Kategori: Suatu Hari | Diterbitkan pada: 07-04-2009 |


Catetan DHIPA GALUH PURBA

 

Kira taun 1992 harita téh, keur kelas 2 SMP, di Panjalu, Ciamis. Kuring kaasup murid rada ‘mijah’. Sakalieun ulin ti lembur téh lain saukur ka lembur tatangga kayaning Sriwinangung, Hujungtiwu, Banjarwaru jeung sajabana, tapi ari ngablu téh sok ka Bandung (anggangna 75 KM). Padahal jaman harita mah, barudak pantar kuring téh, can pati wanieun ulin sosoranganan ka tempat anu jauh, sumawona ka Bandung. Écésna mah, upama pelesir ti Panjalu ka Bandung, disebutna ogé ‘nyaba’. Ari ku kuring mah, dianggap ulin baé.

Kungsi sakali mangsa, kuring ngalaman béakeun duit keur ongkos di Bandung. Mangkaning keur sasab deuih harita téh. Teu nyaho kalér jeung kidul. Nepi ka meunang sababaraha jam-na, kuring leuleumpangan nuturkeun indung suku, bari uteuk mah muter, néangan jalan pipetaeun. Mangkaning beuteung geus kukurubukan, ménta dieusian. Geus kabayang baé, balik téh bakal dicarékan ku kolot. Sakurang-kurangna, dijiwir cepil mah bakal karandapan.

Bras ka jalan Burangrang. Ras inget kana buku alamat. Langsung baé harita kénéh ogé dibukaan. Teu salah tina implengan. Di Jalan Burangrang téh, kuring boga babaturan pulpén, aéh…’sahabat véna’. Kabeneran deuih, boga pangaresep kana susuratan jeung awéwé. Da ari jeung lalaki mah, asa can kungsi pisan. Sebut baé ngaranna ‘Sonya Maharani’ jeung “Riska Prorina”. Sonya mah sapantar, ari Riska (lanceukna Sonya) saluhureun. Ka Sonya, resep ku rancunitna. Ari ka Riska (kuduna mah nyebut Tétéh da ka saluhureun), sajabana ti resep kana rancunitna téh katambah sorana halimpu. Enya, kapan Riska Prorina mah artis pop Sunda kakoncara mangsa harita téh. Susuratan jeung Sonya mah rada nyambung, da nu ngawalerna ogé langsung Sonya. Tapi… ari Riska mah tara pati nyambung (kakara ayeuna terang téh, surat-surat kanggo Riska sok dipangawalerkeun ku ibuna. Malah lantaran seueur pisan serat kanggo Riska téh, ahirna surat téh dipotokopi, teras dianggo ngawaler serat-serat ka Riska. Mémang, dimaklum pisan, da anu nyuratan ka Riska téh ngantay pisan. Riska Prorina atuh namina ogé).

Alhamdulillah. Jalan Burangrang téh teu pati lega. Ukur sababaraha menit ogé, alamat Néng Sobat téh kapanggih. Kuring diaku pisan ku Kang Reisyan, rakana Riska jeung Sonya. Opieun kalaluar. Puguh baé, teu diengkékeun deui. Cai sagelas, ukur saregoteun. Pon kitu deui, opieunna méh béak. Sawaréh mah dibekel kana kantong sabot Kang Resyan malaweung. Néng Sobat ogé mani daréhdéh naker. Tuluy ngobrol ngalér-ngidul jeung Kang Reisyan, nepi ka pamustunganna mah kuring balaka, teu boga ongkos keur balik. Érana mah nataku. Najan can pati resep ka awéwé ogé, da ari dipelong ku nu geulis mah, anggger baé rada ngeleper.

Teu hésé, kuring dibahanan duit ku Kang Reisyan jeung Néng Sonya. Teu lila, torojol Riska Prorina, artis pujaan téa. Duh… geumpeur pisan aduhareupan jeung béntang panggung nu saméméhna ukur dipencrong dina layar télévisi. Leuwih geumpeur deui barang Riska nambahan duit keur ongkos mulang kuring. “Nuhun pisan, Kang Reisyan, Néng Sonya, ogé Néng Riska Prorina…”

Barang diitung téh, horéng lain keur saongkoseun wungkul. Duit pamahanan téh bisa dipaké barang beuli kadaharan keur kikiriman tur bisa meuli udud (Da ngaroko ogé geus nyandu harita téh). Duh, bungah pisan haté téh. Bungah kagiri-giri atawa bungah amarwatasuta, lain bobodoan. Nepi ka datang ka imah ogé, kuring salamet teu dijiwir ceuli. Sigana mah pédah ngirim téa. Kikiriman ti Bandung téa atuh, lain bantrak-bantrakeun. Salamet tah. (Mugia amal kasaén aranjeunna, kénging ganjaran anu langkung ageung ti Gusti Alloh SWT).

