Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 05-07-2008 |

Ku: Witri Érmawar

 

CAMPUH naker pabéntar paham dina dada. Nu ngajejeléh jeung nu ngarojong kana léngkah-léngkah kuring. “Nyingkahan kanyataan! Kuméok méméh dipacok! Pecundang!” kitu ngajejeléhna haté kuring. Tapi buru-buru ditémpas deui ku haté kuring kénéh, “Henteu, geulis, sanés pupulih méméh mantun! Malah hadé pisan mulang ka bali geusan ngajadi. Ulah poho ka sarakan, geulis. Ulah pareumeun obor jeung kolot hidep..” kitu cenah.

            Mémang asa beuki teu puguh rarasaan. Hanjelu, bungah, kingkin, sono, leyur jadi hiji. Duka rasa mana, anu pangwewegna. Nu écés mah léngkah kuring beuki ngagancangan. Pamohalan mun kalah mulang deui ka terminal Indramayu. Piraku kudu ka Bandung deui mah. Apan kuring téh  geus anjog ka Léléa. Lain, lain rék nyingkahan kapeurih nu karandapan di Bandung. Kuring mah mulang téh awahing ku sono baé ka nini, enya ka Ma Icah. Malah ti mangkukna ogé, haté kuring geus miheulaan anjog ka bumi Ma Icah.

            Mémang ari rasa hanjelu tur kuciwa mah teu bisa dileuleungit. Harianeun pisan Kang Yogas nepi ka henteu ngajak babarengan ka kuring. Padahal apan sarua rék mulang ka Léléa. Keur naon bébéja rék ka Léléa atuh, ari moal ngajak mah. Hanas kuring geus miheulaan Gé-Ér. Tétéla geuning Kang Yogas mah ukur nganggap bawahan baé ka kuring téh, teu leuwih ti éta.

            Lima taun henteu kungsi mulang ka Léléa téh. Tapi kaayaan lembur siga nu taya robahna. Bras ka gang Kartarajasa, anu ngajajapkeun suku kuring ka buruan imah Ma Icah. Kasampak Ma Icah keur sasapu di buruan. Puguh baé barang ningali kuring,  cul sapu nyéré , gura-giru ngabagéakeun bari memener sampingna

Assalammu’alaikum…!” kuring uluk salam.

Wa’alaikum salama, Nyai, incu ema, bagéa, yap ka dieu!” kitu témbalna daréhdéh naker. Kuring langsung munjungan.

            “Ma, damang?” Tanya kuring.

            “Cageur, anaking. Aduh… Pipit, incu ema nu rancunit. Sareng saha ka dieu, bageur? Sareng kabogoh? Sok atuh wanohkeun ka ema! Kumaha di Bandung, daramang?” awahing ku sono sigana mah, Ma Icah tumanya sagala rupa, méh henteu maké koma. Demi kuring, ukur bisa ngajawab ku imut. Duh, … tada teuing bungahna Ma Icah, upama kuring dibarengan ku Kang Yogas.

RÉK niiskeun pikir nganjang ka Ma Icah téh. Moal ngabibisani, da pikir kuring mémang keur panas. Kuring ngareureuhkeun kacapé di kamar Ma Icah bari nengetan kayaan kamar. Angger kénéh siga baheula, taya nu robah. Anu robah mah ukur Ma Icah baé, katingalina beuki méotan, Hé hé hé… Pikiran rus-ras ka mangsa lawas, tug nepi ka angger baé léokna mah ka Kang Yogas deui baé. Tadina mah hayang mondok, hayang tibra, ngarah poho kana rupaning perkara, ngarah ngimpi éndah. Tapi pitunduheun téh mani asa jararauh naker.

*

Geus aya kana samingguna cicing di imah Ma Icah. Betah, asa teu hayang ka Bandung deui.  Tiis cepil hérang panon. Dina poé ieu,  kuring dibéré nyaho ku Ma Icah yén isukan bakal aya upacara tradisi ngarot di buruan kantor kacamatan. Bari ngabéjaan téh, Ma Icah mah geus nataharkeun kabaya jeung batik Dermayon, keur pakéeun kuring cenah.

Nurutkeun Ma Icah mah, Saripati tina Ngarot téh minangka hiji éksprési rasa sukur ka Nu Kawasa, duméh dipaparinan kasuburan taneuh, kalayan hasil tatanén nyugemakeun. Iwal ti éta sakaligus munajat atawa ngadu’a  sangkan tatanén nu baris datang bisa lungsur-langsar  deui tur hasilna leuwih nyugemakeun.

