Kategori: Gelenyu | Diterbitkan pada: 27-12-2007 |

Ku DHIPA GALUH PURBA

 

 

NAJAN di Cigorowék loba BALON (Bakal Calon) kadus, tapi henteu matak ngaronjatkeun beubeubangan tukang balon. Mémang sacara langsung mah, taya patula-patalina antara tukang balon jeung bakal calon kadus Cigorowék. Tapi nu écés mah tukang balon téh minangka salasahiji praktisi gawé anu kaitung ‘ahéng’.  Ukur ku cara niup, duit téh bisa nyalampeurkeun. Ditilik tina jihat prak-prakanna mah, kawasna teu pati béda jeung tukang nyuling, tukang huhuitan, tukang parkir, tug nepi ka oknum Polantas. Apan manéhna ogé, enya oknum Polantas téa, boga sawah sakotak téh ladang tina niupan piriwit. Biasa wé modus operandi-na mah, nyumput di tukangeun kios, palebah parapatan tilu. Lamun aya motor atawa mobil anu ngalanggar, manéhna buru-buru némbongan bari niup piriwitna.

 “Wayahna kudu ditilang! Rék sidang di dieu, atawa sidang di pangadilan?” kitu tah pok-pokan anu maranti téh, api-api bendu padahal atoh, lamun kaparengan aya anu ngalanggar. Malah sakalieun aya munding atawa domba anu nyasab ogé, béjana mah da sok ditilang. Teuing kumaha undak-usuk nilangna, da nepi ka kiwari ogé can kungsi aya nu bisa maluruh.

“His, tukang balon mah ulah disakompét daunkeun jeung oknum Polantas atuh! Béda cara niupna ogé. Tara tuap-tiup ka nu  lain tiupeunana…” Mang Tohél anu ngawakwak téh. Teuing pédah dagangan balonna teu payu waé, atawa memang idealisme-na weweg.

“Niup balon mah kudu maké perasaan, diresapi, diteuleuman sari-patina, ngarah henteu nepi ka bitu,” Mang Éon mairan. Sarua manéhna ogé tukang dagang balon. Teuing kumaha, di Cigorowék nepi ka riab tukang balon. Diitung-itung, aya kana tilu puluh urangna anu kadaptar téh, dumasar kana sénsus désa. Malah ku lantaran riab téa, nepi ka nyieun pakumpulan anu dingaranan Asosiasi Pedagang Balon Daerah, atawa disingket jadi APBD.

Ti wanci haneut moyan kénéh, APBD téh ngayakeun rapat istiméwa di buruan balé kampung. Cenah mah keur madungdengkeun perkara singketan balon. Pangpangna mah ngarah image-na henteu pahili jeung balon versi bakal calon. Dina hal ieu, Aki Ukro nandeskeun mun yén tukang balon perelu mibanda singketan balon anu mandiri. Malah satuluyna hak ciptana rék dipaténkeun.

“Sakumaha anu kauninga ku para wargi sadayana, réhna di nagara urang téh aya UU No.19  taun 2002  ngeunaan hak cipta, anu eusina diwengku ku 78 pasal. Perelu pisan hak cipta téh, keur kapentingan tukang balon. Malah ti jaman Walanda kénéh ogé, sabenerna geus aya aturan hak cipta dina auteurswet 1912,” kitu pokna Mang Éon.

“Ké, ké, naha ari singketan téh kaasup anu ditangtayungan hak ciptana?” Mang Jasmin tumanya.

“His, puguh baé dilindungi pisan. Singketan téh mibanda ajén seni anu kacida gedéna. Sok baé ilikan dina UU No.19 taun 2002, pangpangna pasal 12, bagean F. Di dinya disebutkeun mun yén hak cipta anu ditangtayungan ku undang-undang téh, nyaeta widang élmu pangaweruh, seni, jeung sastra,”

“Ari singketan balon, ka mana asupna?”

“Lah, kumaha silaing baé perkara asup ka lebah mana mah. Nu écés, singketan téh kacida diugungkeun. Contona, lamun singketan ITC dirobah jadi Ikatan Tanteu Centil, apan bakal ngambek tah pangurus Kebon Kalapa ITC…”

“Enya, geus, ayeuna mah tong loba teuing ngawangkong. Pék geura tembrakeun singketan balon anu rék dipaténkeun téh!” kitu pokna Aki Ukro. Puguh baé mani langsung ngaracung, hayang paheula-heula nyarita.

“Ceuk uing mah, singketan Balon téh asa alus pisan lamun Batan Selon…” ceuk Si Bontot.

“Ah, silaing mah kawas nu prustasi baé. Mending kénéh Babarian Kadalon-dalon,” Mang Winta nyelengkeung.

“Goréng éta ogé! Balon mah  hadéna Singketan tina Badingkut Budak Bolon…”

“Ulah! Bisi pahili jeung carita Badingkut Nagri Kanguru. Mending kénéh; Belajar Adalah Lukisan Orang Negeri!” Ulis Kowi, embung tinggaleun.

“Teu nyambung, nyaho! Singketan Balon mah Basmi Si Melon!”

“Na manéh mah kawas nu kéki, ka uing téh?!” Si Mélon muncereng.

“Geus, ulah paraséa. Sok nangtung, ari rék ngajukeun pamanggih mah, Mélon!” ceuk Aki Ukro. Puguh baé Si Mélon langsung naék kana méja.

“Ceuk kuring mah, Balon téh Basa Anjeun Lumpat…”

“Cik atuh sing sopan, Mélon! Turun siah!” Aki Ukro muncereng.

“Ongkoh Nangtung!” témbal Si Mélon bari turun tina méja.

“Sok tuluykeun deui, Mélon. Asa rada nyastra tah, singketan téh. Kari néangan singketan dua hurup deui, O jeung N,”

“Enya, apan bieu enggeus, nyaéta Ongkoh Nangtung!” témbalna.

“Teu balég ilaing mah. Goréng! Déngékeun yeuh pamanggih kuring; Bantulah Aku Lapar Orang Negeri!”

“Na silaing mah kawas nu jajaluk baé atuh. Goréng kénéh! Nu alus mah, balon téh singketan tina; Bandung lautan Londok!”

“Wah, bahaya pisan. Cik atuh ulah ngaruksak hak cipta batur. Apan geus aya Bandung Lautan Api. Ieu mah kalah rék dirobah jadi Bandung Lautan Asmara, aéh…Londok!”

“Enya, mending kénéh Bibir Azhari Laksana Onde Nikmat…”

“Saruana teu balég. Alusna mah; Biarlah Aku Lalui Ora Néng Mincreung…”

“Menggeus, kalah ngagugulukeun nu kitu. Subyéktip siah! Jeung kawas Si Among baé ilaing mah. Cik atuh nu balég, ngasongkeun pamanggih téh!” Aki Ukro rada ngawakwak.

“Sanggeusna kuring nga-afrésiasi sakabéh usulan, kacindekanna mah Balon téh alusna mah singketan tina Barisan Bunglon. Kumaha satuju?” antukna Bah Dinta biantara, ditéma ku éprak jeung anu tingsaruit. Cindekna mah saréréa ogé satuju, lamun BALON téh singketan tina Barisan Bunglon. Ari rék teu satuju, da moal bisa, sabab ieu carita geus panjang teuing, sarta nu ngarangna geus horéam mikir deui. Ngarah buru-buru réngsé, geus wé satuju saréréa.**

 

Ranggon Panyileukan, 2000

 

Dimuat dina Majalah Sunda Midang