Kategori: Artikel Sunda | Diterbitkan pada: 13-08-2009 |
Ku GODI SUWARNA
(1)
Ti barang terang réh rancagé téh hartina kréatif téa, sim uing mah teras reueus kana wewesén karuhun urang nu tos ngarang éta kecap, da dina basa Malayu mah teu aya, kalah nguyang tina basa deungeun. Hartosna, dina basa luluhurna Amir Hamzah, lampah kréatif téh teu kacatur, jalaran karuhunna rupina kirang rancagé. Sedeng, dina basa Sunda mah, lian ti kecap rancagé, apan maké jeung aya kecap rucita, kecap binangkit sagala rupi, nu hartosna kinten-kinten sami mawon.
Tah, barang apal réh rancagé dianggé ngaran hadiah sastra ku Kang Ajip, sim uing bet rada haraneg ogé. Naha bet Rancagé? Leres, rancagé téh langkung nyoko kana sikep jiwa, kana “jeroan.” Cenah. Nanging, Rancagé mah asa kirang genah kapirengna. Cék uing mah asa genah kénéh Rucita, nu kakuping langkung jalingeur alias lincah. Binangkit nyari deuih, aya sari-sari rikat, semu singset. Ngan, rék usul téh da puguh leuir, da acarana parantos der téa. Batan panuju bari digugu, boa kalah matak disenghor ku nu kagungan hadasna.
Harita, ahir taun dalapan puluhan, sanajan teu pati resep mireng kecapna, ari hadiah sastrana mah Rancagé téh teu burung jadi bukur catur sim uing saparakanca pami nuju ngadu bako. Ninggang kana paripaos oray sisit saba darat. Ngan baé, asa jajauheun kana kalélér, da puguh buku nu dipeunteunna téh. Sok sanaos gaduh carpon tujuh béca, teu kaerong saha nu baris medalkeunana. Aya éta gé pamedal nu ngeureuyeuh. Leukeun medalkeun buku-buku Sunda. Namung, lamun diambregan naskah ku uing saparakanca, tangtos kana kedah ngantri dugi ka lebaran monyét, alias biheung iraha teuing jadi bukuna.
(2)
Tungtungna, Rancagé kapopohokeun, da sim uing harita téh nandangan bancang pakéwuh; bet ngalaman pipisahan. Puang-piung di Bandung, bari katerap panyawat barusuh manah nu teu kinten parnana, maké jeung hayang pondok umur sagala. Nanging da palias ari kedah notogkeun karep ka sumur mah, atanapi marud manéh upamina, tangtos kana nyeri naker. Kitu wé, sim uing téh kalah ngadon humarurung beurang-peuting, langkung-langkung ti nu nuju nyeri huntu.
Nya ngadeker kana nyajak, bari nahan raheut manah nu teu weléh nyanyautan. Ngabedah-bedah bangbaluh. Panineungan, kapeurih, kakeuheul, kahanjakal, kasieun, jadi rupi-rupi puisi. Aya sajak nu amuk-amukan. Aya ogé nu ngagukguk. Beubeunangan terus dikirim-kirimkeun ka koran Galura. Margi, dina éta koran alam harita, honor sasiki sajak téh singhoréng salawé réwu, kaétang badag, bisa numbu-numbu umur nu kawitna hoyong pondok.
Teu kirang ti Kang Abdullah Mustappa nu harita nyanggut kana sajak-sajak uing. Utamina kana Grand Prix. Boa resep nga-Rolling Stones anjeunna gé. Si Akang téh manjang bari luluasan ngalem sajak-sajak uing dina PR, dina Galura, diobrolkeun ka para pangarang bakal kayaning Hadi Aks. Boa teuing anjeunna téh ukur nyombo, da uing kapan nuju langlang-lingling téa. Nanging, rada-rada kalandongan barusuh téh. Kantenan, barang sawatara sajak dilélér amplop hadiah sastra ti LBSS mah, janten asa rék manjangan deui hirup-hurip di pangarangan téh.
Ti taun 90 tug ka 92, puluh-puluh sajak uing pabalatak dina koran jeung majalah, ngajejel dina laci. Harita, mireng béja Geger Sunten seja medal-medalkeun buku. Giak naker uing ngadeupaan lincar. Dang Opik Faturohman, salaku tuan daléktur éta pamedal, puguh wé panuju naker da rupina hawatoseun ningal uing nu beuki kucel binarung begung. Puluhan sajak dipilih diiker-iker. Ukur 56 siki sajak nu kapilih pibukueun. Bruh-bréh pijuduleunana. Tungtungna, nya Blues Kéré Lauk nu montél téh. Asa pas keur uing nu rengkung, nu garing badis digarang, nu teu weléh marudah, nu guligah diganggayong nanasiban.