Ngarot? Enya, kakara inget di lembur kuring téh aya tradisi ngarot.  Malah kuring ogé apal, upacara Ngarot téh  sok diiluan ku puluhan jajaka jeung parawan Léléa. Ajang mencari jodoh, ceuk légégna mah. Lain hiji dua, anu kabiruyungan  ngajadi unggah ka balé nyungcung. Ké, asa jadi hayang apal kuring ogé. Sabab, salila ieu, ari jadi pamilon mah tacan kungsi ngalaman. Sugan baé atuh…

Isukna, tara-tara ti sasari, kuring tanginas naker. Enya, aya sumanget anyar nu ngaguruh dina dada kuring. Dina poé ieu pisan, kuring diajakan Ma Icah ka kantor kacamatan. Kabaya jeung batik Dermayon mani ngepas mungkus awak, bubuhan Ma Icah tulatén tur tabah kana kabutuhan awak kuring. Anjog  ka kacamatan, kuring jeung ema milihan sabangsaning kekembangan. Ti dinya, kuring  asup ka hiji rohangan kacamatan. Bréh puluhan wanoja keur ngararumpul. Aya nu keur didangdanan, aya ogé anu geus siap midang. Kuring milu ngantay, hayang didangdanan ku juru hias nu geus ahli.

     Sajeroning ngadangdanan kuring, tukang hias teu eureun muji-muji kuring. Ti mimiti rupa, tangtungan, buuk, jeung sajabana. Cindekna mah geulis kawanti-wanti cenah. Ah, sok palinter ari muji téh. Mun enya mah geulis, piraku kudu ngalaman raheut… aéh wajar kétang nyebut geulis mah, da kuring téh apan awéwé.

            “Neng, tos kagungan calon atanapi teu acan?” juru hias geus tetelepék deui baé.

            “Teu acan. Neda pidu’ana baé, ceu!” témbal téh.

            “Sok atuh, geura milih sakahoyong! Meumpeung nuju seueur jajaka petingan. Saha nu moal kapincut ku Enéng mah? Aduh… nya geulis, nya lempay. Enéng mah pokona awak sasampayan. Nganggo raksukan nanaon ogé, teu weléh pantes…”pokna deui.

            Kuring teu hayang ngoméntaran. Ah, lamun seug enya tinggal milih, kuring mah rék milih nu sagala rupana leuwih ti Kang Yugas. Tapi, bakal aya kitu? Ah, sok jadi ratug, upama inget ka Kang Yugas téh.  Duh, naha bet méncog tina taksiran Kang Yugas téh. Ari sikepna mani siga nu geugeut, tapi naha  kanyataanana bet papalimpang? Enya, papalimpang, da geuning teu daék ngajak-ngajak acan.

            Dibawa ngalamun mah, asa sakeudeung. Tukang hias ampir réngsé masang kembang dina buuk Kuring. Geus teu sabar, kuring geuwat nangtung, tuluy nyanghareup kana kaca eunteung. Aéh, aéh… saha éta? Mani lucu-lucu teuing… Hé hé hé… geuning Kuring. Tidak lucu ah!

            “Neng, calik heula, teu acan bérés masang kembangna, sakedik deui…!” juru hias nyalukan, nitah diuk deui. Kembang Kananga, Mawar jeung Malati masih ngampar dina méja. Satuluyna dipasangkeun kana sanggul Kuring.

            Hawar-hawar kadéngé aya béwara, yén acara baris dimimitian. Puguh baé kuring mani tibuburanjat, muru ka buruan kantor kacamatan. Enyaan baé, para tokoh masarakat geus kumpul, kaasup para jajaka jeung partawan. Di antara jajaka nu kabéhanana maké raksukan kamprét sing sarwa hideung téh, aya nu matak betah ditingali. Rupana kasép, potongan awakna atletis, katambah pakulitanana beresih. Tapi ké heulaanan ari kudu ujug-ujug bogoh mah. Tuh… manéhna ngiceupan ka kuring. Ah, hanjakal cunihin. Jadi wé henteu resep.

Pogot naker nyaksian runtuyan acara téh. Ti mimiti helaran, tug nepi ka prakna upacara ngarot. Dina puncak acara, digelar ronggéng ketuk, nu ceuk urang dinya mah minangka hiji pintonan anu ngandung ajén ritual. Tapi ritual lebah manana nya?  Da anu narongton téh kalah pulang anting, leuleumpangan, ngalobrol jeung barang dahar.

