Kategori: Info | Diterbitkan pada: 24-03-2008 |

Situs http://galuh-purba.com gawé bareng jeung http://sunda.web.id, ngagelar saémbara ngarang carpon dina internét. Ieu saémbara téh diayakeun pikeun ngaronjatkeun kréatifitas ngarang carpon jeung ngundakeun pangaweruh ngeunaan dunya internét. Dalapan (8) naskah nu kapeunteun baris dilélér hadiah duit ku MICHAEL H. MARTIN.

Hadiah Pinunjul 1 Rp 500.000,- (Ditambih Piagam Bujangga Maya)

Hadiah Pinunjul 2 Rp 300.000,- (Ditambih Piagam)

Hadiah Pinunjul 3 Rp 200.000,- (Ditambih Piagam)

Hadiah Pinunjul Harepan 5 urang @Rp 100.000,- (Ditambih Piagam)

Katangtuanana:

  1. Ieu saémbara bisa diiluan ku saha waé.
  2. Naskah ditulis dina basa Sunda nu merenah.
  3. Téma karangan bébas, tapi henteu ngarempak agama jeung darigama sarta bébas tina unsure SARA.
  4. Panjang karangan minimal 5000 karakter.
  5. Naskah kudu asli, lain tarjamahan atawa adaptasi, can kungsi dimuat boh dina média citak boh éléktronik.
  6. Peserta ngirimkeun file naskah carpon (doc/rtf), file biodata (ngaran, tanggal lahir, alamat, jeung nomor rekening), katut file poto (jpg/jpeg/gif/png) ngaliwatan e-mail ka: senisunda@yahoo.com.
  7. File anu ditataan dina poin ka-6, bisa dikirimkeun ti mimiti 20 Maret 2008, sarta paling elat katarima ku panitia tanggal 30 Juni 2008.
  8. Nu miluan saémbara bisa ngirimkeun naskah leuwih ti sajudul.
  9. Karangan nu diilukeun kana ieu saémbara jadi milik panitia, sarta panitia mibanda hak pikeun mublikasikeun boh dina média citak atawa éléktronik.
  10. Sakur naskah carpon saémbara anu katarima ku panitia, baris langsung di-online-keun di http://galuh-purba.com jeung http://sunda.web.id (ngaran pangarangna disamunikeun, kalayan diganti ku nomor kode peserta).
  11. Naskah carpon saémbara anu dipidangkeun di http://galuh-purba.com jeung http://sunda.web.id, bisa dikoméntaran ku saha baé.
  12. Juri netepkeun dalapan karya pinunjul pikeun dilélér hadiah duit jeung piagam digital.
  13. Para pinunjul baris dibéwarakeun dina bulan Juli 2008, di http://galuh-purba.com, http://sunda.web.id, http://daluang.com, http://ppss.or.id, http://sgd.web.id, jeung sababaraha situs séjénna.
  14. Hadiah duit baris ditransper ka rékening pinunjul, sarta piagam digital baris dikirim ka alamat e-mail peserta.
  15. Sakabéh peserta nu henteu kapilih jadi pinunjul, bakal meunang piagam digital, anu baris dikirim ka alamat e-mail.
  16. Déwan juri anu baris meunteun ieu saémbara diwengku ku Ahmad Gibson Al-Bustomi, Dadan Sutisna, jeung Dhipa Galuh Purba.
  17. Upama aya katangtuan nu kurang jelas, bisa ditanyakan langsung ngaliwatan kolom koméntar di handap ieu.

Bandung, 14 Maret 2008

Ketua Panitia Saémbara Ngarang Carpon di Internét

M. Sudama, S.Sos