Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 19-09-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
“Bulan puasa bener-bener bulan anu pinuh barokah…” Jang Enjo ngomong sorangan, malah
Paroman Jang Enjo katara mani hégar marahmay. Pantes ari kituna mah, kawantu tos narik muatan ti Simpar. Tapi lain pédah anu ditarikna aéwé rancunit atawa randa béngsrat. Ieu mah perkara ongkosna, anu kadi dua tikel, lantaran manéhna ngajalankeun hiji ilapat anu katampa peuting mangkukna, basa keur ngahuleng di Pasir Haur.
Geus aya kana dua poéna Jang Enjo meunang bati mucekil tina ladang ngojég. Unggal aya muatan anu numpak ojégna, pasti sok mayar dua tikel, malah aya kalana tilu nepi ka opat tikel. Nepi ka antukna mah di Pangkalan ojég Cigorowék jadi geus sabiwir hiji, Jang Enjo digosipkeun kawin ka Nyi Roro Kidul. Sigana mah dumasar kana kaayaan Jang enjo, anu ngaduda geus aya kana opat taunna.
Awahing ku panasaran, antukna mah sakabéh tukang ojég sapuk pikeun ngayakeun panalungtikan ka Jang Enjo. Si Béyong kapilih jadi tim utamana. Hiji tukang ojég anu geus katelah tukang asruk-asrukan ka nu bala. Béjana mah kungsi galungan jeung Buta Héjo, anu ngajirim jadi sireum.
*
“Kumaha hasil panalungtikan Badan Intelejen Ojég téh?” Mang Darta anu pangheulana nanya téh.
“Bérés,” témbal Si Béyong.
“Di mana masang susukna?” Mang Uhro nyelengkeung.
“Susuk nanahaon. Déngékeun heula matakna!” Si Béyong rada muncereng. Puguh baé saréréa ogé ngadadak jempling, hayang geura ngadéngékeun laporan Si Béyong.
“Kieu dulur-dulur. Anu jadi sabab musabab pangna muatan ojég Si Enjo sok méré duit gedé téh taya lian…”
“Maké jangjawokan…”
“Jajangjawokan tai pedut siah! Si Among mah ukur maké saragam ahérat,”
“Saragam ahérat kumaha?”
“Dasar belegug! Sok cirikeun ku saréréa, lamun Si Enjo keur ngojég, manéhna mah
*
Teu diisuk pagétokeun deui, sakabéh tukang ojég Cigorowék jadi maralih warna. Maraké kopéah jeung nyoléndangkeun sarung, siga Si Unyil. Jaba mani paalus-alus deuih kopéah jeung sarungna ogé. Si Bontot anu di imahna teu bogaeun kopéah, mani ngahajakeun ngiridit ka Mang Engkos. Jaba milih kopéah haji anu rupana bodas, dipulas héjo.
Bener pisan, sanggeus maraké kopéah mah, muatan téh sok méré ongkos paleuleuwih. Malah aya anu sok nawaran dahar sagala, lamun geus manjing buka puasa. Tapi can kungsi, ari aya anu nawaran kawin ka budak parawanna mah. Atuh puguh beuki ‘nyalantri’ baé, hayang kapuji ku muatan. Ojég Cigorowék geus kakoncara. Lamun aya anu mawa motor maké kopeah, bisa dipastikeun eta téh ojég Cigorowék. Hanjakal pisan, lamun Ulis Kowi jeung Lurah Ukar mawa motor, ayeuna mah sok dibuka heula kopéahna. Pangpangna mah Lurah Ukar téh béjana kungsi aya nu nyarékan, alatan teu eureun basa aya muatan anu megat motorna.
Wanci haneut moyan, hiji muatan ngaronghéap ka pangkalan ojég. Kawasna tamu ti
“Asalammua’alaikum, mangga Pa naék ojég abdi,” ceuk si Béyong
“Ka Garahang nya, bumina Néng Yuyu Liani,” kitu ceuk muatan
Anjog ka buruan imah Neng Yuyu, motor dierém. Jrut muatan turun
“
“Minggon kamari ogé numpak ojég, apan sakitu ongkosna,” témbal muatan.
“Apan dikopeah, Pa,” ceuk Si Béyong
“Goblog, bangkawarah pisan muatan téh!” si Among kukulutus sorangan
“Teu kenging nyalios kitu, A. Teu saé éta téh,” pokna, kalayan aya nu ngeclak tina irungna.
“Kuma aing wéh atuh bebenyit! Jeung barina ogé maké pipilueun kana urusan aing manéh téh, pira ogé budak satepak!” Si Béyong morongos, kawasna ngarasa kasigeung.
“Apan dikopeah…” pokna deui,
***
Galuh Taruna, 1 Ramadhan 1421 H
Ieu seratan dimuat dina rubrik “Heureuy Bandung” HU. Galamedia, pada 4 Desember 2003







