Kategori: Sajak Multimedia | Diterbitkan pada: 29-06-2008 |
Ieu sajak ditulis sarta dibaca ku Dhipa Galuh Purba, kalayan dipirig ku musik instrument anu judulna Theme From Silk Road, karya KITARO.
Basa Putri Karomah
ngabérok urang
alangkara mendet
duriat mudal
najan cadas,
haté anjeun siga wadas
sakali ngarecah
tangtu burakrakanKolébat sakingki
minuhan rasa
belentrang ninggang
taméng asih
Palagan nafsu
sapeuting jeput
durias nyingkab
naha bet pugag?Teuteup deudeuh
ngiuhan huru asmara nirca
tiis, jempling, tingtrim
anjeun téh nirmala
Cianjur, 23 Juli 2005














Aduh eta soanten meni matak muringkak… ageum matak gantung dngueun deuih. kabayang eta jalmina… duuuh

hmmmmm…. ngartos ngartos lah…
eta pasti pangalaman kang dhipa “sapeuting di hotel putri karomah”….
tapi patarosanana: saha nu dimaksad NIRMALA?… hi hi hi….
sae lah penghayatanna
wah…pangalaman akang yeuh…sapeuting jeput.
ieu neng nirmala teh kamana ayeuna?
tapi kenagan anu endahnya kang?maju terus dalam bercinta hihihi….
Mataknage ari hubungan anu ngalanggar aturan agamamah sok aya tungtungna………..komo dihotel…….moal beda yi sareng ucing ningali paisan (maksadna pais lauk da pais banmah moal kersaeun) heh…heh…heh…heh
Wios da resep… aeh, punten lepat. Maksad teh da kapaksa ku kaayaan eta mah.
DHIPA GALUH PURBA
matak emut kana imutna…