Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 25-05-2008 |
Dina rubrik “Katumbiri” Majalah “Mangle” No.2170, 22-28 Mei 08, kaca 53, aya tulisan laporan ngeunaan “Hadiah Uu Rukmana jeung Panghargaan Gubernur”. Di dinya disebutkeun, nurutkeun putusan Dewan Juri (Drs.Wahyu Wibisana, Dra.Etti RS, M.Hum, Duduh Durahman), pangarang nu ngutamakeun nulis karya-karya non-fiksi dina basa Sunda (dimuat dina media citak, radio, televisi jeung internet), sarta narima Anugrah Gubernur teh, Asep Ruhimat, Duddy RS, Hawe Setiawan, Mamat Sasmita jeung T.Bahtiar.
Sakaterang sim kuring, dikuatan ku para panulis Sunda sejen, basa papasrahan hadiah di YPK, Jumaah peuting (9 Mei), bejer pangajen Dewan Juri teu nyebutkeun ngajen tulisan non-fiksi dina media elektronik (radio, TV jeung internet). Kitu deui katerangan nu boga pokal (H.Uu Rukmana) jeung Ketua Penyelenggara (Tatang Sumarsono) nu dimuat dina “PR”, “Galamedia”, jeung “Tribun Jabar” poe eta. Yen anugrah Gubernur diajangkeun pikeun panulis Sunda nu nulis non-fiksi (essey, kritik, laporan jurnalistik) dina media citak.
Hartina, dina eta laporan, Wartawan “Mangle” ngaya-ngayakeun. Nulis laporan teu dumasar kana fakta saenyana. Mengpar tina kaidah jurnalistik. Ku naon bisa kitu ? Jeung kumaha bisana radio atawa televisi ngamuat tulisan. Komo dina basa Sunda. Radio jeung TV mana, sarta iraha, nu kungsi “ngamuat” tulisan panulis Sunda ? Apan TV jeung radio mah saratus persen media lisan.
Memang internet bisa disebut media tulisan. Lamun enya Dewan Juri Anugerah Gubernur Jabar ngajen tulisan dina internet, nu kudu meunang teh, Dadan Sutisna jeung Dhipa Galuh Purba. Dadan ngokolakeun “sunda.web.id”, “daluang.com”, jeung “ppss.or.id”. Dhipa ngokolakeun “galuh-purba.com”. Aktivitas produktivitas katut kaunikan eta dua pangarang ngora Sunda nulis dina internet, ku basa Sunda, bisa ngaleled nu limaan. Kaasup Mamat Sasmita nu ngokolakeun “kusnet”.
Komo Duddy RS mah moal asup itungan. Sabab Duddy RS ukur kungsi nulis dina basa Sunda nepi ka taun 2000an, mangrupa sajak jeung artikel. Kitu ge kalan-kalan. Ti harita nepi ka kiwari, Duddy RS jadi wartawan/redaktur suratkabar “Priangan” (basa Indonesia) nu medal di Tasikmalaya. Sama sakali geus tara nulis dina basa Sunda. Alhasil teu kawilang aktip, produktip tur unik.
Tinimbang nulis laporan nu mengpar (distorsi),Wartawan “Mangle” leuwih hade ngawawancara Dewan Juri Anugrah Gubernur Jabar. Perekpek ku pertanyaan, naon sababna Dewan Juri milih Duddy RS nu lain panulis Sunda aktip, produktip, jeung unik, pikeun kaselir jadi juara dina hiji momentum langka tur istimewa. Jawaban Dewan Juri dianti-anti pisan ku (Insya Alloh) sakumna panulis Sunda nu ngarasa panasaran.
H.Usep Romli HM
Cibiuk, Garut
Tembusan ka :
- Dewan Juri Anugrah Gubernur Jabar
- Ketua Penyelenggara Acara AGB
- Majalah Cupumanik
- Tribunjabar.co.id (online)
- SKM Galura
- Majalah Sunda Midang













Juri Anugerah Gubernur Jabar jigana teu professional. Asal comot ngaran nu dinominasikeun ku panitia. Terus aya nu ngagugat (H.Usep Romli). Terus neangan alesan-alesan keur nguatan kaputusanana. Tapi bet konyol kitu. Hoyong abdi terang tulisan artikel Sunda dina radio jeung tv jiga kumaha. Ari dongeng mah terang nu sok dibaca ku Wa Kepoh atawa saha lah poho deui Wa Kebul kitu ? Alusna mah dewan juri jujur we ngaku salah, duit hadiah pentaan deui heula da eta teh duit rahayat, engke bikeun deui ka nu bener-bener pantes meunang hadiah diniley ku juri nu bener-bener professional. Kumaha Pa Uu Rukmana bet balem bae hasil cape gawena dilelece ku juri ?
Ngarah berimbang, mun teu ngaheurinan tempat kitu ge, tulisan akang jawaban ka kang usep sakalian kunclungkeun di dieu.
sok atuh kirimkeun naskahna ka: senisunda@yahoo.com
DHIPA GALUH PURBA