Kategori: Legenda | Diterbitkan pada: 24-09-2007 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
UPAMA ngabandingkeun anggangna Bandung-Maronggé, jarakna téh méh sarua jeung Bandung-Situ Léngkong Panjalu. Pang nepi ka nyindekeun kitu téh, lantaran SB sok pirajeunan ngilikan ukuran jarak dina kandaraan. Nya, anggangna téh, upama ti wates Bandung Timur nepi ka Maronggé, kurang leuwih 72 KM. Demi Maronggé téh perenahna di Kacamatan Tomo, Kabupatén Sumedang. Tapi ti puseur dayeuh Sumedang, masih kénéh jauh, muru ka liliwatan jalan nu brasna ka
*
ANJOG ka Maronggé téh kurang leuwih wanci sareureuh kolot. Kaayaanna mungguh matak pikabetaheun pikeun anu resep kénéh maréjéng. Pang kitu, saparat jalan gedé, deukeut lawang makam karamat Maronggé téh, teu béda jeung suasana Pasar Malem. Anu dagang ngajajar, ti mimiti nu dagang rupaning kadaharan tug nepi ka dagang cocooan. Atuh puguh, pangna loba nu dagang ogé, da peuting harita, para tamu nu ngadongdon Maronggé mani ngagimbung, tiu suklakna-ti siklukna, tug nepi ka para tatamu anu jol-na ti kota-kota gedé, saperti Bandung, Jakarta, Cirebon, jeung sajabana.
Nilik kaayaan kitu, lain tukang dagang baé nu maréma téh, kaasup tukang parker, hansip, jeung sajabana, milu riweuh ngadalikeun kaayaan pikeun katingtriman para tatamu. Bras ka lawang asup makam karamat, jalan satapak tétécéan anu rada netek, tapi teu matak wegah teuing da geus ditémbok, jaba henteu pati jauh deuih. Paling ogé saratus meter, langsung anjog ka Makam karamat téa. Saméméhna, aya patugas nu ngadata sakur tatamu nu rék jarah. Di dinya, para tamu kudu nyiapkeun dui tsarébu pérak minangka uang pendaptaran. Atuh bisi aya nu rék reureuh heula, di tempat éta ogé disayagikeun wangunan tempat reureuh anu haratis.
Makam Karamat, anu nurutkeun riwayatna, tempat pajaratan Embah Gabug (Nyai Gabug), perenahna di hiji wangunan anu sabudeureunana di lingkung ku pamakaman umum. Sajabana ti wangunan makam Nyai Gabug, aya deui dua wangunan séjénna, anu husus disayagikeun pikeun para tamu nu teu kabagéan tempat di wangunan makam karamat. Pang kitu, lantaran anu rék jarah téh kacida ngagimbungna, nepi ka henteu katampung di wangunan makam karamat.
Di lawang panto, aya patugas anu ngadata deui pamaksudan para tamu. Wayahna di dieu, kudu nyebutkeun naon tujuanana pang jarah ka makam karamat. Teu bisa disumput-salindungkeun, sabab éta catetan téh baris dipasihkeun ka kuncén. Upamana nu hayang téréh meunang jodo, lancer usaha, dipikanyaah ku dunungan, kudu disebutkeun kalawan jujur. Di tempat éta kénéh, para tamu disayagikeun cai, kembang, minyak seungit, menyan, jeung kaperluan jarah séjénna. Waragadna misah deui éta mah. Kaasup nu rék sodaqoh keur kuncén, nya di dinya tempatna. Teu ditangtukeun sabaraha-sabarahana mah. Saihlasna waé. Malah anu moal méré ogé, moal matak jadi pasualan. Satuluyna éta pernak-pernik téh disimpen dina baskom palastik, lengkep jeung catetan ngeunaan kasangtukang anu rék jarah téa. Puguh baé ngantayna mah, nepi ka assistén kuncén kudu make pangeras, pikeun ngumumkeun ngaran-ngaran anu geus réngsé dijiad ku kuncén.
