adi, tangtu adi téh moal tibegrus leuwih jauh… masih bisa disalametkeun… moal nepi ka maotna…
AJAG
Maksud manéh… Ratna Saritem téh maot katarajang aids?
SÉKSA
Bener pisan, Ajag… bener… kuring nu salahna…
SÉKSA NYUUH DINA LAHUNAN AJAG.
AJAG
Nya… ari geus kitu mah, manéh kudu sabar, Séksa. Manéh kudu ihlas narima papastén ti Gusti…
SÉKSA
Ajag, tangtu baé kuring narima. Tapi… kuring geus buleud patékadan, rék neuleuman élmuning séks. Kuring hayang jadi séksolog. Kuring rék ngémbarkeun yén pendidikan séks pikeun rumaja téh kalintang pentingna. Kuring rék kampanye pendidikan séks…
AJAG
Hadé pisan pamaksudan téh, Séksa…
SÉKSA
Anjeun daék jadi sobat kuring? Anjeun daék jadi gaganti adi kuring, ngabaturan kuring salilana?
AJAG
Daék, Séksa.
SÉKSA
Anjeun moal ninggakeun kuring?
AJAG
Moal.
SÉKSA
Anjeun moal maot… alatan aids?
AJAG
Moal!
SÉKSA
Nuhun, Ajag… kuring reugreug boga sobat siga anjeun…
DATANG SARIP JEUNG IMRON, NYAMPEURKEUN SÉKSA.
SARIP
Séksa…
SÉKSA
Éh, bapa… kumaha buku-buku pesenan Séksa téh? Buku Pendidikan Séks Remaja, Shu Ni Jing, Kamasutra, Radost Séksa…
SARIP
Sadayana atos dipésér ku bapa. Hayu geura, urang baca…
SÉKSA
Hayu, Pa… badé ditamatkeun sawengi… (KA AJAG) Jag, peuting isukan urang ngobrol deui…
AJAG
Didagoan ku uing, Séksa…
SARIP JEUNG SÉKSA NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. IMRON NYAMPEURKEUN AJAG.
IMRON
Ajag, nuhun pisan geus daék sosobatan jeung Séksa. Sabenerna… otak Séksa téh kaganggu.
AJAG
Kumaha maksadna?
IMRON
Harita… Séksa kanyenyerian pisan sanggeus adina tilar dunya. Séksa boga tékad hayang jadi séksolog. Sapeuting jeput manéhna macaan buku-buku ngeunaan séks. Tapi sanggeus bérés dibaca, manéhna kalah luncat tina jandéla imah lanté dua. Séksa geger otak. Ingetanna jadi kaganggu. Lamun wanci beurang, manéhna maké saragam sakola, tuluy leuleumpangan kamana karep bari nyaritakeun pasualan séks. Tapi dina wanci tengah peuting, manéhna néangan poto adina, tuluy dibawa ka deukeut jandéla kamar, diteuteup bari nginghak tug nepi ka wanci Subuh.
AJAG
Séksa téh katarajang panyakit Goldfield Syndrome? Ingetanna jadi pondok?
IMRON
Panyakit siga kitu mah ukur aya dina film 50 First Dates. Séksa henteu parna teuing siga tokoh Lucy dina éta film. Buktina, Séksa henteu poho ka anjeun. Unggal poé, Séksa bisa ngobrol jeung anjeun.
AJAG
Tapi… bieu mah Séksa teu wanoheun ka kuring…
IMRON
Séksa beurang jeung Séksa peuting mémang béda. Séksa siga boga kapribadian ganda, siga nu boga dua dunya. Lebah dieu kaanéhan gangguan otak jeung gangguan jiwa anu tumiba ka Séksa.
AJAG
Naon maksudna Séksa diajak pindah kadieu? Naha éta mangrupa usaha keur nyageurkeun Séksa?
IMRON
Kieu, Ajag… ku lantaran ngarasa melang, bapana Séksa ngahaja néangan tempat anyar tur milih didieu. Ari didieu mah rada anggang ti diskotik jeung tempat hura-hura para rumaja. Sanajan kitu, kuring tetep nalingakeun Séksa dimana waé jeung kamana waé manéhna indit.
AJAG
Jadi… anjeun téh pengawalna Séksa?
IMRON
Enya, kuring meunang pancén ti bapana pikeun ngajaga kasalametan Séksa. Ku kituna, kuring nganuhunkeun ka anjeun, Ajag. Lantaran sanggeus wanoh jeung anjeun, Séksa tara lunta jauh ti dieu. Sajabana ti éta, ingetan Séksa ogé geus loba kamajuan. Ayeuna Séksa geus henteu nolak deui pikeun diajak ka Amérika.
AJAG
Ka Amérika? Naha diajak ka Amérika?
IMRON
Séksa rék dirawat di klinik gangguan otak nepi ka bener-bener cageur. Peuting ieu kénéh… boa ayeuna geus indit kétang…
AJAG
Sabaraha lila kira-kirana Séksa diubaran di Amérika?
IMRON
Teu apal, Ajag. Bisa saminggu, bisa sataun, bisa sapuluh taun, malah bisa baé salilana…
AJAG
Naha bapana Séksa mani teu ngabéjaan kuring? Padahal kuring geus jangji, moal jauh ti Séksa. Kuring geus kedal jangji, bakal maturan Séksa salawasna. Séksaaa…!
