Kategori: Cerpen Sunda | Diterbitkan pada: 26-09-2008 |
Ku DHIPA GALUH PURBA
Lalaunan suku kuring nete kana hiji gapura anu jadi tungtung sasak pameuntasan walungan Kalimas. Panon buru-buru ngabalieur, basa di jero gapura aya sapasang manusa anu keur anteng paduduaan. Euweuh kaera pisan. Padahal gapura teh pipindingna ukur samet cangkeng. Jeung pangpangna mah, sakabeh anu meuntas kana eta sasak teh, tangtuna oge bakal ngaliwat ka lebah dinya.
“Dikira bukan orang gila!” ceuk anu lalaki
Hawar-hawar kadenge sora adan ti munara masjid. Patembalan jeung musik anu ngaguruh di patamanan. Aweuhan sora adan lir minuhan sabudeureun Kalimas. Tapi
Cara sasarina. Kuring ngajanteng di tengah-tengah sasak. Neuteup ka jauhna. Norobos kana sawangan anu baheula kungsi disorang. Dina unggal mangsa, kuring hayang ngaca deui kana eunteung anu baheula. Lumbrah pisan lamun kuring disebut pondok pangharepan. Rumasa eta oge. Tapi
Peuting ka duapuluh tujuh bulan puasa. Taya nu robah di sasak Kalimas teh. Malik ka beulah kaler, nu katingali ukur ngajugrugna gedong Studio East. Ka beulah kidul, katingali gedong Bank BCA anu ngajul langit. Pon kitu deui beulah kulon jeung wetan mah apan aya dua gapura minangka tungtungna sasak. Gapura anu meh unggal peuting dieusian ku sapasang manusa anu keur nganteur pangajak setan.
Kuring oge sok puasa cara ilaharna anu ngagem agama Islam. Hanjakalna kuring
Kalunta-lunta tur kadungsang-dungsang di lembur batur pibasaeunna teh. Jejeg sataun lilana, kuring leumpang nuturkeun indung suku. Inget keneh, basa kuring miang teh, bareng pisan waktuna jeung puasa dina poe ka duapuluh genep. Sabab dina peuting ka tujuh likur, kuring teu bisa nahan rasa anu ngagalura dina dada. Peuting ka tujuh likur bulan puasa dina
Nurutkeun beja ti lanceuknamah, manehna teh ngumbara di
Kungsi dina hiji mangsa, kuring kasamaran ningali manehna. Basa kuring asup ka wewengkon jalan Doli. Kuring pinanggih jeung hiji awewe anu nyeples jeung manehna. Satengah cangcaya ti mimitina oge, sabab eta awewe teh make jeung dietalaseuan pikeun dijual ka lalaki buhaya. Teu pati beda jeung ngajual barang. Saha bae anu kabita jeung wani mayar regana, eta awewe bisa diajakan kumaha bae. Geus puguh anu teu dietalaseuan oge mani kawas anu ngadagangkeun combro bae.
Eta awewe teh dipencrong ku kuring. Disidik-sidik hayang leuwih atra. Teu sirikna ditilik ti luhur sausap rambut, nepi ka handap sausap dampalna. Malah satadina mah kuring hayang nyabak pigeulang leungeunna. Hayang mastikeun upama dina leungeunna euweuh karang ipis sagede kacang hejo. Tapi hanjakal pisan, antara kuring jeung eta awewe teh, kahalangan ku kaca anu jadi pipindingna. Malah alatan kaca eta pisan, manehna oge teu bisa ningalieun ka kuring. Hare-hare bae
Kuring oge teu poho jeung henteu leungiteun akal. Kalayan sababaraha tarekah, kuring bisa tunyu-tanya ngeunaan laratan eta awewe anu dietalaseuan tea. Noni ngaranana teh cenah mah. Geus ampir sataun jadi pangeusi matuh jalan Doli, najan ari lembur asalna mah taya anu apaleun timana jeung urang mana. Nu eces, kuring ngarasa sugema, sabab ngaran anu keur diteangan ku kuring mah, lain Noni.