Kira wanci tengah peuting, patugas makam karamat ngajak para tamu pikeun ngado’a babarengan, munajat ka Alloh SWT. Teu poho patugas makam karamat mépélingan ka para tatamu, sangakan jarahna ka Makam karamat téh henteu disalah hartikeun. Maksudna, lain nyembah atawa ménta ka Nyai Gabug. Satuluyna patugas makam karamat, anu harita diwakilan ku Pa Maman, ngécéskeun ngeunaan kasangtukang biaya pendaptaran anu sarébu pérak téa. Nurutkeun Pa Maman, éta duit téh diajangkeun pikeun pangwangunan makam karamat Maronggé. Dina perkara ieu, Pa Maman nyarita sacara transparan, henteu didinding kelir, sindang siloka. Pangpangna mah ménta karidoan ti sakur tatamu, ulah nepi ka salah sangka ku ayana dipénta “karcis” sarébu pérak. Ceuk Pa Maman, duit anu sarébu téh dibagi dua. Nyatana pikeun pangwangunan makam karamat Maronggé. Demi sawaréh deui, pikeun kapentingan kampung Maronggé, luareun Makam Karamat. Kaasup pangwangunan jalan satapak anu muru ka walungan Cilutung ogé, apan ladang tina patungan sarébu pérak téa. Atuh upama téa mah di kampung Maronggé nuju ngawangun Masjid atawa Musola, nya sok dibantu kalawan ngagunakeun dana hasil réréongan anu sarébu pérak téa.
Palebah mayar sarébu pérak, kawasna para tamu ogé, da henteu ngarasa dibeungbeuratan. Pang kitu, pangaji sarébu pérak, dianggap henteu sabaraha, dibandingkeun jeung “hasil” jarah ka Makam karamat. Komo deui anu tujuanana sodaqoh mah, henteu ngarepkeun imbalan nanaon, kaasup henteu ngarepkeun ladang jarah, make itungan nu sarébu pérak téa. Sakumaha saur Pa Maman, apan sodaqoh téh ngajauhkeun balai, jeung ngadeukeutkeun rejeki. Cindekna, para tamu teu aya nu kacaturkeun “ngarasula”, ku ayana dipénta waragad sarébu pérak.
Sabada Pa Maman biantara, langsung ditumbu ku ngadu’a babarengan, kalayan dipingpin ku kuncén.
*
NAON atuh nu jadi pangjurung, para tamu ti suklakna-ti siklukna ngajugjug ka Makam Karamat Maronggé? Tangtu baé jawabanana bakal dipatalikeun jeung sohorna hiji kakuatan pélét (asihan) anu kakoncara ngaranana Pélét Maronggé. Dina kanyataanana, nu jarah ka Makam Karamat Maronggé, mémang karéréanana nu hayang téréh meunang jodo (boh awéwé, atawa lalaki). Sanajan anu boga maksud salian ti perkara jodo ogé, nya kaitung loba, tapi henteu saloba anu tujuanana hayang buru-buru meunang jodo. Saperti hiji mojang anu disaliksik ku SB, sabada ngalaksanakeun ritual mandi di Cilutung. Sebut baé namina NN. Pacabakan sapopoéna jadi penyanyi dangdut. Méh unggal malem jumaah kaliwon, NN ngahajakeun jarah ka Maronggé, sanajan nganjrekna kaitung jauh, di wewengkon Subang. Demi maksud NN jarah téh, taya lian hayang leuwih dipikaresep ku nu lalajo. Perkara hayang geura meunang jodo (deui), mémang aya dina kereteg hate NN. Nurutkeun pangakuan NN, sanggeus mindeng jarah ka Maronggé, manéhna jadi loba nu mikaresep. Nu hayang nanggap, teu sirikna henteu katadah, awahing ku riweuh ngatur jadwalna.