(3)
Harita, katompérnakeun taun 92, lian ti buku sim uing, Geger Sunten gé medalkeun buku-buku sanésna. Kayaning Buana nu Pinuh ku Méga, buku sajak tutungkusan Kang Yus Rusyana. Urang Naon di Cinaon, karya mutahir bari malohér yasana Kang Wahyu Wibisana. Di Lembur Bulan di Kubur, kénging Kang Dédy Windyagiri, sajak-sajak nu matak geunjleung sabada anjeunna ngampleng teu ngarang-ngarang. Bujangga petingan wungkul. Sasat dipiguru tiluanana ogé. Acan buku-buku ti pamedal séjénna. Numawi, bororaah luman-lamun kana dilélér Rancagé, uyuhan ku medal ogé.
Teu wudu uing kabur pangacian waktos Blues Kéré Lauk dilélér hadiah sastra Rancagé dina taun 93. Nuju kabur pangacian, bet dipentog ku Kang Wahyu Wibisana. Ceuk anjeunna, réa panyajak sapandeurieun nu nurutan sajak uing. “Kudu digebragan, Godi! Ulah sina narurutan baé!” kitu kinten-kinten saur anjeunna harita. Nanging, dalah dikumaha atuh. Piraku ari kedah diontrogan mah ku uing, disentakan hiji-hiji. Teu téga. Batan nurut kumaha lamun kalah malik nyentak? Jeung, rumaos deuih sim uing gé, méméh bisa “ngéré lauk”, kungsi tuturut munding ka panyajak saheulaeun.
Jeung enyana deuih, ceuk sasaha, réa sajak meunang barudak ngora harita nu ngalap Blues Kéré Lauk. Sigana, pedah sering dipedar ku Kang Abdullah Mustappa, ku Agus R. Sarjono, bari tuluy di-Rancagé-an, malah kungsi dibaca digarawakkeun di Rumentang, rupina mah teras nyerep ka nu aranom. Tapi da asa teu sawios-wios dina sajak-sajak munggaran mah, kitu ieuh biasana. Palias sotéh saupami ngépigon salalamina.
Tah, dina hiji waktos, basa keur nganjrek kénéh di Bandung, uing dihiras ngajurian lomba maca puisi di Tasik. Teu ku hanteu, di Tasik, motor bet ditubruk gogog. Sim uing ngajurahroh, leungeun baloboran getih, lajeng dibébéyéng ka sékretariat lomba. Panita pahibut. Raheut gasik digulanggapér ku panitia istri, dicokélan keusik-keusikna. Kantenan, sim uing gégéréwékan da puguh peurih kacida
Na atuh, keur sumedeng aduglajer, bet disampeurkeun ku jajaka semu guladig, ngélék sajak sabebedan. “Hoyong diimpleng ku Kang Godi!” cenah geura, teu kira-kira. Hayang ambek. Tapi asa rada watir deuih. Kaciptana téh geus diajam ti anggalna, bakal uplek jeung sim uing. Bari sengar-sengir satengah reumbay cimata, kapaksa sim uing maca bari ngoméntaran sajak-sajakna, nu teu jauh tina sangkaan, sarimbag jeung Blues Kéré Lauk. Ayeuna mah éta panyajak bakalan téh tos janten pangarang moyan. Karya-karyana haradé. Tebih ti tuturut munding. Moal, moal diucah-acéh ngaranna mah. Bilih Nazaruddin Azhar isineun!
(4)
Ngalaman di-Rancagé deui téh dina taun 96. Judul bukuna Serat Sarwa Satwa. Kumpulan carpon nu ieu mah. Teu patos jécéh sapertos waktos kénging Rancagé munggaran. Tiba reugreug pédah wanda carpon-carpon nu baréto mindeng dikékéak ku jenatna Kang Rustandi, bet kapeunteun ku Kang Ajip. Untung wé kapungkur téh sim uing teu nurut kana piwuruk Kang Rustandi, mahaguruna Kang Usep Romli, nu keukeuh miwarang ngeureunan nyarpon nu saurna aabsuran, nu matak ngaruksak sastraning Sunda. Malah, carpon-carpon sim uing téh pseudo absurd, kitu numutkeun buku hasil panalungtikan sawatara dosen IKIP sapertos nu galéhgéran. Sedeng, sanggem panganteur Serat Sarwa Satwa, kénging Agus R. Sarjono, carpon-carpon sim uing téh cenah lebet kana kolom suréalis, nu teras dibantah ku Kang Ajip kuanjeun.