Ayeuna rék dibayar téh, Kang Reisyan kalah kéképéhan. Jeungna deui, lamun ngitung ukuran dolar mah, kawasna biheung kabayar deuih. Tapi nu ngaran hutang mah tetep kudu dibayar. Ahirna sawatara waktu kaliwat, kuring ngontak Riska Prorina, hayang tepung bari rék mayar hutang téa. Alhamdulillah, Néng Riska henteu nampik pikeun patepung.

 


Dipoto jeung Riska Prorina, artis sohor nu kiwari milih jadi guru

Rada ngadégdég mimitina mah rék tepung téh… sieun kitu, sieun kieu. Tapi lahaola wé, da lain rék niat jahat ieuh, malah rék mayar hutang apan. Barang srog paamprok… duh… kayungyun teuing, ayeuna mah Néng Riska téh dijilbab. Ieu artis kakoncara téh tetep soméah, daréhdéh, matak kataji sing saha baé nu aya caketeunana. Ngan, baheula mah dedegan kuring téh jauh sahandapeun Riska. Ari ayeuna mah kuring siga leuwih kolot batan Riska. Kuring mah asa téréh pisan ngolotan téh, ari Riska tetep rancunit, soméah, taya cawadeunana.

Dunya pop Sunda memang kungsi nyatet hiji ngaran artis anu ngajaul ngaliwatan lagu “Amit-amit”. Nya Riska Prorina tea katelahna. Mojang Bandung kalahiran 15 Agustus 1975. Riska kungsi sababaraha kali diisukeun maot ku sawatara media massa. Diantarana, Riska kabéjakeun maot lantaran kasetrum. Padahal, Alhamdulillah, nepi ka kiwari ogé Riska masih kénéh jumeneng binarung séhat walapiat. Hanjakalna, ayeuna mah Riska geus henteu pati aktip deui nyanyi. Riska leuwih konséntrasi kana pancénna ngasuh barudak di TK Kuntum Cemerlang, Jl. Cipaku Indah, Bandung. Riska ngarasa betah pagilinggisik jeung barudak, tug nepi ka ampir mopohokeun dunya nyanyi anu kungsi nganteurkeun Riska jadi béntang panggung nu pada ngadeugdeug. Kilang kitu, nepi ka kiwari ogé, Riska masih kénéh aya nu sok ngulem pikeun manggung. Upama Riska manggung, salawasna maké raksukan buni, lantaran geus kitu watekna, risi némbong-némbong aurat. Komo deui ayeuna mah Riska sapopoéna maké jilbab.

 

Riska Prorina, mimiti nété karir dina widang nyanyi ti jaman nyuprih pangarti di SMP. Sabenerna, ari bakatna mah geus natrat ti Riska diuk dina bangku SD mula. Tapi mimiti daria ngasah kamampuhna basa Riska nyuprih pangarti di SMPN 27 Bandung. Riska milu tandang tur jadi juara kahiji dina Festival Pop Indonésia HAPMI tingkat Kota Bandung 1989, Festival Pop Sunda se-Bandung Raya 1990, Student Pop Singer Tingkat SLTP 1990, jeung salian ti éta. Jadi, warna sorana bisa kabula-kabalé, pop Indonésia, pop sunda, jeung dangdut. Buktina Riska ogé kapilih minangka pinunjul II Festival Penyanyi Dangdut Jawa Barat 1992.

 

Sabada reumbeuy ku préstasi dina widang nyanyi, ahirna nganteurkeun Riska ka dapur rékaman, tur ngalahirkeun sawatara albeum anu kaitung suksés. Sajabana ti “Amit-amit”, Riska ogé medalkeun albeum “Tara Lana”, “Tunggang Nyeri”, “Jalir Jangji”, jsté. Puguh baé salaku artis sohor, sapopoéna sibuk ngatur jadwal manggung. Suka bungah sakaligus pait-peuheurna manggung, geus kaalaman ku Riska. Lain sakali-dua kali Riska nyorang lalampahan anu kacida jauhna tur hara-haraeun pikeun manggung. Pon kitu deui, rupaning pangalaman nu matak muringkak bulu punduk di tempat manggung, saperti aya penonton garelut, mobilna dieundeuk-eundeuk ku nu marabok, jsté. Untungna Riska salawasna sok dibaturan ku ibuna. Kamana baé Riska manggung, pasti diaping ku ibuna. Malah ibuna pisan anu sakaligus jadi “manager” Riska Prorina. Jadwal manggung jeung rupaning nu patali jeung kaartisan Riska, ibuna nu langkung uninga batan Riska. Ku ayana pangaping ti sepuhna, Riska bisa daria nyuprih pangarti kalayan nuntaskeun atikan di SMA Pasundan 1 Bandung, sarta nuluykeun ka FIKOM UNISBA tug nepi ka réngséna nyangking gelar Sarjana Sosial.

 

Lagu-lagu Riska nu nepi ka kiwari masih keneh nganteng dina sagaraning ingetan, diantarana lagu: Randa Bengsrat, Istimewa, Surat Sakti, Tara Lana, Panto Hate, jeung Si Manehna.

 

Mugia Neng Riska salawasna aya dina panangtayungan Alloh SWT, amiiin.***