Kategori: Ruang Publik | Diterbitkan pada: 05-08-2008 |

Waktu maos pengumuman aya saémbara ngarang carpon di internet “Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008” kuring panuju pisan. Lain pédah kuring hayang jadi pinunjul ngiringan éta saembara téh. Tapi kuring gumbira ku sabab internét—siga dina widang sanésna—téh geus waktuna digunakeun ku urang, urang sunda kanggo ngahirupkeun basa urang nu cenah mah geus Senén-Kemis, isuk-géto duka hirup duka hos…

 

Internét téh muka jalan pikeun saha waé nu nulis, boh sastra boh naon baé, sangkan tiasa dibaca ku saha baé, di mana waé. Geus lila, redaksi atawa pengelola (“panguasa”) média citak téh siga hakim nu maké ukuran-ukuran maranéhna sorangan. Hakim nu kawasa, nu tiasa nangtukeun hiji tulisan dimuat atanapi heunteu di média citak, boh majalah boh koran. Padahal sering ogé eta ukuran-ukuran téh subyektif.

 

Nya, akibatna mah keur batur-batur nu kakara diajar nulis téh sok timbul rasa horéam–bisa ogé minder—ngirimkeun tulisan karya manéhna. Akibatna, pangarang nu nulis di média citak téh jalmina éta kénéh-éta kénéh. Padahal di antara khalayak téh meureun aya sasieureun-sabeunyeureun nu upami diipuk mah tiasa janten pangarang nu handal hususna dina sastra Sunda.

Komo deui, di satengahing isu basa urang nu beuki ngalelep téh kedahna mah gaya “hakim” modél pengelola media citak téh geura kedah dihapus. Anggur mah maranéhna téh ngasuh, méré saran, masihan masukan ka saha waé nu hayang ngamimitian nulis dina basa sunda. Geus jadi rusiah, tulisan nu dikirim ku pangarang anyar téh dibaca ogé henteu, sigana merenahna dina wadah runtah. Teu méré jawaban ka nu ngirim tulisan: rék dimuat atawa moal, lamun teu dimuat kurangna di mana, misalna. Tah sugan wé ku kitu mah tambih réa jalmi nu nyobian nyerat deui dina basa sunda. Teu wae nyerat satra, tapi ogé sagala hal dina basa sunda.

Kusabab tiasa dipikahartos, média citak gaduh katerbatasan halaman—ieu jadi alesan matih pengelola media mun nolak tulisan—nya tangtos waé teu sadaya karya nu dikirim tiasa dimuat. Tapi soal éta téh, tos jadi “masa lalu”. Da ayeuna mah unggal jalmi tos tiasa ngadamel situs nyalira—seueur nu haratis, boh blog atanapi situs jajaring duduluran sanesna—kanggo ngamuat seratan salira di internét nu tiasa dibaca saha wae.

Sakali deui, urang gumbira pisan ku ayana saémbara “Hadiah Sastra Bujangga Maya 2008”. Manéhna  téh tos ngamimitian muka jalan, supados saha waé tiasa nyerat, dimuat di media maya alias di internét téa. Syukur-syukur mun aya nu ngamodalan mah, misalna karya-karya pinilih tiasa dibukukeun sangkan tiasa dibaca ku dulur urang nu teu acan katoél ku téknologi internét.

Istiméwana deui ieu saémbara téh nyaéta saha waé nu maca hiji karya tiasa ngoméntaran. Hanjakal kamari mah éta komentar téh can tiasa dibaca ku balaréa, sigana mah ngan ukur ku juri. Upami éta komentar tiasa diaos saha wae, saémbara éta tos ngaléngkah jauh ti payun ngalangkungan média-média citak basa sunda nu ngan ukur masihan aosan ka pembaca bari jeung teu nyaho naon nu dipikahoyong pembaca.

Tah, kapayuna mugi tiasa kitu, kusabab éta antawisna hakékat di jaman internét mah: saha waé tiasa nyerat, saha waé tiasa ngoméntaran.  Wilujeng ka panitia, mugi léngkah ka hareupna tambih panjang, mapay jalan nu taya tungtungna, kacuali basa sunda nu taya tamatna.***

 

Agus Hérmawan