Kategori: Sosok | Diterbitkan pada: 03-10-2007 |

Ku DHIPA GALUH PURBA

 

MUNGGARAN tepung jeung Déwi téh (nénéhna Ratna Déwi) dina acara pagelaran longsér Téater Sikat. Déwi, harita jadi penari anu kaitung parigel dina metakeun pangaweruhna. Méh sakur nu lalajo, panonna tamplok ka Déwi. Réngkakna, gitekna, langgéorna, dilakna, matak deungdeuleueun anu pareng nyaksian. Puguh baé SB ogé panasaran, hayang diwanohkeun ka sakur mitra SB. Pangpangna mah duméh penari ieu mah rada béda ti nu sasarina. Dina waktu mintonkeun tarianna, Déwi teu ngaleupaskeun tiung-na. Paling henteu, bisa méré gambaran mun yén anu dijilbab ogé bisa nari. Atawa hiji tarian, teu idéntik jeung ngaéksploitasi aurat. Minggu kamari, SB ngahajakeun nepungan Déwi ka padumukanana di wewengkon Sindang Rérét, Banjaran, Bandung.

*

 

Teu boga niat nanaon SB nganjang ka imah Déwi, dina wanci sareureuh kolot. Mémang ngahaja, ngarah rada rinéh tur laluasa ngawangkongna. Ngahaja deuih malem Juma’ah, da puguh malem Minggu mah bisi aya tamu séjén. Déwi jeung ramana, Bapa Suwardi, ngabagéakeun SB daréhdéh naker. “Ka mana ari Ibu?” tanya SB, saméméh ngamimitian ngawangkong. “Tos kulem puguh,” témbal Déwi. “Wios lah, teu kedah digugahkeun,” ceuk SB. “Is, na saha nu badé ngagugahkeun?” Kituna téh bari gék diuk, hareupeun SB.

Teu pati béda jeung lalampahanana anu geus kaitung panjang. Ngaran lengkepna ogé da panjang deuih, Ratna Déwi Syari’ah Nurrobaniyah Khoérunnisa. Can tangtu sobat-sobatna ogé bisa apal cangkem, kajaba anu deukeut pisan. Nurutkeun Déwi, éta ngaran téh mangrupa kanyaah tur kadeudeuh ti nu jadi kolotna. Saliwatan ogé tangtu bakal kataksir, tangtu nyokot tina basa Arab. Geura wéh, upama dihartikeun kana basa Sunda mah kurang leuwih kieu; Syari’ah hartina hukum Alloh. Nur hartina cahaya. Robbaniyah nyaéta santri anu ahli ibadah ka Alloh. Khoérunnisa nyaéta wanoja anu hadé ahlakna. Nurutkeun Déwi, écésna mah éta ngaran téh mangrupa harepan ti nu jadi kolot, sangkan Déwi jadi hiji wanoja pinilih diantara para wanoja pinunjul. Tuh, pan, méré ngaran téh teu sagawayah.

Déwi mémang lahir di lingkungan pasantrén. Ti leuleutik geus digémbléng sarupaning élmu kaagamaan. Kilang kitu, Déwi ogé kabandang pikeun neuleuman dunya kasenian. Hayang diajar kasenian anu islami. Basa harita sakola kénéh di SDN Pameungpeuk I ogé, geus katingali sirung-sirung pijadieunana. Buktina basa kelas hiji SD, Déwi jadi pinunjul pasanggiri busana muslim. Tangtu baé ti harita ogé Déwi geus ngalalanyahan diajar nari. “Ngawitanna mah diajar nyalira baé, da teu aya nu ngalatih,” kitu pokna Déwi. Tapi ari satuluyna mah Déwi ogé kungsi meunang pangaping ti ibuna (Ibu Diah), anu parigel tari serimpi, pon kitu deui ti bibina (Bu Tiktik) anu parigel nari Sunda.

Déwi ngumbar lalampahanna anu kungsi disorang sawatara taun kaliwat. Kaluar ti SD, Déwi asup ka MTS (Madrasah Tsanawiyah), tuluy ka MA (Madrasah Aliyyah). Ceuk Déwi, salila sakola di MA téh bakat kasenianna teu kasalurkeun. Pangpangna mah da kasenian Sunda kurang diperhatikeun. Puguh baé ukur bisa ngamekarkeun dina jeroning haté. Teu leuwih ti kahayang, teu kurang ti sawangan. Tapi kétang, bisa kedal dina gutrétan leungeunna, mangrupa sajak-sajak Sunda. Sajak anu ngedalkeun hiji cita-cita anu kasengker. Kilang kitu, di MA téh Déwi kaitung aktif dina mangrupa kagiatan ekstrakurikulér, saperti Pramuka, Paskibra, jsb. Nepi ka ahirna, basa acara ngareuah-reuah perpisahan di sakolana, Déwi ngawani-wani karep, nékad ngagelar Sandiwara Sunda. 

Réngsé sakola di MA, Déwi asup ka IAIN Sunan Gunung Djati Bandung. Barang mimiti asup, Déwi kataji ku stand Téater Awal. Pangpangna mah duméh ngagelar gamelan Sunda. “Aéh, aéh, geuning di dieu aya kasenian Sunda yeuh…” kurang leuwih siga kitu, gerentes Déwi harita. Ahirna basa Téater Awal ngayakeun pasanggiri  maca puisi, Déwi miluan jadi patandang. Malah Déwi pisan anu kapilih minangka pinunjul ka-1. Ti harita, Déwi beuki raket jeung téater awal, ngagabung jeung divisi kasundaanana.

Ieu mojang wedalan Bandung, 11 Agustus 1984 téh mémang kacida mikahéman kana seni Sunda. Salila kuliah di Fakultas Adab, jurusan SPI (Sejarah Peradaban Islam), Déwi mindeng manggung, boh jadi penari atawa (kabéhdieunakeun) sok ngawih. Kungsi ngagabung jeung Caraka Sundanologi, milu ngarojong acara sisindiran di TVRI Bandung. Kungsi ogé diajakan ‘apruk-aprukan’ nepi ka Pulo Bali. “Pokona mah, abdi hoyong nyiar pangalaman langkung euyeub, dina widang seni Sunda,” pokna deui. Jadi sajabana ti hayang leuwih apal kana tari jeung ngawih, ieu putra cikal ti opat sadulur téh hayang apal kana sajarahna, ajén inajénna, nepi ka filosofisna tari jeung kawih.

Sajabana aktif dina kasenian Sunda, horéng Déwi ogé aktif ngawurukan ngaji ka barudak di wewengkon padumukanna. Enyaan, rancagé téh lain bobohongan. Keur méncrang téh, nepi ka méncrang jeung tingkah laku sapopoéna. Na saha atuh nu boga milik bakal réréndéngan jeung putrana Ibu Diah téh? “Duka, ah. Abdi mah teu acan ngémutan perkawis éta.” Kitu pokna bari mungkas paguneman. Betah kénéh ngawangkong téh, tapi SB sadar kana jam dingding. Sanajan teu diandeg ngéndong ogé, SB maksa amitan. Tapi bisi aya anu teu kaguar dina ieu tulisan mah, mitra SB kantun naroskeun deui, boh ngaliwatan surat atawa ngaliwatan é-mail.***

 

Dimuat di Majalah Seni Budaya No. 138, April 2003