Kategori: Info | Diterbitkan pada: 24-02-2012 |

Dina raraga Miéling Poé Basa Indung Internasional 2012 (21 Fébruari), Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS), Universitas Padjadjaran, sareng Grup FBS, seja ngayakeun Saémbara Ngarang Fiksimini Basa Sunda.

 

Waktuna           : Dinten Saptu, 25 Fébruari 2012

Tempat             : Aula Grha Sanusi Hardjadinata, Universitas Padjadjaran, Jl. Dipatiukur No. 35 Bandung

Tabuh               : 09.00 – 11.30 WIB (2,5 Jam)

 

Patandang dibagi jadi 2 katégori:

1. Katégori Barudak Sakola

2. Katégori Umum (jantenna teu aya ngora/anyar/kolot, breg wé lah sadayana).

Ka nu badé ngiringan, tinggal sumping baé dina waktosna.

 

Katangtuanana:

  • Patandang kudu geus hadir di tempat saémbara paling leuir 30 menit méméh acara saémbara
  • Karangan ulah kurang ti 50 kecap, ulah leuwih ti 100 kecap.
  • Karangan kudu dina wangun digital (file), ku kituna patandang kudu mawa pakakas pikeun ngetik saperti Laptop, Nétbook, Tablét, atawa HP.
  • Téma fikmin baris dibéwarakeun dina waktu saémbara.
  • Unggal patandang dibéré waktu sajam (2,5 jam) pikeun ngarang fikmin dumasar kana téma nu dibikeun ku panitia. Ngarangna ngadadak di tempat saémbara.
  • Hal-hal téknis séjénna baris dibéwarakeun méméh prung saémbara.
  • Para pinunjul baris dibéwarakeun dina poé éta kénéh, tabuh 17.00 WIB.
  • Dina nangtukeun pinunjul, Girang Pangajén baris milih karangan dumasar kana kritéria nu geus ditetepkeun méméhna. Upamana, mun taya karangan nu nyumponan kritéria keur Pinunjul I, hadiah keur Pinunjul I diteuayakeun.

 

 

Hadiah pikeun masing-masing katégori:

Pinunjul I, hadiahna Léptop/Netbook

Pinunjul II, hadiahna Samsung Galaxy Mini

Pinunjul III, hadiahna Rp. 1.000.000,- (sajuta rupia)

Sadaya hadiah kalayan alpukahna Kang Ganjar Kurnia.

 

KANGGO IEU SAÉMBARA MUNG TIASA DILAKSANAKEUN DI TEMPAT ACARA. KANGGO LOMBA ON-LINE, ANTOS LOMBA SALAJENGNA.

 

Bari ngantos pamasrahan hadiah ka para pinunjul, baris aya sawala ngeunaan Fikmin, kopdar grup FBS, sareng ngabandungan pintonan ti Rumawat Padjadjaran mangrupi pidangan Dongéng Sunda, nu badé dijejeran ku Wa Képoh saparakanca.

 

Runtuyan Acara:

Tabuh 09.00 – 11.30

- Saémbara Fiksimini Basa Sunda kanggo Umum sareng Barudak Sakola

 

Tabuh 12.30 – 15.00

- Kopdar Grup Fikmin (Bari ngantosan juri mariksa hasil saémbara)

 

Tabuh 15.00 – 17.00

- Ngabandungan Dongéng Wa Képoh Saparakanca

- Béwara hasil Saémbara

- Loncing 11 Judul Buku Sunda nu medal Bulan Februari 2012