Duka, ah. Lieur. Sim uing mah mung ukur ngarang. Hasilna mah nyanggakeun ka para ahlina baé. Nu tos kantenan genah mah nya tunggang karéta api ménakna, peuting-peuting ngageleser ti Bandung ka Yogjakarta, di gigireun umat-imut wanoja nu dipigandrung, miang bari silih keukeupan, seja nampi amplop katut piagem Rancagé di UGM. Hajat badag di ditu téh. Ramé pisan. Sim uing kahiras maca sajak Sunda di payuneun wong Ngayogjakerto. Jempling. Ngan pasti teu ngalartieun.
Horéng asa samar polah dina acara di lembur batur mah. Béda jeung di lembur sorangan. Di UGM mah méh taya nu nari nu nakon. Kitu wé, ngadon irid-iridan jeung pada batur salembur, badis hayam panyambungan. Pasosoré, di hotél, aya lauk jeung sanguna gular-goler di kamar urang Mangle. Nya dihénggoy wé ku uing téh, batan ku ucing. Singhoréng éta lauk téh haturan Kang Ajip. Teu terang da teu dicirian. Tapi da lauk sésa sim ucing téh cenah mah teras dituang ku Kang Ajip. Duka leres, duka henteu. Apal duduk perkarana sotéh sanggeus maca éta kajadian nu dimuat dina majalah Horison. Rupina, ku Bah Duduh dilaporkeun ka wartawan!
(5)
Taun ieu, Rancagé ka tilu kali katampi ku Sandékala. Novel meunang kuru cileuh. Matak reuwas keur ngarangna da kungsi ngiles tina komputer. Lieuk beuheung nganti-nganti jadi buku ti taun 98 mula. Ngampleng, sok sanajan geus gunta-ganti pamedal. Bororaah mikir-mikir rék meunang hadiah sastra, nu puguh mah guligah nungguan medal. Rumaos méh-méhan aral kana ngarang basa Sunda. Rada sanggup nyéréngéh deui téh saparantos novelna midang di toko-toko buku. Kantenan, séréngéh téh tambih mébér kana ceuli, sabada sakadang novel kagunturan ku Rancagé deui baé.
Sanggeus maca novelna, Wawan Awang Sofwan, tukang tunil urang Panjalu, hariweusweus majar hayang magelarkeun Sandékala. Nya dimanggakeun baé, najan bari teu kacipta bakal dikumahakeun teuing. Kedah pasrah badé di bulé di hideung. Sadaya-daya, teu langkung Sang Sutradara, da puguh sanés usumna pangarang bentik curuk ka tukang néater. Percaya ongkoh ka Jang Awang mah. Bubuhan anjeunna mah tos biasa ngadamel sandiwara tina carpon atawa novel. Malah kungsi ngagarap drama Nyai Ontosoroh tina novel Bumi Manusia.
Réngsé pagelaran Sandékala di Rumentang, rupi-rupi nu ngoméntar. Aya nu bangun panuju. Aya nu murukusunu. Nu kantos maos novelna bangun seueur kahareneg. Tangtos kana kitu. Sapuluh hulu nu maca, sapuluh ciciptan nu béda-béda. Barang dijuringkangkeun di panggung, bisa jadi teu luyu jeung lalamunan. Tunil téa kawatesanan ku rohang nu ngan ukur sagowok-gowokna. Mending nu can maca novelna. Lalajona bisa nyalsé, teu riweuh ku ngabanding-bandingkeun.
Tah, dugi ka wangkid ieu téh jisim uing di-Rancagé tos nista, maja, utama. Piraku taun hareup rék dilélér deui baé? Boseneun meureun Kang Ajip-na gé najan uing boga novel pinobeleun. Jaba taun ieu mah tinangtos réa saingan, da cenah mah aya ratusna buku sunda nu rék medal diproyekkeun. Teu kacipta badé kumaha teuing meunteunna. Rupina kedah ngabenum juri sakompieun baé mah kanggé nu ngawalan meunteun. Finalna ku Kang Ajip.
Nanging, tiasa baé Kang Ajip téh ujug-ujug ngaluarkeun aturan kieu: Buku nu asup proyek teu kaasup nu dipeunteun ku Rancagé! Tah, kitu saé, Kang! Mung, tangtos bakal seueur pangarang marurang-maring, kayaning Hadi Aks, Dadan Sutisna, Dhipa Galuh Purba, Nazaruddin Azhar, Sarabunis Mubarok, Toni Lesmana saparakanca. Mangkaning pendékar wungkul, ti golongan pemburu hadiah sastra!
Pamungkas, bilih taun payun novel atanapi buku puisi sim uing badé di-Rancagé-an deui, mugia Kang Ajip henteu unggut kalinduan, ulah gedag ka anginan. Sambat wé ngaran sim uing, Kang!Lalayang miwah amplopna seja ditampi ku astakalih.
Lauk hiu tuang tomat,
Thank you so murch...
(Dimuat dina Majalah Cupumanik/Juli 2008)