Sabada ngobrol jeung sawatara mojang, kakara nyaho yén dina Ngarot téh bakal aya mojang nu baris dilamar. Cenah mah, si jajaka bakal méré sabangsaning pasaratan wajib, nyatana ranggeuyan kembang, kabaya sapuratina jeung saléndang hideung. Kuring rada sirik ka wanoja nu baris dilamar ku jajaka nu dipikacintana. Iwal ti sirik, sok hayang ngritik deuih; Sigana bakal leuwih hadé upama pasaratan téh dilengkepan ku sapartangkat alat ibadah ka Alloh, saperti mukena, sajadah jeung Al-quran. Hé hé hé… siga nu rék akad wé meureun.

            Awahing ku resep ngobrol, Ma Icah geus teu aya di gigireun. Barang engeuh, kuring langsung néangan Ma Icah. Katingali Ma Icah leumpang ka tebéh kulon. Barang digeroaan, Ma Icah kalah tonggoy, teu némbalan. Berebet, lumpat, nyusul, teu nolih nanaon deui. Bruuk…  teu kahaja nubruk hiji lalaki nu rébo ku babawaan; Ranggeuyan kembang, saléndang, kaén kabaya amburasut. Buru-buru kuring dongko mangnyokotankeun. Kawas dina iklan baé…

            “Fitri…!”

            “Kang Yugas…?!” sora kuring jeung manéhna méh bareng.  Aya rasa bungah nu nyaliara dina dada.  Kahayang mah ngarangkul, nyacapkeun kasono nu méh teu kawadahan. Hanjakal kuring kaburu inget kana  babawaan Kang Yugas. Apan Kang Yugas téh mawa pasaratan keur ngalamar. Hartina Kang Yugas geus boga kabogoh. Nyelek campur handeueul. Kuring kakara éling ka lebah dinya.

            “Fitri, ngiringan ngarot ogé, ning? Mm.. tos badé itu nya? Tos aya calonna?” Kuring gideug. Haté gondok sagedé mangkok. Teu hayang kapapanjangan, kuring amitan rék nyusul Ma Icah. Geus rada anggang, Kang Yugas ngageroan.

            “Fit, tepang deui dieu nya…!”  kitu cenah..

            Kuring ngalieuk, tapi buru-buru malik deui. Naon maksudna hayang panggih dina Ngarot? Naha sangkan kuring nyaksian manéhna ngalamar kabogohna? Teu hararayang teuing! Sanajan ari haté mah mémang rada panasaran, hayang apal siga kumaha wanoja nu dipikahayang ku manéhna téh.Tapi dipikir deui, kanyeri-nyeri haté, mending langsung mulang.

            Mana horéng Ma Icah téh ngadadak kaserang jangar cenah. Puguh baé kuring langsung ngajak mulang. Sajeroning leumpang, kuring teu wasa nahan mudalna cimata.

“Kunaon, Nyai?”

“Hen… henteu, Ma, henteu…”

“Sing sabar, cu…” Ma Icah ngarangkul kuring, siga anu surti kana kaayaan kuring.

*

PEUTING tadi, kuring geus pasrah sumerah ka Gusti Alloh. Haté geus ngemplong, teger, seja narima kana takdir. Ras inget, jatah cuti ahir taun, kari sapoé deui. Isukan kuring kudu ka Bandung deui, ka kantor deui, hartina panggih deui jeung Kang Yugas. Duh Gusti, paparin abdi kakiatan…

            Blak, blak, jandéla dibuka-bukakeun, hordéng ogé disingraykeun. Geus kitu, muru kana lawang panto. Blak, dibuka.  Gebeg! Katingali aya bungkusan dina méja téras. Geuwat ku Kuring ditingali. Barang dibuka, bréh ranggeuyan kembang, kaén kabaya, lengkep jeung saléndang hideung. Aéh, aéh, na saha nu nyimpen ieu?

            Sawangan langsung nganteng deui kana upacara Ngarot. Ras inget ka lalaki nu ngiceupan; lalaki nu ngajak wawanohan; lalaki nu ngajak imut baé; tug nepi ka Kang Yugas. Kop, kana saléndang hideung. Tuluy diilikan gemet naker.***

 

Cirateun, 2005

 

Dimuat dina Koran Sunda