IMRON
Bapana Séksa jalma sibuk, anggota DPRRI. Moal bogaeun waktu keur ngobrol jeung anjeun.
AJAG
Teu kaharti… wakil rakyat nepi ka henteu boga waktu pikeun rakyatna…. Kuring kudu manggihan Séksa! Séksaaa…! Séksa….! Séksaaaa…!!
AJAG LUMPAT NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN BARI NYAMBAT NGARAN SÉKSA.
IMRON
Geus indit sigana mah, Ajag!
RANI DATANG RURUSUHAN BARI NGAJINGJING SELOP, LANGSUNG ASUP KA JERO IMAH. TEU LILA SUHADI DATANG BARI NGAMANG-NGAMANG RANCATAN.
SUHADI
Dasar awéwé tukang rucah! Indit ayeuna kénéh ti imah aing! (KA IMRON) Mana Si Malik? Dipodaran ku aing ayeuna kénéh. Mana Si Malik?!
IMRON
Du…. duka… Kang…. teu kenal abdi mah….
SUHADI
Montong api-api siah! Hayoh. Tuduhkeun dimana Si Malik ngancikna? Manéh sok babarengan ngopi di Warung Si Ujay!
IMRON
(BARI LUMPAT NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN) Ampuuun… teu terang Kaaang… teu terang…. ampuuun….
RANI KALUAR TI JERO IMAH BARI NGAJINGJING KOPER.
SUHADI
Indit siah!
RANI
Muhun, badé pan ieu ogé Kang… mangga permios….
SUHADI
Buru! Bisi kaburu dibabuk! Awas mun wani-wani ngagubug blackberry!
RANI
Mangga, Kang… mangga…. henteu… blackberry mah disimpen di luhur méja…
RANI LUMPAT NINGGALKEUN ÉTA PATEMPATAN. SUHADI NGABALANGKEUN RANCATAN, TULUY DIUK DINA KORSI ROMBÉNG, MALIK KA LEBAH JANDÉLA IMAH SÉKSA. SUHADI NGAHERUK BARI KANYENYERIAN.
TEU LILA, AJAG DATANG, LEUMPANG BANGUN LANGLAYEUSEUN.
AJAG
Tos teu aya ayeuna mah, Pa.. tos angkat tebih pisan.
SUHADI
Enya, geus indit, Ajag. Keun baé lah, isukan ogé bakal aya indung manéh nu anyar.
AJAG ASUP KA JERO IMAH.
SUHADI CENGKAT, TAPI NGAGUBRAG DEUI KANA URUTNA. SUHADI SAKARAT, SARTA NGEMASING PATI DINA KAAYAAN POSISI DIUK.
AJAG KALUAR TI JERO IMAH, MAKÉ DUDUKUY. TULUY MALIK KA SUHADI, BARI TUNGKUL.
AJAG
Hapunten sagala rupi kalepatan abdi salami ieu, Pa. Ti kawit dinten ieu, abdi badé nurut ka bapa. Abdi moal ngiringan késting deui. Abdi badé icalan mié ték-ték waé. Nanging… abdi nuhunkeun widi, Pa… abdi tetep hoyong sakola. Sawios wengina abdi icalan mie ték-ték, asal énjingna abdi sakola. Mugi bapa ngawidian… abdi hoyong sakola…
AJAG NYUUH KANA SUKU SUHADI. TAPI AWAK SUHADI OYAG KABÉH. AJAG REUWAS. TULUY MARIKSA KAAYAAN SUHADI. AJAG KAKARA SADAR YÉN SUHADI GEUS TILAR DUNYA. AJAG CEURIK NGAGUKGUK.
AJAG
Bapaaa…. bapaaa…. Innalillahi wa inna ilaihi rozi’un….
AJAG NGARANGKUL LAYON SUHADI.
AJAG
Bapaaa… hapunten abdi, Paaa….
O.S. SÉKSA
Ajag, apan anjeun ogé nitah sabar ka kuring sanggeusna kuring kaleungitan adi nu dipicinta. Sing ihlas, Ajag… kaleungitan jalma nu dipicinta téh mangrupa pangorbanan hakiki…
AJAG
Séksaaa….! Séksaaa…! Séksaaa…!
AJAG LULUMPATAN KADITU-KADIEU BARI NYAMBAT NGARAN SÉKSA. NEPI KA AHIRNA AJAG NYUUH DINA TANEUH.
LAMPU PAREUM DIPIRIG LAGU:
Nun Gusti Nu Maha Asih
Mundut widi abdi seja susuci
Sumujud nundung laku lampah salah
Sumerah salaksa bayah
Dina amparan sajadah
Panggugah hidayah
Ka Anjeun masrahkeun diri
Nyanggakeun sadaya-daya
Galindeng kalam Ilahi
Ti saban munara masjid
Meupeus simpé wanci janari
Ngageuing ati
Ngahudang rasa rumasa
Diri anu lamokot ku dosa
Sadrah mundut pangampura Gusti
Tina sagala lampah nu salah
Duh Gusti Robbul Izati
Mugi Gusti nampi tobatna abdi
Detik ieu seja ngubur tapak diri
Nu tos hilap ka temah wadi
Nu teu tumut ka Nu Agung
Ampun, Gusti...
RÉNGSÉ
Ranggon Panyileunkan, 21 Ramadhan 1431 H