Kahayang mah kuring teh ngawangkong jeung Noni. Hanjakal pisan regana teu kaudag ku pesak kuring. Sabab moal aya anu percayaeun, upama kuring saukur hayang ngawangkong jeung Noni. Rek naon bae alesanana, kuring kudu mayar Noni sakumaha anu geus ditangtukeun regana. Nya, antukna mah kapaksa kuring teh ukur ngegel curuk,
Ngawangkong jeung lalaki anyar pinanggih teh beuki manjangan. Malah make jeung nyaritakeun Noni anu katelah minangka hiji awewe misterius. Teuing misterius di lebah kumaha. Kuring teu kaburu manggih jawabanana, sabab wangkongan teh kalah dipengkolkeun kana perkara kajadian di
Di jalan Doli keneh, kuring meunang musibat anu hese dipopohokeunana. Teu nyangka sacongo buuk, anu diajak ngawangkong ku kuring teh tetela hiji lalaki anu deleka. Kalayan ngajangjian pikeun nepungkeun Noni, kuring dibawa ka tempat anu nyingkur. Horeng eta teh ukur akal-akalanana. Sabab kanyataanna mah kuring kalah diasongan clurit. Sakabeh banda kuring diraradan, kaasup baju jeung calana anu ngan hiji-hijina. Estuning tinggal make kolor teh lain bobohongan. Atuh kapaksa kuring teh kudu daek make pakean meunang mulung tina tempat sampah. Najan rombeng jeung bau, kuring kudu maksakeun. Batan leuleumpangan
“Punten!” teu kanyahoan datangna. Hiji awewe ngaliwat ka hareupeun kuring. Puguh bae reuwas kareureuhnakeun. Keur mah tara-tara ti sasari aya anu nyebut punten, jaba eta awewe teh geuningan manehna pisan. Enya, najan manehna geus ngaliwat tur ngan katingali tonggongna, tapi kuring apal pisan. Moal nepi ka kasamaran. Manehna anu keur diteangan ku kuring. Manehna, Dewi.
“Dewi!
“Dewi, ieu abdi, Darma!” ceuk kuring, hayang ngayakinkeun manehna. Atuh manehna oge kawas anu ngarenjag semu reuwas. Malah tuluy leumpang ngadeukeutan kuring. Sasak kalimas igeung deui, bareng jeung ketug jajantung kuring anu ngadadak jadi ngagancangan.
“Darma?” manehna tumanya
“Muhun,
“Didinya teh sahana didieu? Sangeunahna pisan hayang nangkeup didieu. Sanajan sarua ti Jawa Barat, tapi lain hartina didinya bisa kikituan jeung didieu,” pokna
“Dewi?!” kuring molohok mata simeuteun. Cangcaya kana omonganana.
“Didieu lain Dewi. Didieu mah nyampeurkeun soteh, pedah ngadenge didinya anu bahasana sarua jeung bahasa didieu,” ceuk manehna
“Dewi, kawasna dosa-dosa abdi kalintang ageungna. Kasalahan abdi dugi ka moekeun hate Dewi. Abdi rumaos, Wi. Abdi kacida hanjakalna tos ngaraheutan hate Dewi. Tos aya kana sataunna, abdi kalunta-lunta milarian Dewi. Abdi jangji, bakal ngarobah sagala kalakuan abdi.
“Keun, isuk atawa pageto, didieu rek ngabantuan neangan anu ngaranana Dewi.” kalah kitu nembalna teh,
“Noni! Cepetan, dong. Ngapain bicara sama orang gila!” eta lalaki ngagorowok rada tarik. Sakedapan manehna ngarandeg
“Ceuk saha salaki aing gelo?!” pokna
“Apa-apaan ini, Non! Kamu juga jadi gila, yah!” kituna teh
“Kang Darma!” Dewi ngagoak nyambat ngaran kuring. Dituturkeun ku seahna hujan angin dor-dar gelap, lir cai anu dicicikeun sakaligus ti langit.
“Dewi!” kuring nyambat ngaranana. Tapi ngan sakilat, awak Dewi disurungkeun ku eta lalaki. Koleang, gejebur. Dewi ragrag ka walungan Kalimas anu caina jadi motah. Saliwatan katingali leungeunna ngagupayan kuring, katojo ku kilat anu patingbaranyay.
“Dewiiiiii!” kuring ngagorowok, bareng jeung sora guludug anu ngaguruh pinuh aweuhan.
Barang kuring rek ngagajleng ka walungan, teu kanyahoan leungeun kuring aya anu ngajewang ti gigireun. Jebrod, peureupna nenggel pisan kana puhu ceuli. Kuring ngoceak
“Kang, tulungan! Wang mudik sa…!” teu kebat sora Dewi teh. Teuing kumaha kaayaanana. Awak kuring dibuntang-banting ku eta lalaki. Sirah diadukeun jeung tembok. Najan satekah polah ngalawan, tapi tanaga manehna leuwih
“Dewiiii!” sora kuring geus kaelehkeun ku sora hujan anu beuki ngecrek. Lalaki anu nandasa kuring geus lumpat, teuing kamana. Tapi sora Dewi oge geus teu kadenge deui. Getih tina sakujur awak kuring, pacampur jeung cihujan. Sawarehna aya nu kabawa palid ka walungan Kalimas. Nyusul raga Dewi anu leungit deui, teuing kamana.
“Nawaitu…” teu kebat nganggeuskeun niat puasa keur poe isukan teh.***
Ranggon Panyileukan, 1422 H













cerpen ini bagus,tapi banyak kata-kata yg kurang saya mengerti artinya.
seperti:ngababatang,dipencrong,nandasa,dsb
Jadi di sebelah mana bagusnya kalau gak mengerti
dipencrong (dilihat dengan tajam)
nandasa (menyiksa, bisa juga membunuh)
DHIPA GALUH PURBA
sae pisan ngan panungtunganana tragis teuing jadi sedih yeuh…..