Kategori: Info | Diterbitkan pada: 02-11-2008 |
Pasangan calon Wali
Dumasar kana rékapitulasi bebeunangan sora, pasangan nomor urut opat, Doddy Rosadi-Erik Irawan Suganda nempatan posisi kadua. Ieu pasangan anu dirojong ku PAN, PPP, PBB, jeung PKB, ngaraéh 60.040 sora atawa kira-kira 15 persén. Disusul ku pasangan nomor urut hiji, Syafei Baratasendjaja-Akik Darul Tahkik (calon independén) kalayan ngaraéh 33.490 sora atawa 9 persén. Pasangan indepénden séjénna nomor urut dua Iman Santoso (Ki Gendeng Pamungkas)-Achmad Chusaeri ngaraéh sora 26.117 sora atawa 7 persén. Demi pasangan nomor urut tilu anu dirojong ku Partai Démokrat, PKPB, PBR, jeung PPNUI, Iis Supriatni-Ahani ngaraéh 19.939 sora atawa 5 persén.
Ieu pemilihan Wali Kota/Wakil Wali Kota Bogor téh diiluan ku 415.612 pemilih tina 603.029 warga anu kacatet dina daftar pemilih tetap (DPT). Tina 415.612 warga anu nyoblos, aya 386.020 sora anu ditétélakeun sah, sarta aya 29.592 sora anu henteu sah. Warga anu henteu ngagunakeun hak pilihna (golput) kira-kira 33 persen. Jadi, ana kitu mah urutan kadua téh nyaéta Golput.***
Maruta Bayu/ G-P.Com












