Kategori: Info | Diterbitkan pada: 02-11-2008 |
Saban taun, LBSS (Lembaga Basa jeung Sastra Sunda) ngalélér hadiah ka para pangarang sajak, carpon, jeung ésai anu tulisanana geus dimuat dina média
Dua taun katukang (2006), LBSS ngalélér hadiah sastra keur pangarang anu nulis sapanjang taun 2004-2005. Jadi, sigana mah LBSS ngabiasakeun ngalélérna saban dua taun sakali, tapi dirapélkeun. Demi téknisna, LBSS ngabentuk tim juri pikeun meunteun sajak, carpon, jeung ésai anu dimuat di média
Dina ngajén Hadiah Sastra LBSS 2006-2007 mah, Alhamdulillah média
Ku kituna, mimitina mah redaktur KSM Galura jeung Seni Budaya geus sapuk moal ngirimkeun karya ajéneun lamun jumlahna diwatesan. Hayang dikirimkeun kabéhanana wé, keun tugas juri anu meunteunna. Alhamdulillah, ahirna ditedunan ku panitia. Panitia, ngaliwatan Kang Dian Héndrayana nétélakeun yén karya anu dikirimkeun ka LBSS henteu diwatesan. Geus kitu mah, KSM Galura jeung Seni Budaya ogé ngirimkeun sakur karya-karya anu dimuat sapanjang taun 2006-2007. Mugia baé Hadiah Sastra LBSS taun 2008 mah bisa ngawengku média
Geus kitu mah, der wé déwan juri téh meunteunan karya-karya sapanjang 2006-2007. Cenah mah juri dibagi tilu tim. Aya nu husus meunteun sajak, aya nu meunteun carpon, jeung ésai. Satimna diwengku ku tiluan. Juri carpon diwengku ku Dadan Sutisna, Tatang Sumarsono, jeung cécép Burdansyah. Juri sajak diwengku ku Dian Héndrayana, Wahyu Wibisana, jeung Dédy Windiagiri. Juri ésai diwengku ku Hawé Setiawan, Tédi Muhtadin, jeung Abdulah Mustapa.
Panitia tacan ngumumkeun sacara resmi ngeunaan saha-sahana nu jadi pinunjul. Tapi Galuh-Purba.Com geus boga bocoran ti kantor Redaksi Majalah Cupumanik. Hasilna téh nyaéta:
Pinunjul Sajak Taun 2006
1. Ngaji Diri, karya Rizal Sabda (dimuat di KSM. Galura/ Minggu III Novémber 2006)
2. Senén Pasosoré, karya Rosyd E. Abby (dimuat di KSM. Galura/ Minggu IV Juli 2006)
3. Béja ti Kalakay, Karya Sarabunis Mubarok (Dimuat dina Majalah Manglé No. 2061)
Pinunjul Sajak Taun 2007
1. Sanggeus kapalidkeun Angin, karya Nazaruddin Azhar (Dmuat di Khazanah Pikiran Rakyat, 15 Désémber 2007)
2. Eunteung Diri, karya Tiwi Sonia (dimuat di Majalah Manglé, No. 2129)
3. Layung Surup di Cisadaan, Karya Darpan (dimuat di Majalah Cupumanik, édisi Juni 2006)
Pinunjul Carita Pondok Taun 2006
- “Ciricit Beurit,” karya Toni Lesmana (Cupumanik/Désémber 2006).
- “Londok,” karya Hérmawan Aksan (Manglé No. 2086).
- “Wilujeng Angkat,” karya Étti R.S. (Manglé No. 2067).
Pinunjul Carita Pondok Taun 2007
1, “Si Sipus,” karya Déni Ahmad Fajar (Lembar Budaya “Khazanah” Pikiran Rakyat 2007).
2. “Kembang Keretas,” karya Ai Koraliati (Manglé No. 2148).
3. “Jajap nu Mulang,” karya H. Usép Romli (Manglé No. 2133).
Pinunjul Éséy Taun 2006
- “Nasib Roman Sunda Ngepop,” karya Atép Kurnia (Seni Budaya/Désémber 2006).
- “Cai Buruk Milu Mijah,” karya Dhipa Galuh Purba (Galura).
- “Dalang Dumang,” karya Djasépudin (Manglé).
Pinunjul Éséy Taun 2007
- “Pamiangan,” karya Iip D. Yahya (Galura).
- “Ngawur Kasintu,” karya Ki Édas (Bina Da’wah).
- “Pamali jeung Sanget,” karya Cécé Hidayat (Cupumanik/ Désémber 2007).














padahal mah kang tong waka diembarkeun, najan meunang ti majalah cupumanik ge. utamana mah pasualan etika. hatur nuhun
Sateuacan diposting, abdi ngontak heula ka Kang Dian Hendrayana, Ketua Panitiana. Kang Dian ngawidian upami pangumuman diembarkeun, malah bingaheun. Saur Kang Dian, datana mangga taroskeun ka Cupumanik.
DHIPA GALUH PURBA