Kategori: Sajak Sunda | Diterbitkan pada: 03-12-2009 |
Sajak Nazarudin Azhar
: Sarah Brightman
Di hiji musieum
leungeun anjeun robah jadi lilin beureum
ngusap peteng nu sumerah
ka cahaya nu nampanan kaguligah
sakabéh sarah sanggeus kapalidkeun angin
ukur tiba ka muara nu saat walunganana
implengan beuki jauh tina lambak pangbagéa
ngahunyud jadi sakadar catetan
ladang nyungsi impian teu kasurahan
maridang deui dalingding puisi tingtrim
sanggeus peuting di luareun ieu sukma
ukur jempling nu geus leungiteun sihirna
Dimuat dina Lembar Budaya “Khazanah,” Pikiran Rakyat 2007








aku suka ini…. walau kurang ngerti b.sunda tapi aku cinta b.sunda…