Kategori: Info | Diterbitkan pada: 02-11-2008 |


 

Pasangan Eep Hidayat-Ojang Sohandi leuwih unggul ti lima pasangan calon bupati Subang séjénna, kalayan meunang 262.670 sora (34,10%). Kitu nurutkeun KPU Subang basa ngagelar rapat pléno rékapitulasi hasil penghitungan sora pemilihan Bupati-Wakil Bupati Subang periode 2008-2013, Kemis (30/10/08).

Urutan ka-2 ditempatan ku pasangan Hj. Imas Aryumningsing-Primus Yustisio kalayan ngantongan 252.987 sora (32%), ka-3 pasangan H. Bambang Heryanto-Hj. Alma Lucyati kalayan ngaraéh 161.362 sora (20,95%). Posisi ka-4 nyaéta pasangan K.H. Ahmad Juanda-Nandang Sudrajat kalayan 45.668 sora (5,93%), posisi ka-5 pasangan Kusbini-H. Hasim kalayan 33.585 (4,36%), jeung posisi pamungkas ditempatan ku pasangan Kusbini-Sri Kukuh Ernanto kalayan 13.972 sora (1,81%).

Dumasar kana éta rapat pleno, bisa kanyahoan daftar pemilih tetap (DPT) lobana 1.059.725, kalayan ukur 770.244 pemilih anu datang ka TPS (aya 23.107 sora anu diputuskeun henteu sah.***

 

Maruta Bayu/G-P.Com