NN mémang lain hiji-hijina praktisi kasenian nu mayeng jarah ka Maronggé. SB ogé patepung jeung seniwati séjénna, boh anu icikibung dina kasenian modern atawa kasenian tradisional. Malah, SB panggih jeung dua urang pelukis
Upama dibandingkeun perséntaseu-na, anu jarah téh karéréanana mémang kaum wanoja. Iwal ti ngarora kénéh jeung rupana gareulis téh, jaba saroméah deuih. Hanjakalna SB henteu bisa ngawawancara, lantaran anjeunna nampik sacara sopan basa diajakan ngawangkong ku SB, ngeunaan tujuanana jarah ka Maronggé. Upama disawang ku panon lahir, asa piraku éta para wanoja nu camperenik téh nepi ka hésé néangan pijodoeun? Tapi balik deui kana rupaning paniatan anu jarah téa, apan henteu wungkul hayang geura meunang jodo. Bisa waé anu hayang lancer sakolana, atawa lancer usahana. (Basa SB panggih deui di jalan raya, para wanoja téh tetep wé gareulis. Jadi, SB yakin, mémang aslina ogé gareulis, dina harti, SB henteu kapangaruhan ku Pélét Maronggé).
SB ogé ngawangkong kapapanjangan jeung Kang Asép, nu unggal malem Jumaah Kaliwon,
*
Saha sabenerna anu dikurebkeun di Makam Karamat Maronggé téh? Taya lian anu katelah Mbah Gabug téa. Dina Roman Purnama di Maronggé, karya Dadan Sutisna, ditulisna téh Nyai Gabug. Pang kitu, sabab Dadan nyuaritakeun lalakon Nyai Gabug dina mangsa keur sedeng rumaja tug nepi ka sawawa. Tangtungan Nyai Gabug téh geulis kawanti-wanti, éndah kabina-bina. Lian ti éta, Nyi Gabug ogé mibanda kasaktian anu linuhung. Kacaritakeun, taya hiji lalaki nu bisa ngungkulan kasaktianana. Kabuktian, nepi ka puput umur, taya hiji lalaki nu bisa jadi pinunjul saémbara nu diayakeun Nyai Gabug. Demi saémbara téh, dina raraga milih calon salaki Nyi Gabug. Harita, Nyi Gabug malidkeun kukuk ka walungan Cilutung. Sing saha nu bisa malikeun éta kukuk, mangka baris jadi salaki Nyi Gabug. Tapi taya hiji ogé nu sanggup ngalakukeunana, kaasup Raja Gubangkala, anu kakoncara boga lebar wawanénna. Nyai Gabug mah, tétéla mampuh malikeun deui éta kukuk anu dipalidkeun téa. Matak, nepi ka kiwari, pélét Maronggé téh sok disebut ogé Pélét Si Kukuk Mudik.
Nyai Gabug hirup dina jaman karajaan Mataram, dibarengan ku tilu urang adina; Setayu, Naibah, jeung Naidah. Adi-adina ogé gareulis. Tapi henteu sageulis Nyai Gabug. Écésna mah diguar ku Dadan Sutisna dina Purnama di maronggé. Kawasna roman beunang nulis Dadan téh, hade pisan upama dicétak ku Dinas Pendidikan Jabar, atawa Kabupatén Sumedang. Pangpangna mah pikeun ngeuyeuban carita lagénda Tatar Jawa Barat. Pang kitu, nepi ka kiwari tacan kungsi aya buku anu ngadadarkeun lagénda Maronggé kalawan lengkep jeung nyugemakeun. Aya ogé buku leutik, anu dikaluarkeun ku Kandepdiknas Kacamatan Tomo, meunang nulis Agus Kusmarahadi, S.Pd. Hanjakal eusina ukur ngagambarkeun carita sabéngbatan, anu teu pati nyugemakeun. Ditulis dina basa Sunda, tapi
Dimuat di Majalah Seni Budaya edisi 155, September 2004








Kuring reueus ka ki sunda parantos aya websitena. Hatur nuhun simkuringngarojong pisan.
Hatur nuhun parantos dianjangan.
Tos seueur ayeuna mah website nu nganggo basa Sunda teh. mangga we linggihan:
http://sunda.web.id atanapi http://daluang.com
DHIPA GALUH PURBA